upama kuring ninggali sawah di lembur tatangga, implengan teh sok terus rasa, inget ka sawah di lembur sorangan. panorama sawah di urang kacida endahna. pasawahan ting arumpak jadi kotakan, ti mumunggang gunung nepi ka hilir nu leuwih handap. komo pasawahan di garut. apan sasatna garut teh kalingkung gunung. lebah kaler diwatesan gunung haruman, sanajan ayeuna rada buligir. lebah kulon, ngajajar gunung aseupan, gunung dage sarta gunung guntur. lebah kidul aya gunung cikuray jeung papandayan. lebah wetan ngajegir gunung talagabodas. matak pantes garut disebut, jiga pangupukan puyuh teh.
ngan bedana, di lembur tatangga sawah teh bisa jadi salah sahiji objek tujuan wisata. prosesi nyawah taradisionil, ti mimiti pare diawurkeun ka pabinihan, terus ditandur kana kotakan, nepi ka mangsa panen, jadi pintonan turis nu bisa ngadatangkeun devisa. ieu kaayaan teh katitenan ku kuring di pulo langkawai, hiji pulo leutik sagede pulo bali, anu dijadikeun salah sahiji objek tujuan wisata di lembur tatangga. waktu kuring nyelang mulang ka lembur, prosesi nyawah teh geus mimiti robah. baheula mangsa keur di lembur, usum nyawah teh kasawang asa ku endah. isuk-isuk nu ngagaru jeung ngawuluku, samar-samar kadenge ngahaleuang ngawih, "deur mideur, mideur deui, mideur deui" cenah. bari nyepretan munding sangkan laju ngawuluku. pabeubeurang kurunyung nu nganteuran, ngajak muka timbel balakencrakan. jigana prosesi nyawah treadisionil di urang oge, upama dimumule bisa dijadikeun objek wisata anu bisa dijual. meureun kudu aya kawasan konservasi nyawah tradisionil. keur panineungan ka baraya di pangumbaraan, ieu aya oleh-oleh panorama pasawahann di garut, lembur kuring. salam, mh ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. http://promotions.yahoo.com/new_mail [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
