Baraya,
 
Ceuk beja, ti asistenna jeung harewos bojong ti babaturan, samemeh padungdung 
Kang Adang jeung Mas Joko teh dina marebutkeun korsi rektor itb,  aya deui 
calon anu kawilang kuat, namina Kang Denny. Kang Denny teh lain sasaha keur 
kuring mah, nya kasebutna anu ngaping waktu si kuring neruskeun deui diuk di 
bangku kuliah. Ongkoh basa keur S1 teh nya kaasup asistenna si kuring teh dina 
mata kuliah geologi teknik jeung hidrogeologi.
 
Kang Denny Juanda Puradimaja, hiji doktor hidrogeologi lulusan hiji paguron 
luhur di Perancis. Anjeunna asli US anu kawitna ti Indihiang, Tasikmalaya tea. 
Jeung mas Joko teh anjeunna sajurusan pisan. Sabab, jurusan teknik geofisika 
mah, tempatna mas Joko ngadosenan ayeuna, kawilang anyar, beubeulahan ti 
jurusan geologi jeung geofisika (mipa). Boh ku mas Joko atawa ku Kang Denny, si 
kuring teh kungsi didosenan.
 
Prestasi Kang Denny dina widang manajemen paguron cap gajah ieu kawilang 
nyoncolang. Kaasup profesor pang ngorana, atuh janten pembantu rektor oge pang 
ngorana. Dina manajemen kawilang sae, taliti tur efisien. Sakitu nyongcolangna, 
loba anu "heunteu resepeun", kulantaran nyakitu, ku Kang Denny mah manajemen 
jeung kinerja karyawan teh dicandak kana jihat anu efektif tur efisien. Salah 
satu prestasina teh waktos itb ngawangun Sabuga, gedong teknologi jeung 
kabudayaan anu mashur ayeuna, jeung wangunan-wangunan sarana atikan sanesna di 
itb. 
 
Ngawangun Sabuga jeung gedong itb nu sanesna teh migunakeun dana hibah ti 
jepang. Kang Denny anu minangka pimprona waktos harita dugi ka hasil ngarobah 
hiji kepmen ngeunaan aturan ngawangun gedong. Eta Kepmen teh peryogi dirobah 
sabab ngahalang  kana kinerja pangwangunan fisik model kitu anu kudu anggeus 
dina waktu anu samporet. Oge sakumaha urang terang, seueur kepmen atawa aturan 
pamarentah anu jadi liang blas-blusna KKN, nya sarupa kitu oge eta kepmen memeh 
dirobah.. 
 
Ku sakitu efesien sareng efektifna dina ngokolakeun eta proyek, itb dugi ka 
kenging sesa anggaran proyek (siap) anu ageung, kalawan rencana proyek ti 
anggangna tetep bisa kahontal. Ku kersana Kang Denny, eta siap teh heunteu 
dituang ku nyalira atawa dibagi-bagikeun diantara rengrengan pimpro, balikta 
didamel ngaropea hiji wangunan deui kalawan dimekarkeun. Bangunan rektorat itb 
anu di jl. tamansari anu nambahan ageung tur sakitu anggrengna eta teh tina 
ladang siap bantuan anu ti jepang tea.
 
Kang Denny...........ceuk beja...heunteu terus maju janten salah sahiji calo 
rektor itb periode ayeuna teh sanes teu kompeten. Namung, ceuk cenah, kusabab 
yuswana anom teuing. Keun bae, aya keneh kasempetan kapayun. Manawi pareng 
sadayana, Insya Alloh kapayun itb gaduh rektor US deui pituin ti Tasikmalaya, 
nyatana ti TS.
 
Baktos,
manAR   
 


ma_wardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

di sakola jalan ganesha ,nu kakoncara tea, 
kamari nuju tanding keris mas joko sareng kujang kang adang ,
merebutkan tahta rektor ITB.

epek teh, keris mas joko santoso langkung hade tibatan kujang na kang 
adang surahman...

duka iraha deui nya , sakola i te be cap gajah tea, dipingpin ku 
urang sunda deui, sa atos jaman pak Dody Tisna amidjaja almarhum....

mereun kusabab lambang na oge gajah ganesha , nu sanes asli sunda, 
janteun , urang sunda teu tiasa nyepeung di itb teh...
mereun keudah digentos lambang na ku kujang atau si kabayan keur 
heuay...

urang sunda, jiga na ceukap ku berkuasa di jalan dipati ukur wungkul 
( unpad ), tah mun di dinya mah, ti kapungkur oge rektor na pasti 
urang sunda...

salam baktos

alma

alhamdulillah tiasa oge ngaraosan sakola cap gajah tea






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



  • Kang Denny-->Re: [kisunda] mas joko vs kang adang di I... oman abdurrahman

Kirim email ke