Ceu salam ti urang NYC,
Geuning leresna dunya teh sempit, eta pangalaman akang ngadangu hotbah 
uwana aya tuturunanana di Houston.
Abdimah masih emut pisan prak-prakan cariosanana di mesjid atanapi di 
kampus sareng di masyarakat uwana sajalan sareng
pitutur parentah Allah SWT, ke geura upami uih ka Bandung urang tingali 
Musium Dody Tisna Amijaya.

Si Jalu keun wae ku akang ditiungan,  keur ngadaur elmu akang kanu 
ngora, urang titiskeun geura elmu penca akang ka anjeuna.
Sabar wae ka si jalu upami aya waktos mah tangtos bakal kapendak urang 
ngabeberkeun eta penca.

Ceuk baturmah emang akang pahlawan "NGO PENCA" < NON GOV. ORG. PENCA> 
malihanmah minggu kapengker abdi diwawancara ku TV canel 57, teras ti 
majalah Jepang di NYC ngawawancara deui,  ditambih upakarti ti sagala 
rupi organisai  beladiri di USA sareng ti pemerintah Amerika
tos gaduh, namun ti pamerentah Indonesia teu acan geuning da abdimah 
sanes atribut ti pamarentah. Ceunah mah upami ngadangu haharewosan 
urang padamel nu nganggo atribut pamarentah aya moto "pamarentah keur 
urang pamerentah' alias urang mah urang dalem maranehna urang luar 
<deungeun-dengeun>.
Kumaha atuh upami eta moto teras diangge nepi kasabara turunan kahareup 
jiganamah demokaratis teh moal  aya di US.

Nuhun ceu sakali deui Ani K Amijaya.
Yan NYC
On Tuesday, February 1, 2005, at 09:08  AM, nenny yunus wrote:

>
> Kang yan pendekar silat// guru yan, nepangkeun abdi US anu nyasab di 
> Houston,
>
> Almarhum pun uwa Bapa Dodi Tisna Amijaya, tiasa ku US ditinggali 
> runtuyan sejarah perjuangan anjeuna ti kapungkur ngiring berjuang dugi 
> ka terachir ngajabat janten duta besar Perancis di Musium Dodi Tisna 
> Amijaya di Buah Batu Bandung, wa istri kuanjeun anu ngumpulkeun sagala 
> rupina dibantosan ku saderek-saderekna oge rerencangan anjeuna.
>
> Mangga  bilih baraya US hoyong uninga langkung paos kana perjuangan 
> pun ua di bidang teknologi, Agama sareng Pendidikan oge bidang sanesna 
> mangga ulah asa-asa
> tepangan wae raina Kang Eri Erlangga atanapi istrina Dr Kartiwi W 
> Erlangga atanapi runtuyan keluaraga Dodi Tisna Amijaya, moal 
> disaha-saha US mah
>
> kang Yan akang oge atuh, pahlawan di bidang Pelestarian budaya 
> Sundamah, sakitu Penca silat dipiara di mumule di turunkeun ka bangsa 
> sa alam dunya jaba bukuna ngahunyud elmu
> anu teorina ngenaan penca silat anu materina tos dibukukeun ku akang,
> ngan saeutik hanjakalna kang Yan, tebih ti Houston padahal abdi boga 
> budak jalu calon murid lamun seug caketmah, .... mangga teraskeun 
> perjuangan akang.cag.
>
> Ani K Amijaya.
>
> tranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nepangkeun Kang Rachmat, jeung baraya.......sa sunda
>
> "Dubesna DodyTisna Amidjaja, anu diteruskeun ku Tb. Bachtiar Rivai,
> jrrd. Kang ganjar tiasa langkung jentre dina perkara ieu. Naon
> mangpaatna ku ayana para diplomat Sunda di Perancis pikeun Sunda keung
> Kasundaan?"
>
> US sareng Bangsa Perancis mangrupakeun pasangan anu pakeukeup keukeup
> tima seni budaya sareng ramah tamah tea. Wijujeng enjing, wilujeng
> sonten, wilujeng wengi......tah eta ngabuka silaturahmi dua bangsa aya
> pasanganana.
>
> I eu abdi gaduh pangalaman ngadangu kuiiah agama ti Bapak Dody Tisna
> Amijaya abdi masih keneh SMP di salman ITB. Dina eta caramahna nepi
> kaayeuna masih aya dipikiran abdi. Anjeuna nerangkeun judul "pasangan"
> anu dicandak ti ayat qur'an, cobi pilari ayat anu mana. Pak Dody
> nafsirkeum kajadian alam teh anu diciptakeun Allah SWT kedah aya
> pasanganana dina sagala rupi nu aya didunya.
>
> Anjeuna masihan contoh panyerbukan kembang ros aya pasanganana nyaeta
> ku kupu-kupu......? Upami elmu listrikmah aya arus plus sareng minus;
> aya panas aya tiis; aya euceu aya akang , .aya teuras aya lemes.sareng
> saterasna.........
>
> Pasantren Salman ITB teh ngaluarkeun seueur da'wah ilmu teknologi da
> cocok sareng lokasina kampus ITB, janten eta para guru besar osok
> ngupas elmu Allah SWT , tina ayat-ayat Qur'an dtfsirkeun keur kamajuan
> urang sararea disagala rupi elmu sosial sareng elmu teknologi.
>
> Upami cikal bakal US ngajabarkeun kana teknolgi pasti US tiasa nyaingan
> teknologi urang America jadi teu kedah meser atanapi nyuhunkeun
> pitulung sagala produk-produk ti USA, Jepang, German sareng
> nagara-nagar donatur teknologi maju..Kalemahan bangsa urang nyaeta
> kirang ngembangkeun elmu teknolgi praktis nepi ka industri kelas kakap
> sa seueur seueurna.
>
> Teknologi praktis anu diutamakeun dibidang pertanian contona ngadarap
> sawah panen dilipetkeun hasilna; ngagarap / melak peuteuy diekpor ka
> USA; kalautan nernakeun atawa newak lauk mujaer, hiu, cucut teras
> dikalengan kirim ka USA, teknologi daur ulang keur runtah ayeuna anu
> ribut di Bandung. Anu praktis-praktis heula kanggo kabutuhan sahari
> -hari di tatar sunda. Geuning Kapal terbang engeus dijieun, tapi mesina
> meuli. Tong kitu, US kudu ngieun mesin-mesin naon wae ditaneuh US keur
> nyiptakeun pangangguran jeung kamakmuran sararea. Tah ti dieu nilai
> tukar rupiah urang naik, sukur-sukur seueur emas digudang US, sanes
> EMAS JAWA ti WETAN.
>
> Sosok pimpinan US anu dipincontoh ku Rektor ITB mangrupi kabanggaan US
> kedah diteraskeun kunu US nungarora ayeuna, mempeung aya waktos,
> geuning ayeunamah lulusan ITB teh opat tahun lulus. Zaman akang masih
> seueur dosen-dosen anu kasintreuk hate ku murid , nyaeta nyerihatean
> eta murid anu kedah lulus 4 taun tiasa 8 taun atanapi 12 taun janten
> sarjana. Malah batur akang nepi ka gelo oge aya diposma lami teuing
> dikampus. Sanes BODO dipasian sanksi
> teu dilieuk-leuk acan, eta kapungkur zaman Pak Harto. Malahmah tugas
> sakola dilobakeun anu ngaleuwihan kapasitas MEGA BITE ETA OTAK.
>
> Ayeuna zaman blak-blakan barudak ngora kedah ningali kamajuan urang
> Korea. Urang Korea kerja kerasna tiasa ngaleuwihan urang Jepang sareng
> Amerika. Malahmah barudakna ngorana rata-rata lulusan pasantren S2.
> US tong nepi ka S1 S2 S3, sa tatar sunda sakola gratis ti SD nepi ka S
> wae eta leuwih tina cekap ngawangun di sagala kota taneuh sunda.
>
> Dubesna Dody Tisna Amidjaja, geuning mani ramah pisan sareng murah
> senyum, pimpinan anu gaduh elmu Allah SWT sareng elmu teknolgi, tah eta
> anu disebat pasangan anu kedah dikeureuyeuh ku US.
>
> wassalam
> ti kuring anu nyangsang di NYC asal Bandung Utara
> Yan
> On Monday, January 31, 2005, at 09:26 PM, MRachmat Rawyani wrote:
>
>>
>> Teu aneh atuh upama aya pusaka Sunda di Perancis teh.
>> Sigana wae aya sajarah panjang hubungan Perancis jeung
>> Indonesia (khususna Sunda).
>> S.I. Peoradisastra, bapana batur kuring, boga
>> koleksi-koleksi buku majalah Perancis kaluaran taun 50
>> an, diantarana Archipel.
>>
>> Atuh Mang Ayatrohaedi pakar dialektologi UI, kungsi
>> tolabul ilmi di Bordeaux jeung Grenoble ti taun 75
>> nepi ka taun 76, anu ahirna ngahasilkeun disertasi
>> "Bahasa Sunda di Daerah Cirebon, Sebuah kajian
>> Lokabasa" (1978).
>>
>> Kitu oge dina hal anu jadi Dubes jeung diplomat.
>> Asana teh ti jaman iraha, para dubes RI di Perancis di
>> dominasi ku urang Sunda. Contona waktu Dubesna Dody
>> Tisna Amidjaja, anu diteruskeun ku Tb. Bachtiar Rivai,
>> jrrd. Kang ganjar tiasa langkung jentre dina perkara
>> ieu. Naon mangpaatna ku ayana para diplomat Sunda di
>> Perancis pikeun Sunda keung Kasundaan?
>> Hayu urang Rojong Kang Ganjar jeung baraya sanesna di
>> Perancis, supaya tiasa ngamaksimalkeun sumbanganana ka
>> Sunda jeung Kasundaan pikeun generasi ayuena jeung nu
>> bakal kasorang. Amien.
>>
>> baktos,
>>
>> mrachmatrawyani
>>
>>
>> --- Ganjar Kurnia wrote:
>>
>>> Kadang wargi,
>>> pribados kenging kabagjaan, rehna dipaparin foto
>>> copy majalah Poesaka Soenda ti ngawitan terbit dugi
>>> ka tilemna (Juli 1922 - Desember 1929) ti Ibu
>>> Vivianne Sukanda Tessier. Eusi majalah estuning
>>> pikaresepeun. Salian ti urang tiasa ninggali basa
>>> Soenda jaman harita, aya oge catetan ngeunaan
>>> kaulinan budak, oebar karoehoen, tembang, serat
>>> centini, wawacan ssjb. Upami masing-masing materi
>>> dikelompokkeun teras dibukukeun, sigana sae pisan.
>>> Hanjakal, kukasibukan pribados mah moal tiasa
>>> ngagawekeun. Susuganan anu sanes aya anu haat. Taya
>>> sanes kangge kapentingan Ki Sunda keneh wae. Hatur
>>> nuhun.
>>>
>>> Ganjar Kurnia
>>>
>>>
>>
>>
>>
>>
>> __________________________________
>> Do you Yahoo!?
>> Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
>> http://my.yahoo.com
>>
>>
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>> selalu mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
> Please visit
> http://www.silatbooks.com/
> http://www.silatpdusa.com/
> Please write
> [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke