KOMPAS sapuluh taun kapengker atawa langkung, kantos ngamuat carita nyambung novel urang walanda, nu nyaritakeun lalakon juragan kebon di Priangan nyaeta kulawarga Hoelle jeung Boscha (Dua kulawarga ieu aya hubungan kulawarga). NGan kuring macana sapotong-sapotong, jadi teu anggeus jeung paroho deui. Anu kainget teh dicaritakeun kumaha salah saurang Hoelle nu kapengpeongan ku gamelan Sunda. Manehna henteu ngurus kebon tehna, unggal peuting nabeuh gamelan, pikakeuheuleun kulawargana. di Pendopo kabupaten Sumedang manehna lar sup, mamake pakean kumaha we urang sunda. Manehna oge anu nyandak gamelan Sari Oneng ti Sumedang kukurilingan di Amerika jeung Eropa. Malah kantos ditabeuh waktos peresmian Menara Eifel di Paris ( Gamelan Sari Oneng nu ngalalana tea ayeuna tiasa ditingali di Musium Geusan Ulun Sumedang).
Di Kota Garut upami teu lepat mah aya tugu pamgimget-nginget jasa tuan Hoelle ieu. Panginten kang Hasan langkung terang. Malah kuring kungsi maca, duka di milis, duka dimana, cenah mah, Hoelle oge nu nganjurkeun para menak Sunda nganggo deui basa Sunda, ninggalkeun basa Jawa, nu dianggap basa "luhung" ku menak jaman harita. Baktos, WALUYA --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > euleuh kang oman, kuring jadi mudiding bulu punduk > yeuh. geuning aya pakaitna sareng alam magis urang > sunda sagala eta tuan bosscha teh. nuhun kang. > > salam, > mh > > --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > Kagiridig ku seratan Kang Hasan ngeunaan panaropong > > bentang Bosscha, ras inget dongeng Kang Idrus > > ngeunaan dua urang asing, Bosscha jeung Hopland > > (leres kitu nyeratna "Hopland"?, hapunten bilih > > lepat, nyuhunkeun koreksina ka anu uninga) anu > > sasatna pamuka jalan naratas kaayaan kiduleun jeung > > kalereun Bandung anu siga ayeuna. Utamana, ngeunaan > > kawijakan kekebonana di eta dua wewengkon. Jejer ieu > > teh kungsi diposting ka ieu milist sababaraha waktu > > ka tukang, sugan teu piboseneun urang guar deui. > > > > > > > > Ceuk cenah, aya kawijakan Walanda harita, masrahkeun > > ngokolakeun wewengkon Bandung jeung sabudeureunana > > ka eta dua jalmi. Ti lebah Gn. T. Parahu ka kaler > > dipasrahkeun ka Hopland, sedeng ti Gn. T. Parahu ka > > kidul diserenkeun ka Bosscha. Aya hal anu rada aheng > > boh dina marengan eta kajadian atawa salila > > kahirupan eta dua tokoh teh. Ieu teh pakait oge > > jeung asal muasal kebon raya Bogor tea. > > > > > > > > Ku Hopland jeung Bosscha, eta wewengkon teh > > dikebonan. Kaleren Bandung mah ku kebon teh bae, > > sedeng beulah kidul anu aya dina kakawasaan Bosscha, > > dikebonan salian teh oge aya kina. > > > > > > > > Sakumaha dina sajarah, dina mangsa harita oge aya > > kajadian Walanda pagentreng jeung Inggris. Na atuh > > anu aneh, Inggris make daek nulungan Walanda anu > > keur butuheun beaya perang, sakitu perangna teh > > jeung nagara manehanana pisan, ku cara meuli > > sabagean tanah Walanda. Wewengkon anu dijual harita > > nyaeta palebah kebon raya Bogor tea ayeuna, dijual > > ka Inggris. Anu tuluy eta tempat teh ku Raflles > > dijadikeun kebon raya. Ari jero diri Hopland jeung > > Bosscha salila hirupna teh loba anu aneh. Boh > > Hopland atawa Bosscha duanana oge teu kacaritakeun > > boga pamajikan jeung turunan. > > > > > > > > Hopland nyieun istana di Kota Subang. Malah kota > > Subang sorangan meunang sebutanana salaku "Subang" > > teh nya ti Hopland pisan. Lebah dieu, Hopland the > > siga-siga anu ngingetkeun yen baheula di wewengkon > > eta kabupaten pisan nyi Subanglarang-salah sawios > > prameswarina Sri Baduga-kungsi titirah (ceuk beja, > > Kean Santang jeung Rarasantang teh dilahirkeun di > > kota Subang pisan). Hopland nyieun istana di Kota > > Subang, rupa wangunanana persis istana Bogor: > > arsitektur wangunan model julang ngapak tea jeung > > sakabehna dijieun tina kai jati anu diukir, tur > > taneuhna diluhurkeun kurang leuwih sameter ti > > sabudeureunana. Hanjakal ayeuna eta wangunan the teu > > ngari, ukur kantun lapanganana bae anu ayeuna jadi > > lapangan payuneun gedong bupati Subang. > > > > > > > > Kacaritakeun, akina Kang Idrus (anu dicarioskeun ku > > Kang Tirta tea, dumuk di Panaruban, lulusan Fak. > > Pertanian Unpad akangkatan kahiji, nu nyiptakeun > > sababaraha rupa produk sarana pertanian) pisan > > kungsi jadi badega Hopland. Saur Kang Idrus, dumasar > > cariosan akina, Hopland the sok ngukus make menyan, > > persis karuhun Sunda. Naha aya naon dina diri > > Hopland? Pasna: "Saha atuh ari Hopland the?". > > > > > > > > Teu pati beda jeung Hopland, kaayaan kahirupan > > Bosscha. Teu kacaritakeun boga pamajikan jeung > > turunan, Bosscha jadi legenda kebon Bandung Beulah > > kidul tepi ka lamping gunung T. Parahu. Dina > > patilasan Bosscha anu kawentar di wewengkon kebon > > the di Pangalengan, aya ruangan handapeun taneuh. > > Ceuk urang dinya, baheula Bosscha mindeng numpi di > > eta rohangan bari ngukus kalawan maneuh. Ieu oge > > ngondang patarosan:"Naha saha atuh ari Bosscha > > the?". > > > > > > > > Hopland, Bosscha jeung sakolebat kahirupan Raffless > > di Indonesia harita, khususna di Tatar Sunda, siga > > anu mawa tugas pikeun nyalametkeun wewengkon Tatar > > Sunda ku cara nyieun kebon. Aranjeunna siga anu > > diinjeum wadag kasar ku anu lemes pikeun neruskeun > > karesep dina mulasara lingkungan. Hopland meunang > > tugas pikeun nyieun kota Subang malah katut > > ngaabadikeun model wangunan istana Sri Punta Bima > > Narayana Madura Suradipati tea (ceuk cenah hiji > > model eta wangunan julang ngapak aya keneh tepi > > kayeuna di wewengkon kebon the Kasomalang, Subang). > > Bosscha mah meunang tugas tambahan nyieun panoropong > > bentang sagala anu keur beulahan dunya kiduleun > > garis khatulistiwa mah lumayan kawentar eta alat > > panalungtikan bentang jeung alam raya the. Ari > > raffles siga anu neruskeun karesep Sri Baduga kana > > pepelakan jeung kekebonan dina wangun taman. > > > > > > > > Waktu ditaroskeun ka Kang Idrus, naha kumaha ieu the > > hubunganana jeung dongeng kasundaan? Sigana kudu > > ngaji elmu tilem jeung ngahiyang, saur anjeunna. > > Naha enya kitu? Wallohu'alam. Ongkoh deui datana > > kudu dibuktikeun heula. Naha enya Hopland jeung > > Bosscha the teu boga katurunan tegesna teu jelas > > asal-usulna? Mangga nyanggakeun ka anu di luar > > negeri, khususna di Walanda, mugi upami aya waktos > > tiasa milarian data ngeunaan eta dua tokoh dina > > sajarah Walanda di Indonesia. > > > > > > > > Cag. > > > > > > > > --------------------------------- > > Do you Yahoo!? > > Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn > > more. > > > > [Non-text portions of this message have been > > removed] > > > > > > > > PENTING..! > > > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada > > seluruh member. > > > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini > > akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, > > dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > > > > > > > > > > ===== > bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ > hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
