Baraya,
Ah, hayang ngilu posting.
Leres, gampil sareng praktis nga-click "reply" teh.
Mung upami tiasa mah, komputerna di-set supados upami di-click "reply" teras
bade nyerat, psoting-posting nu sateu acana dipupus otomatis. Atawa
di"hideungan" teras di-click dina gambar gunting. Sa kiceup, les wae leungit.
Nya pedah Abah geus kolot, katambah boga panyakit anyar..limpeuran. Nya sok
mendeko payuneun monitor macaan posting-posting Kisunda. Sok eureun sakedap,
asana mah geus maca ieu posting teh, di milis mana jeung iraha..nya !. Jadi we
ngarasa ragu-ragu asa diingetan " silaing geus kolot olopo geus pohoan alias
limpeuran". Kusabab sering teuing diingetan yen sim kuring teh limpeuran, nya
kainget teh yen "maneh tehlimpeuren". Jadi limpeurana teh malah jadi leuwih
limpeuran lain ngirangan.
Oge mun tiasa mah, subject-na digentos. Poesaka Sunda diPerancis geuning seueur
kitu eta subject-na teh. Ari sugan teh, eta majalah teh beuki nambihan, boa
dikantorna Gan Ganjar
geus pinuh ku majalah Poesaka Sunda. Nya ari pinuh ku majalah atawa buku bahasa
Perancis mah moal aya nu malire, da meranah. Bilih wae aya nu ngemutan ka Gan
Ganjar, Juragan Ganjar, urang teh di Kedubes RI di Nagara Perancis lain di
Nagara Pasundan. Hawatos tah ka Gan Ganjar.
Aya oge gunana nu sanesna, jatah Kisunda di Yahoo moal tereh seep. Da ceuk beja
mah, mun bade ngaageungan jatah di Yahoo kedah mayar. Duka leres henteuna mah.
Abah Joe.
(Hayang posting tapi poho naon topikna. teh,.......ku limpeuran tea )
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/