--- In [email protected], "Oman Abdurahman" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Tah patarosan ngeunaan pancakaki Semar anu nyamar ieu sigana bisa 
leuwih jelas upama diterangkeun ku falsafah. Mangga atuh Kang 
Hendris geura guar...

Ngeunaan Sanghiyang Tunggal, dina ajaran mana bae oge asana moal 
kacaturkeun boga anak. Apan lain "lam yalid walam yuulad" tea? 
Meureun kacep anak/putra di dinya mah kiasan bae. Sigana upama 
diguar ku katerangan Mulla Shadra ngeunaan "gradasi wujud" 
atawa "elmu Al-Huduri" ti ahli filsafat/irfan sanesna baris leuwih 
kaharti. 

Salaku babandingan, dina cariosan Lutung Kasarung, apan aya Sunan 
Ambu jeung Guru Minda anu jug-jug jleg bae aya/ ngawujud "teu puguh" 
pancakakina, memang da teu bisa dibandingkeun jeung makluk pada 
umumna aranjeunna mah. Sigana kitu, duka teuing benerna mah, ieu mah 
saukur milu aub bae. 

Ngeunaan Astrajingga (Cepot), Dewala, jeung Gareng, heunteu pati 
beda ti ramana, Semar tea. Nya meureun pikeun hal ieu pedaran 
ngeunaan "ngahiyang", "tilem", jeung "netes, nutus, nitis" bisa 
leuwih nagjelaskeun "asal-usul" ieu anu boga lalakon dina 
pawayangan. Mangga ka kadang wargi anu tos dugi kana elmuna diantos 
pedaranana.

Ngeunaan kunaon Semar heunteu hirup bae di Kahiyangan? Aeh, atuh 
moal aya lalakon kahirupan sakumaha digambarkeun di wayang. Salaku 
babandingan, geuningan Kangjeng Nabi Muhammad saw anu parantos dugi 
ka surga (dina cariosan Isro-Mi'raj anjeunna) oge milih balik deui 
alam pawenangan, alam perjuangan. Sajatina pamimpin, guru, heunteu 
hayang salamet sosoranganan, balikta boga tanggungjawab ka ummatna. 
Merhatikeun pisan ka ummatna, miharep ummatna oge salamet. 

Kukituna, sanajan bisa (jeung ditawaran ku anu Maha Kawasa) mibanda 
gunung emas atawa ngabinasakeun ummatna anu ngamusuhan jeung 
merangan anjeunna, Kangjeng Nabi saw milih jalan kasabaran. Da kitu 
anu kudu jadi tuladan. Da kitu ilaharna anu bisa dilaksanakeun ku 
manusa biasa: bajoang jeung sabar. Pon kitu deui Semar. Sanajan 
sakti mandraguna, tapi heunteu sagawayah migunakeun kasaktianana,  
samangsa-mangsa perlu bae karek atawa upama kadesek, atawa lamun 
geus waktuna, pikeun mere pangajaran, karek mentas kasakten.  

Ngeunaan Nabi saw.....atawa manusa-manusa anu parantos dugi kana 
tingkatan jiwa anu pangluhurna, tapi baralik deui ka alam pawenangan 
ieu tiasa oge diguar ku falsafah. Upamana, Mulla Shadra dina "al-
Asfar Al-Arba'ah" nerangkeun 4 hambalan/darajat lalampahan jiwa. 
Lengkah anu tos tepang sareng anu nyiptakeun tuluy baralik deui ka 
pawenangan (makhluk) bari disarengan ku Kholik teh eta kaasup 
darajat anu kaopta, atawa darajat anu pangluhurna.

Cag heula, bilih sueueur lepatna.

Baktos,
manAR 



--- In [email protected], "neng ades" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> 
> Pan kieu...
> 
> Abdi teh sok ngadangukeun cariosan wayang golek. Aya sababaraha 
hal 
> nu rada teu ngartos ieu teh...maklum pemula...
> 
> Ngenaan semar...
> Upami teu lepat nangkep silsilahna, semar teh saleresna Sanghiang 
> Ismaya nu nyamar...terus semar teh cenahmah putrana Sanghyang 
> tunggal..terus semar teh boga dulur anu ngarana Togog, Batara Guru 
> sareng mun teu lepat deui sareng Sanghyang Rancasan(??)...Terus 
pan 
> Semar teh gaduh putra, trio Cepot, Dawala, Gareng..
> 
> Anu bade ditaroskeun:
> 1. Kumaha pancakaki keluarga Semar teh ti mulei ramana, Hyang 
> tunggal, dst, dst, dsb, dll..
> 2. Semar teh anak nu ka sabaraha, kumaha susunan semar bersaudara 
> teh..
> 3. Putra2 Semar teh pan ciptaan semar, sanes 'didamel' sareng 
> garwana...tah kumaha sasakala lahirna cepot, dawala gareng teh????
> 4. Naon sih alesanna semar bet nyamar ka alam marcapada, naha teu 
> cicing wae di alm Kahyangan..
> 
> Kasaha saha wargi nu terang kana undak usuk wayang golek jeung 
> sajabana, diantos waleranna..
> 
> Wasalam
--- End forwarded message ---






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke