oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Haturan abah, parantos lami heunteu 
ngobrol sareng abah, boh di milist atanapi japri. Mugi abah heunteu kirang 
ngahapunten abdi anu tambelar. Hatur nuhun pangeling-ngelingna perkawis kasusah 
wargi urang di Bungbulang anu nuju kenging cocobi. 

======================

Nya sami-sami ti sim kuring oge kanggo anjeun. Numawi sim kuring teh nuju sibuk 
ngajalanan "physical therapy". Kumargi parantos di -OK ku Dokter yen "jeroan  
sim kuring" parantos aya kamajengan, jadi olah raga nya laluasa parantos 
kenging olah raga senam, ngincrid leutik ngurilingan rorompok. Upami aya 
kamajengan nya sasasih deui bade olah raga ngojay.

Bisa ngojay soteh pedah baheula keur budak sok bangor. Wangsul sakola to Gang 
Asmi sok ngalakungan Sasakgantung. Eureun heula ngadon ngojay. Masih keneh 
beresih harita mah. Paling-paling oge hiji -dua aya nu ngapung semu koneng, tah 
mun aya nu kitu kudu gesit nyengcat atawa ngalelep.

Cik atuh sim kuring dikintunan nomer telepon Anjeun, supados gampil ngintunkeun 
 dana jang urang Bungbulang. Ayeuna bade ngumpulkeun balad-balad US di NYC. Da 
eta parantos ngintunkeun container 40 footer dieusian baju bekas pakai ka Aceh. 
Tapi maca di PR, geuning kayaan di Aceh teh bet kitu, nya. Boa-boa eta kiriman 
masyarakat Indonesia di NYC ngagarantung dipasar loak. di Medan.

Wassalam,

Abah Joe

( Ka nu nembe jadi warga Kisunda, sim kuring teh nuju ngumbara di Amrik. 
Ngabasakeun maneh "Abah" teh pedah geus kolot, pun anak nu pangkolotna  umurna 
40 taun, pun incu nu pangkolotna umur 14 taun. Sigana mah pangkolotna sim 
kuring di Kisunda jeung di urangsunda mah. Tapi sumanget mah gede keneh, eta 
meureun pedah resep pisan neda tumis leunca dicampur oncom, baheula keur ngora.)


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke