Kadang wargi,
Ceuk beja, suudzon teh teu kenging ku agama. Tapi dalah kumaha da ari
ngabandungan kawijaksanaan pamarentah teh sakapeung(seseringna) kapaksa kudu
suudzon. Urusan Punclut contona, pribados yakin yen dina hate leutikna atawa
panalar inyana anu kagungan kakawasaan nyebutkeun yen lengkah anu diusulkeun
"ngabeberes" punclut teh teu merenah. Tapi ari buktosna? angger we ngadedod teu
nolih kana pamikiran anu cek hate leutikna aya benerna. Masalah Punclut oge kdu
ditinggali tina kondisi jalan Cimbuleuit sacara jembar. Ayeuna wae ti ngawitan
Jl. Siliwangi, tungtung Cihampelas oge Gandok teh tos macet. Kapayun upami
proyek Punclut janten tangtos langkung macet deui. Acan ayeuna mah rek ka
Cimbuleuit anu macet teh kapan nuju ngawangun apartemen.
Aya pernyataan juragan walikota anu rada bodor. Magar maneh, nyieun jalan ka
Punclut teh taya lian pikeun nyugemakeun masyarakat daerah dinya supaya teu
tinggaleun ti daerah sejen. Leres-leres pisan eta "pernyataan" teh. Dimamana
oge ngadamel infrastruktur keur patali marga mah penting kalebet keur urang
Punclut. Anu ulah teh ngawangun punclut pikeun kagiatan anu bakal ngaruksak
alam tatar sunda.
Hal sejen kungsi oge ditepikeun ku MPI (anu sigana mah ngrojong walikota).
Pentingna nata Punclut teh, sabab ayeuna pangwangunana "tidak terkendali".
Lamun 2003 aya kirang langkung 450 imah ayeuna meh langkung ti 500. Patarosan,
lamun "tidak terkendali" lepatna saha? Naha atuh pamarentah bet ngantep? atawa
kedah nungguan "tidak terkendali" tea heula supaya alesan pikeun "menata" ku
pihak pengembang? Tuh pan tos suudzon deui. Tapi suudzon model kieu mah
mudah-mudahan diwenangkeun ku agama, margina sanes lepat anu suudzon tapi lepat
maranehna anu sok nyieun rahayat jadi suudzon. Kukituna lamun mah aya dosa tina
suuzdon model kieu, pantesna dosana oge ditaranggung ku maranehna -- sabab
maranehna sorangan anu nyieun batur jadi suudzon. Wallahu alam.
Ganjar Kurnia
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/