kang Oman,
 
mani muringkak bulu punduk, aduh makaning kuringmah dihandapeun gunung eta 
lembur karuhun teh, ngabeledug-na baris mokaha pikamelangeunana, beu, manawi 
tehi nuju ebog, nuju kulem anteng gunung tangkuban parahu sareng gunung guntur 
teh,  ulah waka digareuwahkeun, paralun.
 
mugia gusti nangtayungan ka urang sadaya.
 
baktos
 
nenny
 
---- oman wrote----
 
tetela, kaayaan gunung-gunung di Tatar Sunda mah loba anu pakait jeung mitologi 
atawa carita rakyat. Sabagean ti antarana, sakumaha carita Sangkuriang sareng 
sasakala Gunung Guntur, lain anu jauh-jauh, nyilibkeun lalakon bituna 
gunung-gunung, utamana gunung-gunung sabudeureun Bandung beulah kaler 
(Sangkuriang) sareng Gunung Guntur.
.................
Anu kadua ieu anu leuwih penting. Sasayogian keur nyanghareupan datangna 
bancang-pakewuh alam alatan gunung bitu atawa mashur ku istilah mitigasi 
bencana alam. Nengetan data gunungapi-gunungapi di Tatar Sunda, aya 2 gunungapi 
anu pikamelangeun dina danget ieu, nyaeta G. Guntur jeung G. T. Parahu. Geus 
lila ieu 2 gunung heunteu bitu. Paralun, lain miharep eta dua gunung bitu, ngan 
nilik kana "periode-ulang" bituna mah eta 2 gunung teh geus ngaliwatan waktuna. 
Lain nanaon, ceuk pangaweruh vulkanologi, upama hiji gunungapi geus ngaliwatan 
periode-ulang bituna kalawan heunteu bitu-bitu dina mangsana engke bitu (anu 
bisa bae lain dina periode-ulang anu arek kasorangna) ngabeledug-na teh kana 
baris mokaha pikamelangeunana.

Mangga Kang Isya, kawuwuh salira mah ahli sareng sadidinten damel di bagian 
vulkanologi sareng mitigasi bencana geologi (kalebet unak-anik soal bituna 
gunung), geura dadarkeun perkawis kaayaan eta 2 gunung (G. Guntur jeung G. T. 
Parahu). Sakantenan papagon kanggo pamarentah oge masyarakat tiasa ilubiung 
dina taki-taki mayunan bancangpakewuh upama eta 2 gunung ngabeledug. Diantos 
Kang, pedaranana.



                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke