Terasna panganteur Qurban  Kuring di Alam Kami
Tuturkeuneun Kaula 

Assalamualaikum ka sadayana kawargian�.haturan.

Ieu kutrat kotret terasna tinu nu diserat tina bagian
sateuacanna sasat bijil tina nuturkeun tatapakan
Sayidina Muhammad nu saur Karen Amstrong (teh short
story of Islam) tea mah mun �faced with a crisis or
dilemma� mantenna mah �entered deeply into
himself��.sanajan mung sakamampuhna pribados�.matak
dina ieu kutrat kotret mugi neda hapunten  teu nganggo
basa nu lumbrah margi pependakan di alam pribadi.
Urang dugikeun sabagianna heula�

IV

Ini rek ngawincik qurban ku ngurbankeun awak jeung
tangtung sorangan nu lain tiap tahun tapi tiap bisa�
hayang nedunan carita karuhun cenah asal ti sunda kudu
ka sunda deui�.kabukana ku percekana Rasulullah�da ka
haji na tedak sunda mah lain sakali saumur hirup tapi
tiap usik sabab jadi bali geusan ngajadina� 

Ini caritaan di alam aing basakeuneun kami� nu masih
keneh rumasa ngaula jadi abdi ngadagangkeun gusti bari
mikuring sabab masih boga kurung nya ngajirim
diwarnaan jisim. Naha kumaha bisana kitu ? urang jujut
ti pagawean Haji na heula.

Pek tingali nu ka haji di Arab ge mimitina kabeh
marake pakean ihrom �sarua teu dibeda bedakeun ku
kurung kurungna kumaha bae asal rek ibadah haji
meunang asup jeung sarua nu dileungitkeun teh nyaeta
kakuringan tiap tiap nuboga kurung�..sabab piraku
kuring dipake cacarita ka Allah ngadeukeutan anu suci
.. era teuing era temen�kuring mah dipake keur ka
sasama� sasama nuboga kurung tempat pakurang kurang
pakuring kuring sili bere sili reheng da euwueh kurung
keur duaan. .. rek ka imah Allah mah kuring teh kudu
leungit�. Sanajan kurung na aya keneh�Paehan�[lamun
teu bisa ayeuna�.bisi engke kuring aya keneh wae waktu
kurung geus buruk geus rusak �.kuringna ngajungjurigan
ngaririwaan] �

V
Leungit kuring  di tangtung kaabdian ngagedean�.
rumasa jadi abdi nyembah menta tulung ka Gusti-Rabb nu
miara nu boga�. setan tangtung dipaehan ku jumrah
terus sa�i tujuh kali bolak balik ditemennan di
tetepan sing kapanggih ci nyusuna�.

Digedean kaabdian ameh panggih jeung gustina�.
digedean ka abdian sabab ameh raket jeung ka gustian.
Pek tingali siga ka sasama lamun hayang raket hayang
nampa hayang menta ngabasakeun wae abdi� siga nu
rerendahan padahal loba meunangna� batur nu jadi
saluhureun/gustina tangtu nyaraaheun loba mere loba
nitah�paling henteuna mere semu piraku ari   ngaku
abdi mah meureun itu kapaksa jadi gustina�kagustianana
ti ditu dibikeun kayaning panghurmat boh ku basa boh
ku semu bohku nitah� batur nuucul ka gustianana� aing
nu untungna. Pek pecak..� sumuhun dawuh gusti bae da
ari gusti mah miara ka abdi�.. sabab lamun jalma jalma
nu kaseundeuhan kagustian teu nyaah ka abdi moal aya
nu datang ngadeukeutan ngabasakeun abdi�.wah cumah euy
didatangan ge tara barang bere� Matak  terus
ngadagangkeun abdi ameh meunang kagustian  - tong sok 
ngadagangkeun aing sabab dianggapna jalma andar andar�
tong sok ngadagangkeun kami sabab can tangtu butuheun
pribadi aing � Da boa resep keneh ka pribadina
sorangan�ngan basakeun pribados lamun aya nu nanya
soal kapribadian �Lamun aing ngadagangkeun ka gustian
tempat nu menta nu nanya riweuh lamun teu bisa merena�
NGAN Kieu patokanana lamun gede kaabdian kagustian
beuki gede tapi lamun leutik ka abdian kagustian oge
leutik..dijauhan kaabdian kagustian oge jauh�
LAMUN�.asa jadi gusti tah setan fir�aun jadi baladna�.
asa jadi abdi tah Isra-El (Abdi Allah) jadi eunteungna
meunang bebendon Musa jeung Daud� Matak ge yeuh para
kami �.tong asa asa� asa mah jauh ka enya.

VI
Lamun kurung enggeus leungit, kakuringan enggeus
sirna, kaabdiana raket jeung gustina� mangka dalit
jeung nu leutik, mangka wawuh jeung nu lembut, mangka
galo jeung nu nyaho�..tidinya bray balik ka imah
(bait) sorangan balik ka jati sorangan ka imah wiwitan
asal sunda jadi sunda � lamun abdi geus raket jeung
gusti tidinya asup ka ALAM SUNDA (cahaya) hambalan
cahaya sunda�  balik ka jatina memeh ka lunda ka
landi� tidinya breh kapanggih baitullahna
tangtung�.pan Sayidina Muhammad nu tiasa nganepikeun
beja ti Allah (Nabi) ge kantos ngadawuh saurna�qalbu
mu�minin baitullah� Pek tingali Sayidina Muhammad anu
mulya tur nyaahana ge nyareatana di mekah keur umatna
nu rek nyaba ka tempat suci thawafna teh make baju
bodas ngurilingan kabah nu warna hideung� pek tingali
lamun dina TV lir cahya bodas ngurilingan cahya
hideung ditengah tah eta tangtungan lamun geus Nyunda
(jadi caang cahaya sunda eusi)�.Ari dina tangtung�di
jero jerona tangtung aya cahya hideung dikurilingan ku
cahya bodas nu muter� thawafna tangtung  teh sok
didarinya�can pernah jarah ka tangtung
sorangan???...teu apal nu mulya Kean Santang Gagak
Lumayung ge upruk aprak hoyong apal di getih sorangan
di tangtung sorangan matak kongas�jadi contoeun tedak
sunda..nepikeun ka bisa pendak jeung Rasulullah�ku
ngalaman eleh ku Bagenda Ali�kumaha tepung taunna�??? 


�ini kabeh aya dimaneh�.lamun maneh geus teu maneh
maneh acan�urang sunda na mah haji ka arab ngan bisa
tiap taun ari nu cicing dimekah mah lamun daek meureun
tiap usik�. Ka baitullah di mekah mah nya kudu boga
duit nya ngan tiap umrah/haji� kabaitullah di tangtung
mah bisa tiap usik bisa tiap hayang da geus aya di
bali geusan ngajadina�  tah eta nu jadi
cecekelanana�..hideung nu jadi hate baitullahna  bodas
nu mujina nu merena nu ngaramekeunana eta
hideung�paingan cenah Bima pakeanana make samping nu
warnana hideung bodas�Hanoman hideung bodas�di Bali
rea warna hideung bodas urang kanekes oge keukeuh
pengkuh kana ajaran nu makena baju hideung
bodas�.semar  bodas hideung�wayang wisnu awakna
hideung beungeutna bodas..nu thawaf ge bodas ari nu
dikurilingan  na ka�bah jeung diciumanna batu hideung
nu di sorga mah cenah baheulana bodas..�di dunya sunda
�malah malah�Guruminda ge� Sang patanjala didunyana
jadi lutung nu�hideung�.emh ku  teuteuinganan siloka
teh�ari Aing aya dimana ?? 

Matak� ini sasat asal nuturkeun caritaan karuhun sunda
cenah ge �tah  sareatna Sayidina Muhammad tedak qurays
matak dipake diturut di sunda lain urang sunda teu
boga jeung teu bisa ngan jalanna eta sang Rahmatan lil
alamin teh leuwih sampurna� pangparatan hakekat�jadi 
pangparatan kanyataan nu aya di maneh� nu bisa
kapanggih ku maneh �.jadi nu maneh �bawa maneh jeung
mawa maneh�TAPI eta kabeh lamun maneh geus teu maneh
maneh acan�. ..ini caritaan husus keur tedak sunda nu
galuh rasana geus ngagalunggung bari mampuh ngajajar
di Pajajaranna�. arang kaharti ku jalma ngan
kakurungan kurung..terus ngaku wae jadi kuring jadi
abdi boga gusti batur ceuk kitab ceuk cenah
mungkul�komo ku nu geus keuna panyakit ati�emh.. boa
boa aing madepna dimana??.

VII
Sanggeus balik ka jati mulang ka asal asal tedak sunda
balik ka sunda deui apal cara manasik ka imah na
tangtung balik deui ka dunya  da kurung weuteuh
keneh.. Tah tidieu jadina qurban sato tangtung teh�lir
Hyang sywa rek amengan ka dunya.  �.guruminda angkat
ti kaHyangan.

(bagian saterasna urang kintunkeun kapayun upami
pareng)





                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke