Baraya sadayana,
Arek nurutan Ua Sas, arek ngalamun. Da ceuk Ua Sas ge ngalamun mah teu mayar
ieuh.
Eta beja aya "kekerasan" sawaktu aya perpeloncoan, mun teu salah mah di Bekasi
cenah. Kumaha mun "perpeloncoan" teh ngalankeun hal-hal anu positip. Nya hal
positip pangpangna jang jalma rea, oge diajar jang urang sorangan sangkan urang
leuwih ngadeukeutan ka kayaan alam sakurilingeun urang oge adat istiadat di
kampung jeung di padesaan. Sangkan ngarah karasa yen urang kampung jeung
padesaan teh teu dipoho-pohokeun.
Kumaha mun organisasi Kamahasiswaan ngirimkeun pelonco-pelonco ka unggal
kampung di sisi kota boh didesa-desa. Tah dikampung atawa desa eta, Masjid di
potret jeung dilaporkeun kaayaan wujudna. Ukuranna, tempat wuduna, caina cai
naon, sumur atawa pancuran dsajabana. Oge saha nu ngurus jeung sabaraha reana
jamaahna. Nya terus eta regu pelonco teh sina nyieun laporan, oge rekomendasi
naon wae anu kudu ditambahan atawa nu kudu dipigawe supaya "layak pakai". Tah
data-data ieu urang kumpulkeun. Terus ditingali masjid nu dikampung/desa mana
nu perlu diprioritaskeun jang dihadean.
Idealna mah, nya kudu aya danana. Tah danana nya pelonco nu istri atawa plonco
lalaki nu letoy sina menta sumbangan ka unggal imah. Mun geus kakumpulkeun
sabaraha gedena, terus ka Pamarentah Daerah atawa ka DepAg, tah ieu calon
mahasiswa geus ngumpulkeun sakieu jumlahna, naha Pemerintah /DepAg sanggup
nadingan jumlah ieu ? Nya ditodong wae kith! Piraku sugan teu mere
sapeser-peser acan mah. Nya mun teu mere, ngabring ka Surat Kabar PR.
dongengkeun. Menta dimuat dina PR. Keun wae geger ge da jang kaalusan jelema
rea.
Kumaha Damas, HMI ??
Abah Joe
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/