Nuhun Mang ..

Jadi Inggis upami ningal jalma ayeuna kana leuweung teh 

bisi engke teh urang seep sumberdaya..leuweung henteu aya

tur pasti jadi musibat 

engke neangan ubar..tur henteu kabeli ..neangan ubar tradisional 
ari heg teh ubar teh tos dipatenkan di Luar Negeri ..urang kudu meuli 
harga paten..atuh musibat deui wae saba eta harga anu pasti dibandrol 
ku dolar yen atanapi euro anu can tangtu kabeuli ku urang sarerea
ari sumberna baheula ti urang urang keneh

tapi sabenerna eta oge tos aya kasus ..

matak Brazil India jrrd tos loba anu ngayakeun karantina anu ketat 
kanggo peneliti peneliti asing teh ..keun bae rahayat katingalina 
miskin menurut standar barat tapi beunghar ..alam masih keneh kapiara, 
kahirupan masih keneh terjaga

ari di urang ?

.Upami ningali aya peneliti asing di kampus di jurusan pertanian 
atanapi biologi teh sok asa inggis..inggis ari nyandak sample jeung 
bahan ka luar negeri tanpa idin (ditambah patugas di urang bere we..
Dji Sam Soe atanapi Babeh Mesem ..beres dah)..ari heg teh ...
dipatenkeun dui wae


mmh 

ari heg teh maksud papatah kolot baheula anu katingalina kuno teh 
sihoreng gede mangpaatna..

 
 




--- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> Wa'alaikum salam wr wb.,
> 
>  
> 
> Rampes Kang Zaini,
> 
>  
> 
> Konsep "leuweung karamat" ngarupakeun salah sahiji "kearifan lokal" 
dina ngokolakeun lingkungan. Kang Ade kapala bplhd Jabar tangtos 
langkung pas kanggo medar hal ieu. Ceuk cenah, karuhun urang kapungkur 
ngabagi leuweung teh kana 3 mandala (zona), nyaeta : leuweung larangan 
(leuweung karamat), leuweung tutupan,  jeung leuweung baladaheun. 
Kira-kira babandinganana dina konsep modern mah anu tilu teh sarupa 
jeung "hutan lindung, zona penyangga, jeung hutan produksi" tea. Tiasa 
bae patempatan eta mandala anu tilu teh nyoko kana posisina 
(ketinggian jst). 
> 
>  
> 
> Pikeun ngurus anu tilu, tiap budaya suku bangsa geus boga carana 
sewang-sewangan anu sungapanana tina ajen-inajen pokok moralitas 
sewang-sewangan. Upamana di Sunda, bisa dimekarkeun "konsep" 
Kabuyutan. Sacara umum, sakabeh leuweung kaasup kabuyutan, ngandung 
maksud salaku sumber kahirupan sakabeh masyarakat. Kukituna, pikeun 
ngurus leuweung teh panceg pisan upama nyoko kana ajen-inajen moral 
sakumaha kasauran Prabu Dramasiksa dina Amanah Galunggung:"Anak raja 
(jembarna: pimpinan jeung sakabeh masyarakat hiji nagara/pamarentahan) 
anu heunteu bisa mulasara (ngokolakeun kalawan adil) kabuyutan (dina 
lebah dieu hartina leuweung) leuwih hina tinimbang kulit lasun anu aya 
di jarian". Ari lasun teh hiji sato sarupa careuh (musang) anu upama 
geus jadi bangke mokaha bauna.......katambah aya dina jarian (tempat 
runtah)....beu..kacida bauna.
> 
>  
> 
> Urang Sunda meujeuhna reueus dina lebah aya keneh contoh anu prak 
ngalaksanakeun eta ajen-inajen moral keur mulasara leuweung tepi ka 
danget ieu (kabuyutan). Nyatana sababaraha masyarakat adat saperti di 
wewengkon Kanekes, Kampung Kuta, jeung Kampung Naga. Upama batur mah 
jauh-jauh ti luar nagreg (eh...negri) kudu ngahajakeun daratang ka 
nagara-nagara anu kasebut nagara karek mekar pikeun diajar ka 
masyarakat adat dina ngokolakeun leuweung, urang mah teu kudu jauh-
jauh. Kari niatna jeung prak ngalakonanana.
> 
>  
> 
> Aya hiji hal ngeunaan leuweung karamat anu pikamelangeun. Eta 
hariwang lantaran ku kakaramatanana. Upamana, ari urang mah pamali 
unggah atawa nincak terus nyaba ka wewengkon eta anu kasebut karamat, 
tapi ari batur anu ti luar nagreg lar sup. Anu antukna, sababaraha 
rajakaya urang ngeunaan unak-anik kahirupan tutuwuhan jeung jasad 
renik sasatoan ti eta leuweung kapaling mubus ka LN, jadi sumber 
kamajuan teknologi jeung ekonomi deungeun anu dibareuli ku urang-urang 
keneh. Muga-muga bae di urang mah heunteu aya kajadian sarupa kitu.
> 
>  
> 
> Cag.
> 
> Baktosna,
> 
> manAR  
> 
> 
> Zaini <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu'alaikum Wr Wb 
> 
> rampes ...
> 
> asana lamun urang ningali leuweung sareng sumber cai anu ayeuna 
matak 
> hariwang ...inget lagu Bimbo kapungkur..leuweung dugul paduli bae, 
> bangsat cai diantep bae, laeuweung dugul...cilaka kabeh, gunung 
dugul 
> laporan sukses ..(teuing naon nya)..basa tas ti Malang ka bandung 
> wewengkon Unpad jatinangor ..ningali gunung teh mani..lenang euweuh 
> tangkal saeutik eutik acan....
> 
> jadi inget ..dina majalah Mangle kapungkur, aya naskah masalah 
> lingkungan hidup anu judulna teh sumur karamat...ari makna ti naskah 
> eta kieu...
> 
> Urang baheula lamun aya leuweung geledegan teh sok dijieun karamat, 
> aya anu nungguan jrrd lamun eta leuweung diranjah sagawayah cenah 
eta 
> pangeusi leuweung bakal ngamuk, datang rupi rupi bencana ...ngan 
> kusabab penduduk baheula kurang elmu maksudna peringatan kolot ..nya 
> dijien karamat, aya tempat sesajen jrrd padahal maksadna mah 
pangeusi 
> leuweung anu kahiji sasatoan upami tos henteu aya habitat bakal 
> ngaranjah ka kampung kampung anu ahirna ngagangu penduduk kampung 
anu 
> kadua nya eta...cai ..upama sumber cai kaganggu pan kitu..halodo 
hese 
> cai..cai anu aya henteu layak pake jadi bencana panyakit..mun 
> pepelakan hese cai ...gagal..jadina pangan kurang  ..lamun hujan 
jadi 
> banjir ..anu balukarna ngaruksak kampung jeung kahirupanana harta 
> banda , ingon ingon jeung pepelakan anu jadi sumber pangan .bencana 
> deui 
> 
> sami ayeuna di kalimantan oge ..basa tahun 80-an lamun kana kapal 
> udara ...samemeh "mendarat" di Palangkaraya atanapi Balikpapan ..
> ngaliwatan kawasan leuweung anu ngampar daratan..tapi ayeuna ..
> beberapa kawasan teh tos lenang diganti ku tegal eurih anu can 
tangtu 
> tiasa dimanfaatkeun ...padahal eta leuweung teh jadi sumber 
kahidupan 
> penduduk asli dayak jeung penduduk di kota kota boh langsung atanapi 
> henteu langsung seperti sumber cai tea ..pan ayeuna di Balikpapan 
> halodo sabulan oge ..tos ripuh sakota.
> 
> jadi inggis lamun ilegal loging diantep teh ..kalimantan jadi gurun  
> pasir
> 
> 
> 
> 
> 
> --- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra" <[EMAIL PROTECTED]
.> 
> wrote:
> > 
> > -Sampurasuuun....,
> > 
> > Nyakseni oge kang.., Sim kuring kalintang ngenesna ninggal cai 
> > kahuripan teu dipulasara, nyingkah ku nu sarakah, ngejat tanpa 
> > martabat. Pangwangunan di dayeuh maneuh teh nembe kabuka ayeuna, 
teu 
> > aya pisan ras-rasan, saatosna abdi ngalalana nojer jagat milang 
> > kalangkang kedah dumuk di nagri batur.
> > 
> >  AS memang tos kawentar hawek ku politik luar negrina tapi ari 
dina 
> > bidang hukum pangwangunan sareng mulasara alam lingkungan mah 
> > kalintang hadena, pangwangunan di orientasikeun kana kasadaran 
> > wawasan alam, teu sirikna dina nyieun pakumbuhan kangge rahayat 
> > leutik teh lain ngan saukur nyieun tembok ditiungan kenteng cukup 
> > ngan saukur keur tibra sare,  tapi  mertahankeun cai kahuripan 
> > diantawisna lamun aya sirah cai, susukan, talaga,walungan,parit, 
> > taman alam, tangkal kai gede pasti di mumule, dipulasara 
kadangkala 
> > sok ditambahan tinu geus aya, sareng disangga ku hukum anu kuat 
> > kanggo ngalestarikeun alam, salah sawiosna teu kengen ngala hiji 
> > laukdiluar ukuran anu tos ditangtukeun, upami ngarempak bakal aya 
> > mamalana mangrupa denda ageung.
> > 
> > Beuuu....,ari diurang susukan disaatan, walungan dipenetan, sirah 
> > cai diurugan da ngarah bisa dijieun duit leuwih.....bari jeung teu 
> > aya pamit ti rahayat, da pejabat tos kongkalikong.
> > 
> > Bade dikamanakeun atuh ci Kahuripan trh....?????
> > 
> > 
> > 
> > Baktos
> > 
> > 
> > Asep Oeking
> > 
> > 
> > -- In [email protected], ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Haturan Baraya,
> > > 
> > > Nyakseni pisan yen kaayaan alam pakumbuhan di tatar pasundan teh 
> > tos teu 
> > > saendah bihari, teu akur jeung galur nu sok didangding ku para 
> > bujangga 
> > > baheula. Khusus keur kota Bandung sabudeureunana, nu jadi indung 
> > pasualan 
> > > teh nyaeta alam Bandung tos teu tiasa deui nanggeuy kahirupan 
> > manusa anu 
> > > sakitu pagelekna, boh sumber caina boh lahan keur padumukan + 
> > tatanenna, da 
> > > alam oge asa watesna.
> > > 
> > > Balukarna, pasawahan dirobah jadi pabrik, gunung-gunung jadi 
> > padumukan, 
> > > kebon-kebon dibabad jadi villa, jsb. Ayeuna geus malines ka 
urang, 
> > langit 
> > > Bandung unggal poe angkeub ku haseup, cai dipakotaan geus 
> > hararese, beas 
> > > kudu ngimpor, tempat cicing cukup ku sagowok sewang, barudak 
> > leungiteun 
> > > tempat keur arulin, patali marga maracet, jsb.
> > > 
> > > Ceuk kuring, geus mangsana Kota Bandung ngawates diri ti semah 
nu 
> > asal ti 
> > > luar, kumaha we carana mah. Lain arek rasial, tapi saha anu 
nyaah 
> > ka Kota 
> > > Bandung ari lain Urang Bandung sorangan mah. Ari Urang Bandung, 
> > siga 
> > > kuring, kudu ngejat ti Bandung mah ke heula anan, siga anu teu 
> > sukuran ka 
> > > Pangeran anu tos ngagelarkeun kuring di alam Parahiang. Kungsi 
eta 
> > oge 
> > > kapikiran arek pindah pakumbuhan ka Pulo Dewata, sugan ari 
diditu 
> > mah 
> > > langit teh masih keneh bulao, atawa cai teh masih keneh cur-cur 
> > herang, 
> > > tapi dihulag kupikiran sorangan keneh. Naha ari seler sejen 
> geunah-
> > galeuh 
> > > caricing di lemah cai kuring, ari kuring sorangan arek ngejat?. 
> > Ngeunah ehe 
> > > teu ngenah eon atuh ari kitu mah..................
> > > 
> > > 
> > > Ilen Kardani
> > > Nu kadeseh ti dayeuh ka pasisian
> > > 
> > > 
> > > At 07:44 AM 1/27/2005 -0800, you wrote:
> > > 
> > > >Haturan, oge kasadayana wargi us,
> > > >sim kuring kataji aya gegeden lingkungan hidup tatar sunda 
> > rurumpaheun aub 
> > > >bari jeung handap asor muka lawang pikeun nyawalakeun
> > > >pasualan lingkungan hidup - nu ceuk pamendak sim kuring, 
> > kaayaanana di 
> > > >tatar sunda tos kacida parna na. Jigana, langkung payus mah mun 
> > seug urang 
> > > >nyawalakeun jalan kaluar alias solusi kongkrit tibatan murak 
> > pasualan 
> > > >wungkul nu tangtos bakal mo aya tungtungna. Ketang, eta oge 
> > sakadar 
> > > >pamendak sim kuring anu laip.
> > > >Aya hiliwirna, cenah salira nembe mulang ti nagri sakura ? cik 
> > atuh geura 
> > > >purak oleh-olehna,... pangpangna pikeun muka gunem catur 
> > lingkungan di 
> > > >tatar sunda anu samestina jadi kaprihatinan urang balarea.
> > > >
> > > >hatur salam
> > > >ki eurih
> > > >
> > > >> >
> > > >
> > > > > >
> > > > > [jagoan], moderator...
> > > > > icq#: 15405210
> > > > >
> > > > > Complete your Yahoo! Groups account:
> > > > > ------------------------------------------------------------
--
> -
> > -------
> > > > > Your email address has been added to the email list of a 
> > Yahoo! Group.
> > > > > To gain access to all of your group's web features (previous 
> > messages,
> > > > > photos, files, calendar, etc.) and easier control of your 
> > message
> > > > > delivery options, we highly recommend that you complete your 
> > account
> > > > > by connecting your email address to Yahoo account. It is 
easy 
> > and free.
> > > > > Please visit:
> > > > > 
> > > > http://groups.yahoo.com/convacct?email=kepala_bplhd%
> > 40bplhdjabar.go.id&list=kisunda
> > > > >
> > > > > Your use of Yahoo! Groups is subject to 
> > http://docs.yahoo.com/info/terms/
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >PENTING..!
> > > >
> > > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh 
member.
> > > >
> > > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
> > sanksi 
> > > >berupa pencabutan membership.
> > > >
> > > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau 
untuk 
> > selalu 
> > > >mengupdate antivirusnya.
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >---------------------------------
> > > >Yahoo! Groups Links
> > > >
> > > >    To visit your group on the web, go to:
> > > >http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
> > > >
> > > >    To unsubscribe from this group, send an email to:
> > > >[EMAIL PROTECTED]
> > > >
> > > >    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
> > Service.
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >---------------------------------
> > > >Do you Yahoo!?
> > > >  The all-new My Yahoo! &shy; What will yours do?
> > > >
> > > >[Non-text portions of this message have been removed]
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >PENTING..!
> > > >
> > > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh 
member.
> > > >
> > > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
> > sanksi 
> > > >berupa pencabutan membership.
> > > >
> > > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau 
untuk 
> > selalu 
> > > >mengupdate antivirusnya.
> > > >
> > > >Yahoo! Groups Links
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> 
> 
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke