Wa'alaikum salam wr. wb., Haturan Kang Ade, Wilujeng sumping di milist kisunda. Bingah kalintang, aya ti rengrengan pangagung pamarentahan ilubiung dina milist. Kasumpingan salira di milist, nambihan pangdedel pikeun ngarugrugkeun mitos yen, ceuk cenah, para pajabat pamarentahan mah arang langka icikibung dina milist. Haturan sakali deui, wilujeng sumping. Sumangga atuh lajengkeun Kang, salam pangwanohna ku pancakaki sakedik ngeunaan biografi salira oge ringkesan program bplhd Jabar, manawi heunteu kaabotan. Sanes nanaon Kang, oge bawiraos heunteu kalebet "goong nabeuh maneh" upama ngadadarkeun anu sarupi kitu teh. Balikta, kalintang peryogina dina mangsa alam kamajuan sarupi kiwari mah. Saur Kang Chaedar Al-Wasilah mah, alih-alih "goong nabeuh maneh" (dina hartos anu umum anu peryogi diinterpretasikeun deui), malahan tiasa janten sarupi unjuk kompetensi diri oge instansi. Tangtos seueur pulukaneunana, saheunteuna, ti anu kasebatna nuju nyangking amanah pamarentahan, upami salira kersa ngadadarkeunana.. Mugi heunteu kaabotan, si kuring seja ngawanohkeun diri (deui). Wasta mah pun Oman Abdurahman tea, kawit ti Kawali, Ciamis (Galuh). Ari kasang tukang atikan mah sacara akademis cenah ti kampus cap gajah, jurusan teknik geologi (S1) kalawan aya kasempetan neruskeun di widang pertambangan, bil khusus, jurusan hidrogeologi (airtanah) oge di itb (S2). Ari pacabakan anu matuh nya pancen di Direktorat Tata Lingkungan Kawasan Pertambangan tea, jl Diponegoro no 57, Bandung 40133. Hiji instansi pamarentah pusat anu sacara historis ti mimiti jaman walanda kantorna aya di Bandung (geologi indonesia mah sasatna lahir jeung sawawa di Bandung). Tugas sareng fungsi kantor mah haturan bae tiasa diimeutan dina website kantor anu nuju dina hambalan proses pangwangunan: http://www.dgtl.esdm.go.id. Nya diantarana (dugi ka danget ieu), kantor teh minangka anu meng-"direct" urusan-urusan pamarentahan dina ngokolakeun : cai taneuh, tata ruang, tata kawasan pertambangan, jeung geologi teknik kalawan elmu jeung teknik geologi minangka pamianganana. Anapon di milist, kasebutna mah ki kuncen, cenah, bari jeung teu kungsi narima SK-na salambar oge (hehehe, punten ngagonjak bae eta mah; barina oge, kamari, parantos dipaparinan deui hak salaku moderator, hatur nuhun ka Kang CA nu gaduh web kisunda, kana kapercatenana). Tapi heunteu nanaon, pedah pangnoroweco jeung cerewet bae sigana. Anu bodo alewoh tea, sagala hayang dicaritakeun di milist. Atawa, pedah aya kasempetan bae, kabeneran si kuring keur pancen dina widang internet, salaku kasubag dokumentasi & informasi di kantor, mana kitu oge. Ka payun mah, upama tos teu pancen deui dina widang informasi, duka tiasa duka heunteu ilubiung saterusna di milist. Jalaran tos pada tarerang ieuh, akses internet pikeun bangsa urang mah masih kaetang mahal. Upami teu lepat, urang kantos tepang, nalika aya riungan madungdengkeun program pamarentah Jabar ngeunaan target wewengkon leuweung Jabar 45% tina legana jabar sagemblengna. Hatur nuhun ka Kang Yus Ruslan anu parantos kersa ngondang sim kuring kana eta acara. Kumaha tah Kang, terasna eta program anu nuju ditataran sareng KL45 teh? Sumangga diantos dadaranana. Ieu "pamirsa" salaam dunya tos teu sabar hoyong terang program lingkungan kanggo ngalanggengkeun leuweung urang, kabuyutan anu kacida diamanahkeunana ku luluhur urang sadaya. Mangga Kang, di ieu milist seueur wargi-urang tatar Sunda (TS) salaam dunya dina hartos anu saleresna. Sanaos teu acan tiasa pajonghok, tinangtu urang tiasa silih pulungan (nyoko kana kasiliwangian tea). Utamana ngeunaan ngokolakeun lingkungan, saderek-saderek urang anu nuju di pangumbaraan (aya anu di asia, eropa, amerika, jrrd) tangtos tiasa maparinan lebetan (input). Pon kitu keneh anu di nusantara, sakuliah indonesia, seueur pangemut-pangemut anu sararae, maklum ti anu nuju nyarumput di nu caang tea, saheunteuna. Ku lebetna akang kalawan aktif di ieu milist, si kuring gaduh ilapat, moal boa ieu milist kisunda baris ngagaduhan warna khas anu munggaran nyaeta salaku "bench mark" atawa tetengger dina naon rupa kawijakan sareng strategi prak-prakan ngokolakeun lingkungan. Utamana, jadi hiji panaratas dina mateakeun (memberdayakan) internet pikeun ngawangun lingkungan. Sanes kitu, para wargi....? Cag heula Kang, urang teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, paragi nyokot ninggalkeun....Da bongan urang.....da urang heunteu bisa milih.. dilahirkeun jeung boga kacintaan teh nya ka Tatar Sunda jeung pangeusina, Urang Sunda tea. Kitu falsafahna kisunda, lain silih poyok jeung silih ragragkeun, balikta kudu daek pada neundeun jeung nyokot anu aralus dina/tina liliwatan. Hapunten Kang oge ka para wargi sadaya, boh bilih panjang teuing atawa surup kana babasan "mapatahan ngojay ka meri" ieu ucap pang bagea teh. Teu aya sanes, ku kasonoan tea. tansah, manAR (oman abdurahman)
kepala bplhd <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahatur ka Wargi Wargi Kisunda Assalamualaikum Wr. Wb. Bade nepangkeun pribados ayeuna nuju dipercanten ku Pupuhu Propinsi Jawa Barat janten Pimpinan Badan Pengendalian Lingkungan Hidup Daerah (BPLHD). Kalintang peryogina patepung lawung paampok jonghok pikeun nyawalakeun rupa rupa pasoalan di Jawa Barat utamina lingkungan. Manawi ditampi pribados hoyong pisan diangken ku wargi wargi sadayana. Hatur nuhun sateuacana. Waalaikumsalam Wr. Wb. Ade Suhanda (AS) ----- Original Message ----- From: "kisunda Moderator" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, January 27, 2005 2:48 PM Subject: Welcome to kisunda > > > selamat bergabung di mailing list Ki Sunda > > untuk mengirimkan pesan kepada seluruh anggota mailing list Ki Sunda, > kirimkan email anda ke: [email protected] > > untuk membatalkan keanggotaan anda dari mailing list Ki Sunda, kirimkan > email kosong ke: [EMAIL PROTECTED] > > peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan > dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terimakasih... > > > [jagoan], moderator... > icq#: 15405210 > > Complete your Yahoo! Groups account: > ---------------------------------------------------------------------- > Your email address has been added to the email list of a Yahoo! Group. > To gain access to all of your group's web features (previous messages, > photos, files, calendar, etc.) and easier control of your message > delivery options, we highly recommend that you complete your account > by connecting your email address to Yahoo account. It is easy and free. > Please visit: > http://groups.yahoo.com/convacct?email=kepala_bplhd%40bplhdjabar.go.id&list=kisunda > > Your use of Yahoo! Groups is subject to http://docs.yahoo.com/info/terms/ > > > > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - You care about security. So do we. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
