Assalamualakum, wr.wb, Hehehe, Punten ah kasadayana, di prancisna abdi teh caket spanyol, naonya ari sundana selatan barat teh, hehehe.. departemen Pyr�n�es Atlantique saurna mah, da caket oge ka Biarritz, Namina teh Pau, caket oge sareng Lourdes, aya sajaman mah upami ti dieu, teras, atos bade tilu taun abdi ngumbara didieu, da pun raka teh urang dieu, henteu gampil geuningan ngalafalkeun basa batur, osok kasaleo letah, hehehe.. Abdi teh ageung di Bogor, kacamatan Cisarua nanging kaluwargi seuerna ti tasik, pun biang, upami pun aki alm ti cilimus, ai pun bapa ti cirebon, ti mana nya nami lemburnya, tos hilap da atos lami pun biang teh pipisahan. Kieu kieu ge teu tiasa nyarios sunda da saur pun biang teh, teu sae siga urang tasik da upami abdi nyarios teh, logat bogorna kentel pisan, saurna, ulah ah, nyarios indonesia wae ratih mah.. saurna...hehehe.. Upami pun biang nasehatan teh, kedah wae nyarios sunda anu lemes pisan, dugi abdi teu tiasa sareng teu wantun nembalan, hehehe.. tah kitu rudalna geuning, da upami abdi dinasehatan ku basa indonesa nembalan deui, nembalan deui, hehehe, dasar budak bageur kacida... kapungkur nuju di jakarta keneh abdi teh dokter gigi, lulus ti UI, nanging di dieu ijasah teh teu katampi, kedah ujian persamaan saurna teh, janten ayeuna abdi nuju sakola basa prancis deui, kanggo persiapan ujian, da kumaha atuh.. henteu gampil geuning, nyerat sareng nyarios basa batur.. tapi inysaaloh, taun iyeu bade ngiringan.. atos kangen geuning hoyong didamel deui..
salam baktos ka sadayana, waalaikumsalam, wr.wb ratih __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
