Si andiw (si kendi tea, adi bungsu) geus mulang ti Meulaboh. Beuki hideng. Ari gorengna mah geus ti baheula. Nu riweuh daria dicaritakeun ku manehna teh, ngan naek Chinook we hayeuh. Di kulawarga, si eta memang nu can ngajaran naek kapal. Sabot jadi relawan ka Aceh, nepi ka ngalaman naek Chinook sagala. Eta, helikopter panjang nu kolecerna dua, di tukang jeung dihareup. Nu ditumpakan ku manehna, ti Meulaboh ka Polonia Medan nu tangtara Singapura. Kumaha wae maneh di Meulaboh? Nya siga batur we, nganteur-nganteurkeun bantuan barang. Loba keneh mayit di Meulaboh? Loba, di jalan-jalan ge aya keneh. Ampir tiap sababaraha meter. Manggih. Maneh lain mantuan ngangkut eta mayit? Teu meunang ku tangtara. Kudu relawan khusus cenah. Lain maneh teh pan mawa alat penjernih cai tea? Nu di bawa ti itb memang eta. Tapi di Batam, utamana Medco nitip bantuan, oge di Medan. Jadi ngabagikeun bantuan eta oge. Alat penjernih cai tadina rek nyokot caina di walungan, tapi teu jadi da bisi tercemarna parah. Antukna ngabor heula. Nyieun sumur. Jero oge. Boga mesin bor? Dikirim ku Medco. Medco jeung alumni itb nu mantuan pisan. Medco beak duit ampir 1 Milyar jang mantuan tim itb, tiket, alat jeung pakakas sagala rupa, kaasup sababaraha hiji ragaji mesin paranti motong kai gede. Naha aya nu kitu sagala? Nya eta atuh, kurang data jeung koordinasi informasi. Medco jeung alumni rek mantuan. Tapi naon nu diperlukeun euweuh nu nyaho atawa ngaroris. Jadi nya dikira-kira we. Chinook we pokona mah. Bedul teh. Ari sare dimana? Mimiti mah di pendopo kabupaten Meulaboh. Terus di posko itb. Deukeut posko Jabar. Dahar kumaha? Medco ngirim koki tiluan! Haha.. Maneh rek piknik atawa rek mantuan bencana? Nya ari mantuan teh kudu aya tanaga. Beuteung kudu seubeuh heula. Bener oge. Naon deui gawe? Nya kumaha meneranana. Kungsi jadi penerjemah dokter Jerman nu bingung nerangkeun pasualan ka pasen. Ku andi di terjemahkeun ka basa indonesia. Jadi beres. Ari posko teh siga kumana sih? Nya tenda peleton. Meunang meuli ti Jatayu, sapuluh juta kumplit. Timana duitna? Ti itb, ti alumni. Pangalaman nu pang-ahengna naon? Naek Chinook! Edun! Bedul teh. Lain mawa hiji ka bandung! Maneh sedih teu di ditu? Mun ngagugulung kasedih mah moal bisa gawe mantuan atuh. Ari ujian kumaha bejana? Nya aya dosen nu langsung mere E, teu basa basi. Aya nu mere diundur, aya nu teu kudu ujian asal balik mawa gambar2 pasca tsunami, jang bahan kuliah. SPP maneh geus dibayar. Biasa, tina royalti novel. Hatur nuhun. Uing rada rido ayeuna mah pangmayarkeun SPP maneh. Sabab maneh aya gunana jang batur. Hehehe� Eh, maneh teu nanaon? Maksudna? Nya teu trauma atawa kumaha? Henteu. Tingali we� Eta haha hehe na rada loba? Apan tas naek Chinook! Keukeuh Chinook! Geuleuh pisan! Eh, uing rek nanya seurieus. Maneh ka aceh teh enyaan bakat ku nyaah ka dulur urang Aceh atawa ngabebenjokeun hate pedah diputuskeun kabogoh maneh nu anak TL? (teknik lingkungan-red) Haha�nya motivasina mah kaci lah naon bae. Hahah�nu penting naek Chinook! Bedul! Chinook deui chinook deui! Geus ah, rek ka Emih, sono euy. Heueuh atuh. Jung, tong poho balik ka bandung mawa rambutan. Cenah geus arasak, kamari aya SMS ti lanceuk maneh, di kedemong. Rambutan? Tuh pan lieur, tas ti Aceh, di lembur Rambutan Aceh arasak. Hehehe� Uing unggal poe naek angkot liwat jalan Aceh. Duit boga keneh? Aya Tanda manehna geus nepi ka Gunungcupu, ngirim SMS: Eh, ari AJ teh masih keneh PD3 atawa geus jadi PR3? Rambutan kade poho siah! -------------- si andi teh adi bungsu. Umurna satengah umur si kuring. Inget keneh pisan basa manehna sajam karek borojol. Baketut, semu monyong. Haha. Teu nyangka rek lampar kitu. mj http://geocities.com/mangjamal PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
