Tuh nya, nyalahan kuring teh... Ari manawi Kang Oman teh moderator
(teknis) di ieu milis, horeng sanes...
Memang repot atuh pami milis bebas teu aya "kiperan" mah, gampang
pisan kabobolan. Komo deuih pami nu ngadegkeunana (owner) teu aktip
ngawaskeun mah.
Nya saupamina dipercanten, saayeunaeun, mangga kuring sayagi sacara
teknis jadi kuncen. Atuh pami aya nu sanes nu memang icikibung dina
widang internet/IT/komputer nu kersa, kalintang payusna pami pancen
kuncen dicepeng ku nu maher (kompeten). Der ah...
On Thu, 13 Jan 2005 20:40:33 -0800 (PST), oman abdurrahman
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bieu sakedapan jeung tepi ka ieu posting ditulis, si kuring keur sms-an jeung
> anu bogana "kisunda". Naon anu kajadian di kisunda ku kuring dilaporkeun ka
> anjeunna. Anjeunna naroskeun jeung nawarkeun naha si kuring saged jadi
> moderator. Kuring ngawalonan dina sms, keur ngamoderatoran teknis mah rumasa
> teu boga pangaweruh anu cukup, anapon keur salaku moderator jejer mah, atawa
> pasna "tukang ngalokan", nya sayogi bae. Mangga ka kadang wargi anu sayogi
> janten moderator teknis jeung subtansi posting sakaligus, diantos
> kasayagianana (Kang Eko atanapi Kang Kandar, dihaturanan). Wayahna, kerja
> bakti bae heula. Upami sayogi, engke si kuring tiasa laporan ka ka sohibul
> bet-na.
--
sikandar
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/