-Sampurasuuuun...,

Kang Oman.., nuhun ari parantos sae deui mah, malihanmah abdi ge 
kantun mamayuna ieu teh, mung bentena teh ari kang kang Oman mah tos 
tiasa ngarabaan keyboard ari abdi mah guprakteh kana Kacapi Indung 
Kang he..he..(banyol ah).

Hatur nuhun pisan kang...tina waleranana, sanajan nuju teu raraos 
oge tos maksakaeun ngawaler kana kapanasaran si kuring, keun abdi 
bade nyuhunkeun widina bade kange di Up-Load.

Hatur nuhun sakali deui.., juragan.


Baktos 


Asep Oeking



-- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Kang Oeking (punten dicalukan ku sandi namina bae),
>  
> Hampura, puguh ge geus 2 poe ieu sirah rada balideg, awak asa 
pasiksak, siga anu arek keuna flu. Tapi, Alhamdulillah, ayeuna geus 
rada tangginas deui, bisa ngarampaan keyboard.
>  
> > Sareng rengrengan anu ti Ciparay, kamari kungsi tepung saliwatan 
di pendopo kotamadya Jl. Dalem Kaum, dina raraga pabaruan 
(peluncuran kalender Sunda). Hampura, laporan ngeunaan pabaruan teu 
acan tiasa kapintonkeun dina milist, ke manawi minggon payun, sugan 
pareng. Anu jelas, ceuk kalender Caka Sunda, poe ieu ayeuna teh nya 
poe Respati (Kemis), tanggal 3 paro caang (suklapaksa), bulan 
Kartika, Taun 1941 (sistem  Candra Kala) tea.
>  
> Salah sahiji syarat anu disebut wangsit teh nyaeta ....sumberna 
tara ditulis tea (bingung pan?). Sabab, upama ditulis mah engkena 
jadi moal katurut salaku wangsit. Nya ari sumber anu nyutat mimiti 
atawa anu mimiti nyalabarkeun mah bisa bae dicatet atawa 
kasebutkeun. Upamana, Wangsit "Anu Pundung Balik ka Cikapundung" eta 
teh satemenna ciptaan inohong Sunda beh dieu, malah jalmina oge aya 
dikieuna pisan. Eta wangsit kapungkurna aya dina lebet seratan 
anjeunna dina hiji karya sastra. Ku anjeunna dina eta karya sastra 
teu disebatkeun ciptaan anjeunna, tapi dileleran salaku nami eta 
wangsit.
>  
> Pon kitu deui, anu mashur salaku "Uga Wangsit Siliwangi", heunteu 
pati jelas sumber mimitina. Dina naskah anu ku kuring diserat ulang 
tuluy kungsi diposting di milist ngeunaan eta wangsit, ukur 
diseratkeun kieu minangka titimangsana: "Senen pon 10 Februari 1986, 
30 J. Awal 1405, diturun tina turunan" (tangtuna oge ieu titimangsa 
teh teu make kalender Sunda karya Abah Ali tea). 
>  
> Si kuring sorangan mimiti nyutat eta wangsit tina peperenian 
bogana sepuh tea di Panaruban. Anu sejen tangtu boga sumber sejen 
dina nurunkeun eta wangsit teh.  Sok sanajan kitu, eusi ning anu 
disebut Uga Wangsit Siliwangi teh kabeh akur, teu aya anu beda. Dina 
bedana teh paling-paling dina bubukana. Kanggo Uga Wangsit Siliwangi 
anu lengkep jeung bubukana mangrupa pantun, mangga buka bae: 
http://wikisource.org/wiki/Uga_Wangsit_Siliwangi. 
>  
> Rupina sakitu heula. Cag.
>  
> Baktosna,
> manAR
>  
>  
> .                                               
>  
> 
> 
> > 
> 
> 
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke