---Rahayu juragan.., wilujeng tepang sareng sim kuring Asep Oeking, muga2 urang sadaya baraya Kisunda aya dina berkah panangtayungan Mantena anu Kagungan urang2 sadaya .
Hatur nuhun pisan Kang Ilen parantos ngajentrekeun naon atuh ari hartosna Nagasastra teh, gening luhung nya kandungannana teh. Baktos Asep Oeking In [email protected], ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Rahayu Kang Asep, > > Nagasastera saur ahli budaya mah NAGA=Waktu SASTERA=Ucapan/tulisan hade, > jadi Nagasastera teh, "Ucapan hade anu dikedalkeun dina wanci anu > mustari/tepat pasti bakal matih/jitu" > > Contona: > > - Proklamasi '45 : > Ucapan hade (Proklamasi = Sastera) anu dibiantarakeun dina waktu anu pas > (Naga=17 Agustus 1945), anu bisa mawa kamerdekaan keur bangsa urang (Matih). > - Pangeran Sumedang vs Deandels : > Harita Rahayat Sumedang anu keur diromushakeun ku Walanda kudu ngababad > cadas (Naga =waktu, situasi), teras Pangeran Sumedang unjukan ka Deandels > sangkan pagawean naratas jalan teh dibantuan ku alat-alat berat (Sastera), > antukna disatujuan ku Deandels tur terus ngadatangkeun peralatan berat keur > naratas jalan malibir cadas (Matih). > > Tah keur urang anu teu ngagaduhan kerisna (Nagasastera), da puguh ngan > hiji, tiasa metakeun filsafat anu aya disatukangeunana, nyaeta ngagunakeun > pangaweruh dina wanci anu mustari sangkan mawa kana karaharjaan sasama. > > ilen kardani > > > At 06:05 AM 1/19/2005 +0000, you wrote: > > > >--- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra" > ><[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > > -Kang Oman...,langkung tipayun bade nepangkeun heula bilih hilap > > > deui abdi wasta Asep Oeking kawit ti ciwaruga-Bandung sareng... > >duh > > > nembean terang abdimah yen urang sundateh kagungan keris oge > >gening, > > > manawi teh kerismah kagungan urang wetan bae manawi,... muhun abdi > > > engke upami tos salse bade nyuhunkeun dianteur hoyong ninggal eta > > > keris. > > > > > > Kang.., rerencangan pun bapak kapercanten kanggo ngariksa > >sababaraha > > > jenis kujang saurnamah tilas cecepangan ti pajajaran kapungkur > >duka > > > leres duka henteu, abdi parantos ninggal kuanjeun memang benten > > > pisan tinu senjata sanesna anu kengen nempa, ari kujang ieumah > > > sapertos besi gelempengan, ngan hilapdeui etateh perak atanapi > >sanes > > > ayana diwewengkon ciparay, kaleresan anjeuna tokoh di Gedong > > > Pasewakan Penghayat Aliran kebhatinan perjalanan. > > > > > > Sareng abdi aya kapanasaran, manawi kang Oman terang upami Uga > > > Wangsit siliwangi sumber cetakan anu aslina aya dina buku atanapi > > > kitab naon...??? punten janten celembeng. > > > > > > > > > Baktos > > > > > > > > > > > > Asep Oeking > > > > > > > > > -- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> > > > wrote: > > > > > > > > --- In [email protected], "Oman Abdurahman" > > > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya > >Sunda. > > > > Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda: > > > > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231 > > > > > > > > Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen > > > > cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti > >raja > > > ka > > > > rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama > >ayeuna > > > > mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu > >dilelerkeun > > > > ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang > > > > ekonomi/industri jeung lingkungan. > > > > > > > > Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina > >teh > > > > pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na > > > teh > > > > Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra > > > > awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron > > > nyarieun > > > > keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae > > > nyieun > > > > keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda > > > budaya > > > > (nyieun) keris ilang. > > > > > > > > Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang > >seler > > > > karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti > > > dijieun > > > > Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh > >rada > > > > salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman > > > > Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh > > > > geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M. > > > > > > > > Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga > > > > dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di > > > > lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu > > > > kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong, > > > > Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina > > > luhureun > > > > gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu. > > > > > > > > Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun > > > > kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka > > > sababaraha > > > > waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah > > > > Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu > > > > katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris > > > > (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris). > > > > > > > > Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu > > > > disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur > > > > (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung > > > kaproporsialanana > > > > antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi > > > > wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi > > > > Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida > > > > proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna > >atawa > > > > hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu > > > > proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa > > > dina > > > > huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh. > > > > > > > > Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun > >tina > > > > korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur > > > keur > > > > nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi, > > > > nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung > > > kaproporsionalanana > > > > eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris > >salah > > > > sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di > >Tatar > > > > Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi > >anu > > > > aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi > > > Sunda, > > > > mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea, > > > > sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta > > > > wewengkon anu relatif masih asri. > > > > > > > > Baktos, > > > > manAR > > > > --- End forwarded message --- > > > > > > > > > > > >PENTING..! > > > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > >berupa pencabutan membership. > > > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > >mengupdate antivirusnya. > > > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
