Baraya sadaya,
Padungdengan negunaan agama upama marebutkeun bebeneran, moal aya anggeusna. Jalaran masing-masing baris ngaku pang benerna. Si kuring seja mairan jejer anu sarupa kieu upama sadayana aya kasadrahan yen numutkeun kaadilan Pangeran, masing saha bae jalmi, agama naon bae lahiriahna, upama anjeunna nyepeng agama kalawan prak ngalakonan naon anu jadi papagon agamana sewang-sewangan, aya kamungkinan eta jalmi kenging piwelas jeung pangampura Gusti pangeran saestuna(ceuk basa populerna mah asup sawarga tea). Sabab, aya sababaraha alesan nyoko kana hal anu bieu teh. Anu kahiji, soal distorsi agama Islam anu dugi ka urang. Upamana bae disebutkeun yen agama Islam teh agama pang benerna. Namung, teu acan tangtu Islam anu dipikawanoh ku urang teh Islam anu dimaksud ku anu nurunkeunana jeung Nabi saw anu janten utusanana pikeun nepikeun eta agama ka manusa. Apan nyakitu, aya bae distorsi, upami urang nilik kana sajarah tepina agama Islam ka urang (soal komunikasi). Anu kadua, nyoko ka hal anu kahiji, heunteu satiap jalmi kenging akses kana agama Islam anu saestuna. Jelasna, seueur jalmi anu nampi agama Islam teh Islam anu tos kakotoran tea, alias terkontaminasi. Kusabab kitu, munasabah upama seueur jalmi anu ningal Islam teh Islam realitas anu aya, anu ceuk emutan aranjeunna heunteu luyu pikeun kahirupan. Sok komo upama realitas anu katingal ku aranjeunna teh sanes leres-leres inti ajaran agamana, namung perilaku ummatna anu seueur heunteu luyu kana papagon Islam anu dianutna. Anu katilu, kulantaran harti "ad-dien" teh sakitu jembarna. Mangga, uningaan bae geura dina artikel ngeunaan makna ad-dien di alamat ieu: http://www.muthahhari.or.id/community/articles.asp?id=71. Tetela geuningan, numutkeun anu nyerat eta artikel (anu notabene anjeunna teh muslim oge) panganut agama naon bae upama anu nganutna tos pasrah jeung ngarendahkeun hatena kana bebeneran, kamungkinan tiasa kalebet golongan anu nganut ad-dien. Sawangsulna, anu nganut agama naon bae, upama kalakuanna patojaiah sareng laku lampah jalmi anu sumerah jeung rendah hate kana bebeneran, eta heunteu kalebet kana warga ad-dien. Tina sakabeh anu ditataan, pamustunganana, ari nyepeng agama mah urusan hate, namung anu nandakeun jalmi beragama atawa heunteuna mah nya teu aya lian: laku lampah tea. Kusabab kitu, munasabah, upama urang nitenan Al-Qur'an, dimensi pangpentingna dina agama Islam teh geuningan sanes dimensi ideologi, ritual, intelektual, sareng mistikal, balikta dimensi sosial tea. 90% ayat Al-Qur'an madungdengkeun sareng ngatur urusan sosial. Jadi, sakumaha sadaya tos seueur anu sapuk, eupas tina naon bae sesebutan agama anu diaku ku satiap jalmi, anu kudu dibalitungkeun teh taya lian ti lakulampahna bae. Sabab teu saeutik jalmi anu migunakeun agama atawa cecekelan hirup salaku alat. Atas nama agama, lain pikeun agama. Hiji hal anu patojaiyah jeung kamanusaan. Kukituna, diskusi ngeunaan agama anu kami seja ngahaminan, taya lian ti diskusi ngeunaan kumaha carana pikeun ningkatkeun laku manusa anu hade, pikeun ngaronjatkeun sumbangsih urang keur kamanusaan, pikeun tambah nguatan sikep urang lebah "pikeun agama", tinimbang "atas nama agama", alias keur nambahan sumerah diri jeung rendah hate urang kana bebeneran tea. Cag heula, hapunten bilih seueur teuing lepatna. Baktos, manAR --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Di handap ieu artikel ti Mangle-online > (http://www.mangle-online.com/view.php? id=040721232243&kategori=Berita&klasifikasi=Tamu), > medar ngeunaan AGAMA SUNDA. Kade ati2 dina ngahartikeunana, sabab nu > dimaksud AGAMA SUNDA dina artikel ieu hususon ka hiji kelompok nu > ngagem kapercayaan nu sacara resmi disebut AGAMA SUNDA, lain agama > urang Sunda dina harti agama nu asli kungsi diagem ku urang Sunda > jaman baheula.. > > Nempo dina komentar2na, sawareh warga milis sigana geus kungsi maca > ieu artikel, da geus rada heubeul ongkoh. Nyanggakeun! > > sikandar > ----------------------------- > > Dr. Abdul Rozak, MA > Naha Enya Aya Agama Sunda? > > > Agama Sunda dipikawanoh minangka Agama Kuring, Agama Traju Trisna, > Agama Pancasila, Ilmu Sajati, Jawa Jawi Mulya, Agama Yakin Pancasila, > Aliran Kebatinan Perjalanan, atawa Permai (Persatuan Masyarakat > Marhaen Indonesia). Naha enya aya agama Sunda? Saha tokohna jeung > kumaha ajaranana? > > Dekan Fakultas Ushuluddin IAIN Sunan Gunung Bandung, Dr. Abdul Rozak, > M.A, boga hasil panalungtikan nu hade patali jeung Agama Sunda. Ieu > panalungtikanana teh mangrupa disertasina basa ngarengsekeun S3-na di > IAIN Syarif Hidayatullah, Jakarta, Januari 2003. Judul disertasina: > "Teologi Aliran Kebatinan Perjalanan atau Teologi Agama Sunda". > > Nurutkeun pangakuan Abdul Rozak, nu lahir di Losari, Brebes, Jawa > Tengah, 11 Juni 1952, nu jadi kasangtukang dirina nalungtik Agama > Sunda teh, salah sahijina, sabab salila ieu nu aliran kabatinan sok > dianggap aliran Kejawen. Nu nyebutkeun kitu teh, di antarana Prof. > Kamil Kartapradja. > > Ku sabab sok diidentikkeun jeung Kejawen, atuh tangtuna aliran > kebatinan teh kuduna mah ayana ngan di lingkungan masarakat Jawa > wungkul, sabab inti-intina Kejawen mah pan ngalestarikeun budaya Jawa. > Nu jadi kapanasan teh, ceuk Abdul Rozak, tapi naha di Sunda oge aya > aliran kabatinan? > Tina kasang tukang samodel kitu pisan, nya Abdul Rozak, ngangkat > kahemengna jadi disertasi. "Basa diteliti, breh we katembong, geuning > bener aya aliran kabatinan asli Sunda. Malah tokoh-tokohna oge kabeh > Sunda," ceuk Dr. Abdul Rozak, M.A basa ngobrol jeung Mangle di Rohang > Dekan Fakultas Ushuluddin, Kemis, kamari ieu. > Ieu panalungtikan teh, nurutkeun Abdul Rozak, sakaligus ngagugurkeun > tesis Pa Kamil Kartapradja nu boga anggapan yen aliran kebatinan teh > Kejawen. "Aliran kabatinan mah, nya aliran kabatinan we, hiji > organisasi sosial nu aya niley-niley spiritualna, nu dikembangkeun ku > masarakat. Landasanana kultural, dina hartina leuwih ngembangkeun > aspek budaya," tandesna. > > Aliran Kabatinan > Agama Sunda mangrupa salah sahiji aliran kabatinan nu aya di > Indonesia, diadegkeun ping 17 September 1927, di Desa Cileuleuy, > Cimerta, Kabupaten Subang. Tokoh-tokohna teh aya tilu urang: Mei > Kartawinata, M. Rasyid, jeung Sumitra. Sabadana, eta tilu tokoh taya > di kieuna, kapamingpinan Agama Sunda diteruskeun ku Dewan Pimpinan > Musyawarah Pusat jeung Daerah (DMP/DMD) sacara kolektif. > "Di Jawa Barat, meh di saban kabupaten jeung kota nu ngaranna DMD teh > geus ngadeg. Ari kapamingpinan puseurna aya di Jakarta, dicepeng ku I > Rustama Kartawinata, putra Mei Kartawinata. Alamatna di Minangkabau > Dalam, Jakarta Selatan," ceuk Abdul Rozak ngajentrekeun. > Aliran kabatinan teh, pokna, teu saukur mekar jeung berkembang di Jawa > Tengah. Tapi oge, di wilayah Jawa Barat. Malah lamun nurutkeun data > PAKEM (Pengendali Aliran Kemasyarakatan) mah, di Jawa Barat teh 63 > aliran. Nya di antarana nu disebut Agama Sunda. > > Nu jadi kasang tukang lahirna Agama Sunda, ku sabab turunna sapuluh > wangsit nu ditarima sacara lisan ku tilu tokoh nu ngadegkeun Agama > Sunda. Sapuluh wangsit eta nu disebut Dasa Wasita tea. > Ajaran Dasa Wasita teh, ceuk Abdul Rozak, nyaeta: 1. Teu meunang > ngahina jeung dihina bari taya alesan nu jelas, 2. Ajaran silih > pikanyaah jeung akhlak nu mulya, 3. Teu meunang ngagunakeun potensi nu > aya dina diri manusa pikeun kapentingan hawa napsu, potensi kudu > digunakeun pikeun tutulung ka sasama manusa, 4. Ajaran sangkan gawe > soson-soson minangka darma, 5. Kabeh karunia datangna ti Gusti nu kudu > disyukuran. > Kadieunakeun, ceuk Abdul Rozak, ajaran Agama Sunda teh nambarkeun. > Nyaeta ngajarkeun nyembah ka Gusti Nu Maha Tunggal ngaliwatan heneng, > hening, eling, awas, waspada, jeung ajaran sejenna semedi dina tanggal > 17 September. "Sabenerna, dua ajaran ahir ieui lain tina ajaran Dasa > Wasita. Tapi ceuk pingpinan pusatna, ieu dua ajaran teh memang asalna > tina wangsit oge," ceuk Abdul Rozak. > > Dina konsep Ketuhan, Agama Sunda ngajarkeun yen Tuhan teh aya, tapi > aya-Na teh teu sarua jeung ayana sagala kaayaan dunya jeung alam > semesta. Agama Sunda oge ngajarkeun yen Gusti teh Maha Esa. Wujud > ke-Esaan-Na geus aya samemeh dunya jeung saisina aya. "Agama Sunda oge > ngajarkeun dina konsep teologina yen Tuhan teh Maha Kawasa, Maha > Mandiri, Maha Tunggal, Maha Uninga, Maha Mendengar, jeung sabangsana," > ceuk Abdul Rozak. > > Ku para panganutna, minangka Dzat YME Tuhan, remen disebut make aran > nu beda-beda. Diantarana Hyang Maha Agung, Hyang Maha Murba, Hyang > Sukma, Hyang Widi, Hyang Manon, Hyang Maha Adil, Hyang Maha Pemurah. > "Pikeun kagiatan ritual, panganut Agama Sunda henteu nangtukeun sarana > jeung lokasi. Ritualna bisa dilakukan di mana wae nu pantes, nu > dipentingkeunana teh kabersihan batin," pokna. > Acara ritualna, diwujudkeun dina bentuk Heneng, Hening, Awas, Eling, > jeung Waspada. Heneng hartina cicing bari ngalepaskeun diri tina > sagala pikiran jeung ingetan kana masalah kadunyaan sangkan bisa > ngarasakeun nikmatna anugerah ti Gusti Nu Maha Esa. > > Ari Hening hartina ngabersihkeun batin saolah-olah jadi eunteung nu > bening. Awas hartina awas hate nurani, lain awasna bagian tina > pancaindera. Potensi awas baris bisa ngabedakeun mana urusan nu wajib > jeung mana urusan nu nu teu wajib dilakukeun, boh pikeun dirina boh > keur manusa sejenna. "Eling ngandung harti ngupayakeun hirup jeung > kahirupanana didadasaran ku cinta kasih. Manusa minangka Kaula Gusti > wajib kumawula ka Tuhan YME kalawan eling," ceuk Abdul Rozak > ngajentrekeun. > Atuh ari nu disebut Waspada, tandes Rozak, ngandung harti kaayaan dina > introspeksi salawasna. Tujuanana sangkan dirina meunang kaberuntungan. > Sabab, ceuk ajaran Agama Sunda mah, waspada teh kacida nangtukeunana > pikeun hiji jelema. > > Wangsit Munggaran > Wangsit jadi sumber utama pikeun para panganut Agama Sunda. Wangsit > munggaran, ditarima tanggal 17 September 1927, jam 12.00 beurang. Eta > wangsit teh, cenah mah, ditarima ku tiluan, nyaeta Mei Kartaprawira, > M. Rasyid, jeung Sumitra. Eta wangsit teh mangrupa sora-sora nu jentre > kadengena. Tapi, eta wangsit oge, cenah mah, mangrupa tingkah polah > pihak sejen nu dilakukeun di hareupeun tilu urang tadi. > "Wangsit nu munggaran turun waktu tiluanana dumuk di Kampung Cimerta, > Subang, Jawa Barat. Turunna pas Poe Juma'ah Kliwon, 19 Rabiul Awal > 1858 Taun Saka di sisi walungan Cileuleuy," Abdul Rozak ngadadarkeun > kalawan eces. > > Minangka hiji ajaran, wangsit nu ditarima teh dikumpulkeun dina wujud > buku, jeung dijadikeun padoman ku para panganutna. Sacara umum, aya > dua buku nu dijadikeun buku utama. Buku kahji, judulna teh, "Budaya > Spiritual Aliran Kebatinan Perjalanan," buku nu kadua judulna teh, > "Pangeling-ngeling". > Buku "Pangeling-ngeling" dicetak dina format leutik, ukuran 10X16X1 > cm. Jumlah kacana aya 23 kaca, ditulis ku Mei Kartawinata, salah > saurang nu ngadegkeun nu meunang wangsit, tur nu milu ngadeugkeun > Agama Sunda. "Ditulis taun 1951, eusina mangrupa nasehat-nasehat ti > Mei Kartawinata pikeun para anggota Agama Sunda," ceuk Abdul Rozak. > Eusi nasehat-nasehatna ditulis dina wangun dialoh dina basa Sunda > antara tokoh Nunggul jeung Nunggal. Nasehat sejenna ditulis dina > wangun nyanyian. Nyanyian kahiji judulna teh "Mamanis" dina wirahma > Dandang Gula. Nyanyian kadua "Ka Anu Anom" dina wirahma Sinom. > Nyanyian katilu "Kasamaran" dina wirahma Asmarandana. Nyanyian kaopat > "Mundur Maju", dina wirahma Durma. Eta di antarana mah. > Ari buku sejenna nyaeta "Budaya Spiritual Aliran Kebatinan > Perjalanan", dicetak dina ukura ukuran rada lebar tur rada kandel. > Ukuranana 14,5X20,5X1cm. Jumlah kacana 79 kaca. Buku ieu mangrupa > himpunan ajaran-ajaran Agama Sunda. "Ditulis ku I Rustama Kartawinata, > Ketua DMP Agama Sunda. Buku ditulis 6 Juli 1987 di Jakarta. Buku ieu > teh mangrupa buku padoman pokok warga Agama Sunda. Sabab eusina teh, > salian ti rupa-rupa aspek nu patali jeung esensi ajaran, juga mangrupa > jawaban-jawaban ka sababaraha urang nu ngayakeun panalitian," Abdul > Rozak nandeskeun. > > Teu Asup Akal > Tina hasil panalungtikan, Dr. Abdul Rozak boga kacindekan yen wangsit > nu diyakini ku tilu tokoh tadi teh kaasup teu logis atawa teu > rasional. Boh ditilik tina jihat teologis boh tina kacapandang ilmiah. > "Aya sangkaan kuat, ayana wangsit teh mangrupa upaya ngawangun > legitimasi kapamingpinan maranehna," pokna teh. > Kasimpulan nu ditandeskeun ku ieu Sekretaris Ikatan Sarjana Nahdlatul > Ulama (ISNU) teh, tangtuna oge boga alesan nu kuat. "Dina masarakat nu > masih nkeneh sederhana, nu boga kaperyaan kuat kana carita-carita > pawayangan, tangtuna kacida percayana kana ayana wangsit nu turun ka > pamingpin. Pikeun masarakat samodel kieu mah, aya kayakinan, sing saha > nu geus meunang wangsit maka eta tokoh teh kudu jadi pamingpin pikeun > golonganana," pokna teh. > > Leuwih jauh, Abdul Rojak nandeskeun, lamun dianalisis kalawan teleb > bisa diungkabkeun yen wangsit dasa wasita teh sabenerna ngan > nyaritakeun aspek pikukuh-pitutur sosio-kultural etnik Sunda. > "Kukituna bisa ditandeskeun yen sacara sosio kultural etnik Sunda teh > ngarah kana kabatinan. Ari ajaran teologina, sabenerna lain pikukuh > atawa pitutur sosio-kultural etnik Sunda sacara "genuin". Sabab sacara > faktual, ajaran teologi pikukuh-pitutur sosio-kultural etnik Sunda teh > cenderung animisme," pokna teh. > Agama Sunda, ceuk Abdul Rozak, memang ngajarkeun teologi, nu intina > yen Tuhan teh Maha Esa kalawan sababarapa sipat kacida miripna jeung > teologi Islam Sunni, oge ngajarkeun semedi, penyembahan ngaliwatan > roh-roh nenek moyang jeung sejenna nu animis. "Ku kituna, sim kuring > yakin yen teologi Agama Sunda mangrupa rekayasa," pokna mungkas > obrolan. [MANGLE 1974] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
