>Sae pisan tah aya anu hoyong ngembangkeun wisata awi teh. Upami teu lepat mah, >kapungkur aya asosiasi awi anu dipupuhuan ku Pa Anang kepala disbudpar Jabar >manten.Duka tah kagiatanana aya keneh atanapi henteu. Pribados oge hoyong >neuleuman "bamboo geants" di Prancis kidul tea. Sugan aya mangpaatna kangge di >lembur engke.
Catetan: Di lembur teh katinggalina kebon awi tos ngawitan ngirangan. Di Bandung kaler, aya lembur anu namina awi ligar. Tapi mangga tinggali ayeuna, salian ti teu aya tangkal awi hiji-hiji acan teh, kapan lahanna oge tos dikapling janten wangunan, malihan mah pasir-pasirna bulistir. Kantos oge dina hiji waktos Kadin Jepang nyuhunkeun dikintun sayuta kendo sasasih ka Kadin Jabar. Tapi teu tiasa kacumponan dan magar teh tangkal awina oge dimana boa. >kang oman, naha aya patalina antara karakter awi jeung >karakter manusa disabudereunana kitu? > >upama nitenan pilemburan di daerah kuring, umumna >pilemburan teh aya di sabudereun kebon awi. salian ti >eta, nu katinggal seuseueurna jenis awi di urang boga >karakter tumuwuhna ngarunggunuk jadi hiji dapuran, >ngaronyok pasedek-sedek. jigana babasan "kumpul >ngariung, bongkok ngaronyok" oge ngagambarkeun kaayaan >dapuran awi. naha ieu aya pakaitna, sareng kabiasaan >urang sunda kurang resep ingkah ti lembur. > >kaayaan kebon awi nu ngarunggunuk jadi dapuran, teu ka >tinggal upama urang ninggal kebon awi dina film-film >mandarin. katinggalna awi di dataran cina, tumuwuhna >macakal satangkal-satangkal, jiga tangkal jati, teu >ngarunggunuk jiga awi di urang. upama eta kebon awi >cina dina film, memang ngagambarkeun kaayaan kebon awi >umumna di cina, boa-boa cina aya dimana-mana >kulantaran resep hirup macakal persis jiga karakter >kebon awina. wallahu a'lam. > >salam, >mh > >--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Minggu-minggu ieu teh keur soson-soson mukaan >> literatur ngeunaan awi. Taya lian dumeh aya sobat >> anu minangsaraya hayang dibantuan nyieun proposal >> pikeun ngahejokeun lahanna kurang leuwih 10 ha di >> Parongpong. Hayang dijieun lahan panaratas puseur >> studi jeung wisata lingkungan awi, saurna. Sakalian >> minangka ilubiung kana nyalindungan unak-anik >> tutuwuhan bangsa awi-awian jeung konservasi taneuh >> wewengkon seserepan cai, saurna deui. > > >==== >bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ >hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ > > > >__________________________________ >Do you Yahoo!? >The all-new My Yahoo! - Get yours free! >http://my.yahoo.com > > > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa >pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
