haturan kang dien. mudah-mudahan we jaga tiasa patepang. perkawis kanjut kundang, kasawangna mah kieu eta teh: sugan jeung sugan baris jadi pustaka digital online, anu tiasa dimangpaatkeun ku balarea; pedah sok nguping wartos, saurna bahan bacaan kasundaan teh rada sesah milarina; boh kanggo bahan bahasan kitu deui bahan atikan; nu kasawang ku kuring, teknologi kiwari tiasa dijadikeun media pikeun ngungkulan eta masalah; namung tangtos kedah aya usaha urang sarerea.
salah sawios rencana pikeun ngeuyeuban bahan bacaan nya kujalan narjamahkeun bahan bacaan ka basa sunda. anu nuju dipajeng diantarana: 1. transkripsi buku "roesdi & misnem", ampir rengse ditranskripsi sasarengan sareng wargi kusnet & kisunda. 2. transkripsi tarjamah al-quran ka basa sunda. maksadna narjamahkeun tarjamahan al-quran nu dipidanel ku depag ka basa sunda. hanca transkripsi teh, saleresna mah ngandung sababaraha udagan, diantawisna: ngiring neguyeuban bahan bacaan, oge "ngasah" kamaheran basa sunda urang sarerea. kanggo tim transkripsi tarjamah diantawisna aya sababaraha urang anu sayogi: kang oman, kang kumincir, kang asep, kang sulkan, kang budhi, sareng sim kuring. manawi kang dien oge nu sanesna kersa ulubiung, mangga atuh urang sasarengan ngagarap ieu rencana. bahan mah tos sayogi. manawi minggu payun, tiasa didistribusikeun. ayeuna nuju disiapkeun heula homepagena. salam, mh --- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sateuacan mungkur, seja nyanggakeun salam sono ka > kang Oman, mugi ulah kirang-kirang ngahapunten kana > sagala rupining kalepatan. Patarosan salira > kaleresan parantos diwaler ku kang Hasan, leres kitu > nu disebat buta tulang-buta daging teh, nanging aya > oge pakaitna sareng nu disebat buta di dieu, nyaeta > gembul, geura mangga perhatoskeun upami kaleresan > barudak ngora murak bakakak, kapan sanes mung ukur > dagingna tapi ludes sareng tulang-tulangna ! Atuh > babasaanana, kaseuseueuranana mah omeaneun urang. > Salam ti katebihan haturan kang Hasan, iraha nya > tiasa tepang ? Kabita ku kanjut-kundang kagungan ! > Haturan panganten weuteuh, wilujeng > ayun-ayunan-diayun-ayun ku si(le)njang, kacipta > ajrag-ajraganana (nu) kumincir pangantenan > (heuheuheu). Kanggo Neng Neny, naha bade teras betah > wae di dinya ? Iraha atuh ka Bandung deui ? Ketang, > di mana-mana oge sanes wagelan, da nu penting mah > hablum minannas sareng hablum minallah kalaksanakeun > sakumaha kedahna. Ka para wargi sadaya wilujeng > tatan-tatan geusan qurban, teu kedah di ka Acehkeun > bilih mubadzir jalaran buruk di jalan, nya langkung > sae mah di ka Bekasi-keun wae da caket (heuheuheu). ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
