Ari ceuk kuring mah nya pek bae rek make basa mana bae oge, asal basa
Sunda keneh. Rek basa Sunda Pantura, rek basa Sunda Parahyangan, rek
basa Sunda Banten, atawa basa Sunda Bogor, nya pek bae. Sugan di dieu
aya nu maksa kudu make STANDAR/BAKU basa Sunda Parahyangan, asana da
teu aya. Ku kituna, nya sok bae make basa wewengkon sewang-sewangan.
Anu ti Pameungpeuk make basa Pameungpeuk, nu ti Garut make basa Garut,
nu ti Bayongbong make basa Bayongbong, nu ti Leuwigoong make basa
Leuwigoong, nya teu nanaon. Malah mah alus, urang bakal leuwih nyaho
kana kabeungharan basa Sunda! Tapi, ulah maksa kudu ninggalkeun nu
resep basa lemes. Sok bae maju sapangaresep/wewengkon sewang-sewangan

sikandar

> ---------- Forwarded message ----------
> From: nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Ceuk Kuring Mah Basa Lemes Teh Leungitkeun wae lah
> Assalamualaikum 
>   
> Kasakabeh dulur-dulur kuring US nu utamana mah dulur kuring anu teu sapuk
> ngeunaan usul kuring ninggalkeun basa Sunda lemes. 
> Akang..., Euceu... kuring ngarti pasti pamadegan kuring diluhur loba anu teu
> nyatujuan alesan utamanamah mas'alah sopan santun atawa tata krama.
> Akang...Euceu...lamun pamikiran urang ngacu kana kabiasaan sopan santunna
> urang Priangan nya meureun weh moal bisa, pasti nganggap basa Sunda loma teh
> basa kasar kacida coba ge di Bandung mah tong boro nyebut sia nyebut maneh
> wae oge sok ngaradat tapi ieu beda pikeun urang Pantura, Kuningan atawa
> Banten nyebut maneh (Pantura), nyaneh (Kuningan), dia (Banten; dia sarua
> eujeung sia) henteu jadi pasualan sabab di tilu wewengkon Pasundan ieu sama
> sakali teu ngalarapkeun kaidah undak usuk basa siga urang Priangan, aya oge
> anu lelemesan pedah osok diseungseurikeun kuurang Priangan cenah teu nyakola
> antukna loba weh uran Pantura, Kuningan, eujeung Banten dialajar basa Sunda
> siga urang Priangan padahal kudunamah sabalikna urang Priangan anu kudu
> dialajar deui teh sabab enggeus miceun salah sahiji sipat kasundaan nyaeta
> sipat egaliter tea jeung sacara disadari atawa henteu basana urang Priangan
> teh pagaliwota eujeung basa Jawa kromo inggil lamun ditalungtik deui mah
> meureun sabaraha persenna basa Sunda anu dipake cumarita teh paling-paling
> oge basa Sundana mah ngan wungkul kecap deui, uih, mah, teh, atuh.
> saleuwihnamah meh siga di Karaton Solo jeung Jogja. 
> Ari ceuk pamanggih kuring mah ngeunaan kumaha carana US bisa sopan santun
> jeung tata krama tanpa ngagunakeun undak usuk basa mah gampang wae atuh
> nurutan we siga urang Pantura, Kuningan jeung urang Banten kumaha maranehna
> ngomong kakolotna atawa eukeur narima semah. Lamun perlu talungtik deui
> kabiasaan karuhun urang jaman samemeh Mataram ngawasa Priangan dina mas'alah
> sopan santun jeung tata kramana tea, geuningan karuhun urang ge bisaeun
> meureun ari kudu sopan mah teu kudu ngimpor basa ti urang wetan supaya bisa
> sopan. Atawa conto urang Sumatera, Betawi, Arab, Inggris, Jerman jsbna
> kumaha sopan santun maranehna sok sanajan basana teu wawuheun ka si undak
> usuk basa tea. 
> Emang bener moal mungkin hiji budaya teu kacampuran budaya lainna pasti
> proses asimilasi jeung akulturasi teh bakal lumangsung, ngan anu jadi
> pasualan teh lain mas'alah kacampuran atawa henteuna pasu'alanana nyaeta
> diurang mah budaya baturna diaku salaku budaya sorangan (cacarakan, wayang,
> bendo, pupuh, undak usuk basa) sedengkeun budayana sorangan loba disieuhkeun
> (nyeungseurikeun jalma anu teu ngomong lemes sok padahal bas ana anu teu
> ngomong lemes teh kanyataannamah saeutik lobana leuwih murni tibatan anu
> lemes) ieu anu jadi kahanjeluan kuring teh matak oge basa kamari kuring
> ngusulkeun yen orientasi basa urang ulah ka Priangan mending oge ka Bogor
> ngarah susuganan da Bogor mah urut ngadegna Pajajaran piraku teu
> ngaharib-harib basana ka basa Karuhun urang paling henteu campuran tiluarna
> teu loba teuing siga basana urang Priangan. 
> Keur sakabeh dulur kuring anu hayang cumarita make basa loma gampang wae
> biasakeun wae ngagunakeunnana diunggal waktu, unggal tempat atawa amprok
> jeung saha wae tapi entong maksakeun teuing lamun sakirana papanggih jeung
> jalma anu biasa urang sok lelemesan jeung manehna. Lalaunan kege kabiasaan
> eta teh bakal jadi umum deui siga sawaktu urang Sunda diajar lelemesan ka
> urang wetan meureunan henteu sakaligus lemes tapi lalaunan oge siga urang
> ayeuna hayang ngomong make basa loma. Ari mas'alah eta basa karasa lemes
> atawa kasar teh sabenernamah ngan mas'alah perasaan wungkul euweuh
> patula-patalina eujeung kosakecapna, basa anu kuurang Tasik dianggap kasar
> ku urang Bandung dianggap lemes, ceuk urang Bandung eta basa teh garihal
> tapi ceuk urang Karawang mah ah da biasa wae, cek urang Karawang eta basa
> teh jorang pisan tapi ceuk urang Banten mah wajar kacida, nah didieu ceuk
> kuring oge meureun orientasi urang teh kanu kabiasaan lemes tea jadi loba
> teuing perasaan itu ieu sok padahal hal eta teh dilingkungan sejen mah
> kacida lumrahna. sakali oge tong nganggap cara urang Priangan cara Nyunda
> pang benerna, tong aya anggapan tata krama Priangan teh tata krama sakabeh
> US. Tong aya anggapan yen Priangan pamingpin atawa pusatna US sabab
> pikiran-pikiran model kitu teh bakal nyieuhkeun budaya US anu sejenna anu
> justru (bisa jadi) leuwih kuat nyekelna kana budaya Sunda wawaris ti
> Karuhun.


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke