Wejuleung enjing Kang Oman, nuhun pisan atos diwartoskeun ka Kang Oca, punten wae upami aya kalepatan dina sagala kosa-kata di ieu milist, da abdimah jalmi pihampuraeun, Geuning Akang teh janten moderator diieu milist. Bade tomaros : Kahiji aya sabaraha jalmi anu dipercantenkeun moderator diieu milist? Kadua atos sabara lami / ngawitan ieu "Ki Sunda" teh aya di udara? Katilu naon wae anu bade/kedah di edit dina eta seratan? Anu pantes sareng anu teu pantes disagikeun dieu milis. On Thursday, January 27, 2005, at 09:25 PM, oman abdurrahman wrote: Da abdimah gaduh jiwa blak-blakan (nya eta tara susuluputan / tara haharewosan). sakali deui punten kasadayana US anu sok pundungan , baeud sareng sajabana. Sok atuh urang diskusi ti jero hate sareng iklas, benten upami diskusi saeukeur tiluar hatemah, keur ngawangun US dina sagala aspek kahirupn keur urang ti urang. Abdi ngiringan dieu milist nembe kirang langkung sa minggu.
Dina diskusi calukanana "Sastra" kenging "Yan" teu naon-naon eta nami nuju alit sa Bandung Utara mah rerencanganmah nyalukan abdi Yan. Upami sa America Utara rerencangan anu sok menca nyalukan abdi tos katelah "Guru Yana", Lamun ceuk bahasa Jeponmah "Sensei" eta nami tambihan dipadekan menca. Upami milari buku diperpustakaan karangan abdi "Sastranegara". abdi atos ngagarap opat buku dipublikasikeun didaratan Amerika Utara. Sok atuh US anu gaduh elmu atanapi cariosan menca di tatar sunda diwariskeun ka abdi di japri wae bisi nusanes teu karesaeun ngadanguna. Da abdi gaduh kaamengan Cimade sareng menca keur nuju alit. Nepi ka ayeuna nerap teras eta gerak langkah hirup nepi ka geutih, daging, kulit sareng walung sumsumna. Nuhun nya Kang Oman Baktos Yan NYC > > Bagea Kang Sastra (kitu sane merenah nyalukanana? punten panglereskeun > bae bilih lepat mah), > > Kalintang bagjana, tiasa patepang sareng salira. Tin kawit ngaos > posting salira anu munggaran di ieu milist, si kuring tos kumejot > hoyong ngiring aub mairan. Boh perkawis sajarah "peradaban" Sunda anu > samangsa sareng Mesir (malih ti beh ditu keneh), atawa soal > "feodalisme" di TS (anu seueur dialokan ku Kang Tirtra), sadayana > estuning matak kataji. Ukur bati macaan bae, jalaran nuju kaleresan > nandangan hareeng (flu) sareng pakepuk ku kagiatan di luar kantor > (nyakitu, mukaan intrenet teh tuimaninahna mah di kantor) angsa salira > rajin posting ka kisunda teh (pamugi bae masing saterasna kitu, tiasa > ngaleubeutan kisunda). > > Sumangga, amanah salira kanggo Kang Roza bade diestokeun pisan. Namung > danget ieu, e-mail anjeunna teh nuju rada hareeng. Urang cobian bae > ngalangkungan sms. Kang Roza danget ieu nuju pakepuk hoyong nyitak > sareng nyalabarkeun kalasunda saseueur-seueurna, namung samporet ku > waragad. > > Teu sompral teu sing, Kang, naon rupi anu didugikeun ku akang ka abdi. > Katarimakeun pisan. Mangga lajengkeun, ngadadarkeun naon rupi > pangalaman akang salami di pangumbaraan, tinangtu baris ageung > manfaatna keur warga milist, khususna anu aya di lemah cai. Mugi > heunteu janten halangan wireh sim kuring teu acan tiasa mairan. > > Baktos, > manAR > > sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Oman nepangkeun abdi ti Bandung nuju nyangsang di New York City. >> Punten wae bade nyuhunkeun pitulung ieu amanat kanggo Kang Oca (Roza >> Mintareja), > Abdi tos terang Kang Roza nuju masiswa itb anjeuna tos janten usawawan > dibidang wangunan. > Sabara tahun katukang abdi pernah mantuan projekna di RATU PLAZA > Jakarta, abdi ditugaskeung > mantuan team Arsitektur Landskape ti Jepang nu ngarancang di luhur > gedung R P . > Abdi ngabantuan ngetang struktur ngabangun timimiti nepi kaanggeus eta > projek, nyaeta mgitung > harga bahan, ngitung harga buruh, ngitung harga alat-lat kontruksi, > istilah bahasa arsitekmah manajemen > kontruksi . > > Punten we nya Kang Oman, di forward wae ka Kang Roza. > > Please visit > http://www.silatbooks.com/ > http://www.silatpdusa.com/ > Please write > [EMAIL PROTECTED] > [EMAIL PROTECTED] > > Hapunten wae nya Kang Oman abdi tos sompral > > Yan nyc > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > The all-new My Yahoo! � Get yours free! > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
