aeh punten mairan sakedik kang oman..
ieu ti warga houston aya sakedik mairan bade di titip wae ka akang, ke anu 
sanesna nyusul
da abdina nuju di padamelan keneh, di kota sanes.
 
bade di paksa wae, ke dikintun ka alamat kantor rupinamah nya kang, punten ach 
kedah janten upas tah akang teh, kumawantun abdi bongan akang ngageuing US sa 
alam dunya kedah ngabantos anu kamusibahan.
 
mangga kang upas oman, kersa teu keursa kedah akang anu nampi sarta 
ngajajapkeun ka garut. wilujeng sibuk.
 
 
baktos
nengnenny
 

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Rampes,

Kang Asep oge baraya sadaya, ke...ke...ieu teh jadi 
katempuhan "buntut maung". Satadina mah sugan teh aya anggota ieu 
milist anu lungguh di pamarentahan atawa organisasi seja ngokolakeun 
kalebet panampian sumbangan-sumbangan. Ari kami mah kasanggupan 
samemehna ti heula teh ukur jadi utusan pikeun nganteurkeunana, kitu 
oge upama kaamanahan ku sadayana.

Ayeuna Kang Asep makumaha ka kami, nya ari diperedih mah aub katut 
jadi bokor pikeun ngawadahan sumbangan-sumbangan, mangga teh teuing. 
Ngan kumaha carana? Aya dua alternatif anu kaemutan saheulaanan. 
Kahiji, nyieun rekening anyar. Kadua ngamanfaatkeun rekening pribadi 
kami. Ari sorangan mah asa panceg kana nyieun rekening anyar sanajan 
rada merlukeun waktu.

Anu kapikiran saterusna, upama alternatif anu kahiji anu dipilih, 
kumaha sangkan eta rekening teh bisa manjang saterusna, heunteu 
gebyah uyah. Maksud teh supaya rereongan ieu tiasa manjang pikeun 
pikahareupeun dina mangsa-mangsa aya kaperluan sarupa tiasa 
dimanfaatkeun eta no rekening. Kukituna, mangga ka para wargi, 
diantos sumbang saranna, pikeun sistem akuntabilitas keuangan anu 
hade, anu dipiharep sangkan sistem teh bisa ngahengker tina laku 
talobeh anu matak ngabalukarkeun fitnah jeung karugian. Diantos, 
upama kedah midamel no rekening khusus keur sumbangan ieu, naon 
namina? kumaha sistemna? saha bae anu kenging hak nyandak? jst.

Ari alternatif anu kadua mah gampang. Upama kasaluyuan, si kuring 
bade ngajapri no rek kami pribadi ka para wargi sadaya anu seja 
maparinan sumbangan keur korban bencana alam di jabar. 
Ke "pertanggunganjawab"-na ku kami diposting sacara periodik 
saparantos aya sumbangan anu lebet.

Rupina sakitu bae. Neda wening galihna ka sadayana, pamugi tiasa 
urun rembug dina leresan ieu anu kalintang pentingna.

Tansah,
manAR

--- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra" 
wrote:
> 
> -Sampurasuun..,
> 
> Kang Oman, nyambung caritaan kana "diantos perhatosanana kanggo 
> bencana alam di Garut", Sim kuring teu acan gaduh wadahna kanggo 
> ieu, margi sababaraha urang baraya sunda parantos naroskeun kamana 
> dana bade disalurkeunana maksadna No.Rek.Bank, sanes akang teh 
bade 
> ngiring aub kaditu..?? 
> 
> 
> Baktos
> 
> 
> Asep Oeking-FL 
> 
> -- In [email protected], oman abdurrahman 
> wrote:
> > Baraya, 
> > 
> > Kajadian bencana alam di Aceh siga anu patalepa, sajaba ti lini 
di 
> Palu, kamari ieu geus der deui lini anu heunteu kasebut leutik di 
> wewengkon Kab. Garut beulah kaler jeung Kab. Bandung beulah kidul. 
> Tetela, lain warga Aceh bae anu merlukeun kanyaah urang teh, 
> geuningan tunggal dulur satatar Sunda keneh, khususna di Kacamatan 
> Pasirwangi anu jadi korban lini di Jabar ayeuna-ayeuna ieu teu 
acan 
> kapalire. Hal ieu sakumaha tiasa kailo dina warta koran "Pikiran 
> Rakyat poe" kamari jeung poe ayeuna di handap ieu: 
> > http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0205/05/0101.htm jeung 
> http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0205/06/index.htm. 
> > 
> > Sumangga atuh, ka dulur-dulur di sakuliah dunya, mangga urang 
> sasarengan merhatoskeun dulur-dulur urang anu nuju nandangan 
kasusah 
> alatan bencana alam lini. Tiasa bae eta warta salaku iber 
> kasagtukang kanggo anu bade nyusun proposal pikeun ngempelkeun 
> bantosan (haturan Teh Nenny, mugi tiasa nyalabarkeun ieu warta ka 
> Kang Dadang di California anu kamari ngobrol di chat conference. 
> Hatur nuhun).
> > 
> > Kanggo napak tilas jejer-jejer anu pakait jeung eta warta tur 
naon 
> anu parantos dipadungdengkeun di ieu milist, mangga tiasa diilo 
> arsip file posting di kisunda di handap ieu:
> > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11237
> > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11241
> > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11216
> > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/11151
> > 
> > Wilujeng urun rembug ka sadayana. Pumugi aya bantosan nyata ka 
> warga urang di Garut kaler sareng pakidulan Bandung anu nuju 
> nandangan musibah. Amin.
> > 
> > Baktos,
> > manAR 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > ---------------------------------
> > Do you Yahoo!?
> > Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
> > 
> > [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke