Pribados oge hoyong terang rada teleb kana agama sunda teh. Ngan hanjakal dugi 
ka ayeuna, siga teu acan aya anu kersa ngabeunyeur beaskeun. Duka ku naon?. 
Upami aya anu uninga (utamia ka Den Ira oge ka kang Engkus), aya sababaraha 
patakonan anu mudah-mudahan tiasa dijawab:

1. Ti iraha agama sunda teh ayana.
2. Naon inti ajaranana
3. Dina naon eta ajaran teh ayana (naon kitabna)
4. Naon bahasana (bahasa Sunda jaman iraha?)
5. Saha anu ngawitan ngajarkeunana?
6. Kumaha eta ajaran ditampi ku anjeuna (wahyu, wangsit ?)
&. Khusus ngeunaan Susuru, Cigugur, Lebak Cawene, Ciptegelar, Gunung Halimun, 
Kanekes -- naha eta teh sami -- saajaran? atanapi masing-masing. Upami sami, 
kumaha samina; upami benten kunaon bet benten?

Punten ieu mah talete teh, pedah hoyong uninga. Kapan cek bahasa rumaja oge, 
kumaha rek bogoh lamun teu wanoh. Nuhun pisan kana waleranana.


Ganjar Kurnia

Ganjar Kurnia



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke