Punten mang
Upami henteu lepat mah ciungwanara teh tina kecap Manarah...jadi ayana leuweung ciungwanara di Ciamis teh daerah leuweung anu dipake nyumput ki Bimaraksa atanapi Senapati Balangantrang..kira kira abad 7-8 masehi pasa mangsa peperangan di Galuh antara turunan Wretikandayun (tina koleksi Mangle tahun 1985-Senapati Balangantrang- MO Koesman duka ayeuna aya keneh ?) tatar sunda teh boga keris anu dipikasiuen ku Masyarakat Jawa diantarana Keris Pusaka Setan Kober anu dipake Arya Penangsang ngalawan Sultan Hadiwijaya ..sesudah surfing dina internet,...eta keris dijeun ku pandita sunda ngan salah kecap anu maksadna pujian jadi kutukan trus diamankan eta keris ..ngan henteu pati jelas naha bisa jatuh ka Arya Penangsang ..sigana eta keris diteundeun ku sunan Gunung Jati ti cirebon ..bisa jadi ti panto cirebon tea keris pusaka bisa jalan ka Demak dina buku sejarah kris dikenal aya model Pajajaran sekitar abad 10-13 M sakitu --- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected], "Oman Abdurahman" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya Sunda. > Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda: > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231 > > Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen > cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti raja ka > rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama ayeuna > mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu dilelerkeun > ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang > ekonomi/industri jeung lingkungan. > > Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina teh > pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na teh > Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra > awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron nyarieun > keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae nyieun > keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda budaya > (nyieun) keris ilang. > > Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang seler > karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti dijieun > Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh rada > salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman > Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh > geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M. > > Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga > dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di > lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu > kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong, > Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina luhureun > gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu. > > Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun > kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka sababaraha > waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah > Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu > katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris > (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris). > > Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu > disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur > (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung kaproporsialanana > antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi > wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi > Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida > proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna atawa > hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu > proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa dina > huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh. > > Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun tina > korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur keur > nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi, > nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung kaproporsionalanana > eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris salah > sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di Tatar > Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi anu > aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi Sunda, > mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea, > sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta > wewengkon anu relatif masih asri. > > Baktos, > manAR > --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
