Bagea Kang Ilen (hapunten, leuir pisan ieu waleran teh), Euh...paingan atuh, harita teh keur pabaruan di pendopo, si kuring teu eureun rungah-ringeuh tepi ka acara dikawitan bae mah. Rarasaan teh aya anu nengetkeun jeung teu weleh milarian babaturan, asa nngalonggeang sanajan dibaturan ku Kang Wawan anu heunteu aktif di milist. Keun bae atuh Kang, teu acan pareng mana kitu oge. Ke kapayun sugan urang tiasa sasarengan ngaluuhan panglawungan samodel acara pabaruan. Seratan anu kawilang kumplit ngeunaan kalender sunda parantos aya dina milistna. Mangga uningaan bae di alamat ieu: http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm. Leres, teu acan kumplit pisan. Ke manawi talatah ti salira ieu urang dugikeun ka panitia anu medalkeun eta kala Sunda. Perkawis bulan purnama anu ninggang dina kaping 7 atawa 8 paro caang kala Sunda tiap sasihna, leres eta salah sawios akibat (implikasi) tina perhetangan kala sunda anu dumasar ngiderna bulan tiap sasih (Candrakala). Rupina, kaluli-lulina kalaider Sunda teh nya parantos lami pisan, ti jaman manaboa, tebih sateuacan mangsa diciptakeunana paribasa sapertos " mugi agung cukup lumur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan...jst". Duka tah Kang lebah dinya na mah. Namung, ku emutan, upama digeserkeun eta pananggalan sangkan pas ragragna purnama teh dina tanggal 14 bulan saka Sunda, tantuna baris ngarobah sistem perhetanganana. Anu antukna sadaya perhetangan anu nuduhkeun eta kalender kalintang akuratna baris pasolengkrah. Keur saheulanan, oge kulantaran ngeunteung kana pajamanan anu mana ayeuna geus ngabaju kalender sistem Masehi jeung Hijriah, kala Sunda teh urang ajenan bae salaku hiji usaha pikeun nangtukeun pananggalan anu leuwih akurat. Kapayun, upama parantos ngamasyarakat atawa "mendunia", nya sigana kuang kumaha, wayahna paribasa anu kudu diropea teh. Manawi sapuk, kitu oge. Baktos, manAR
ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan Kang Oman, Sim kuring teh ngaluuhan acara di Pendopo tea, sareretan ningal Akang tapi teras leungiteun deui (da kabujeng lampu dipareuman), padahal meni hoyong pisan ngobrol neraskeun hanca tipayun. Ngan sim kuring teu dugi ka rengse harita teh, maklum kedah wangsul ka gunung atuh, janten ngereles ti payun da bilih teu aya angkot. Sim kuring ngarojong pisan kana tarekahna Abah Ali, bujeng-bujeng dina leresna sok sanaos lepat oge moal burung dihaminan. Sae pisan upami diusulkeun sangkan anjeuna ngadamel seratan anu kumplit, sanes ukur perhitungan secara matematis wungkul tapi sareng tinjauan astronomina. Hoyong sim kuring usul, sangkan kaping hiji tina unggal sasih teh tetep wae nurutkeun meletekna bulan supados akur sareng sistem kalender qomariah anu sanesna. Upami numutkeun Bah Ali, kaping hiji tina unggal sasih teh nyaeta keur bulan sapasi (paro caang), upami kitu bulan purnama teh sanes kaping opat belas tapi kaping dalapan. Ari kitu, wayahna paribasa, "Caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan" kedah digentos ku "Caang bulan ping dalapan, jalan gede sasapuan".......... ;-). Oge seratan-seratan Panghulu Hasan Mustofa anu nyabit-nyabit caang bulan opat belas teh kedah digentos oge, bisi ieu kalender teras dianggo ku generasi nu bakal datang,ulah aya sangkaan seratan-seratan PH Hasan Mustofa kaliru demi nyebutkeun caang bulan opat belas, padahal caang bulan mah ping dalapan. ;-) Punten da eta mah mung emutan sim kuring wungkul. ilen kardani At 01:27 AM 1/27/2005 +0000, you wrote: >--- In [email protected], "Oman Abdurahman" ><[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >Baraya, > >Sakedik (heulaanan, sugan pareng engke diteruskeun) kahaturkeun >ngeunaan kalender Sunda tea. Sakumaha laporan Ua Sas ti payun, malem >Salasa, 18 Januari 2005 (Anggara, 1 Suklapaksa/paro caang, bulan >Kartika/01, Taun 1941, Saka Sunda), diayakeun "pabaruan". Ari >pabaruan teh taun baruan tea, pikeun "peluncuran" kalender Sunda >sakaligus ngawanohkeun ka balarea yen Sunda ngabogaan sistem >kalender anu leuwih akurat. PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
