Nyaeta pribados sok rajeun nyerat subulang bentor teh, taya sanes bari ngaderes deui basa Sunda. Di lembur sering teu kasiwer. Ayeuna mah pedah sono sugan, jadi ngahaja maksakeun. Soal urang Indonesia anu teu tiasa aruih deui, memang gadangu wartos. Masalahna duka ku naon? Upami pulitik mah, kapan cenah ayeuna tos terbuka sareng teu aya pasualan. Tapi duka ketang teu paham. Nuhun.
>Waalaikum salam. >Muhun Kang, komo sim kuring, "kosa kata" sunda teh >mung sekedik anu dipigaduh, aya oge mung >sakitu-kituna. >Simbol-simbol anu ngarangkai jadi kata teras kalimat, >sok kadangmah sesah ngedalkeunnana. Ku media ieu, >mudah-mudahan tiasa nambih perbendaharaan kosa kata >anu nuju ku sim kuring keur dilakonan. > >Kang kantos nganjang ka restoran koperasi indonesia di >paris ? Saurna seeur orang indonesia nu teu tiasa >mulih ka indonesia ? > >Hatur nuhun >MZ >Kango ka Kang Oman, kumaha upami dinu karopak(files >direktori) yahoo groups, dilebetkeun "file" anu >topikna kantos diguar di milis ieu, sepertos kintunan >Kang Ilen, perkawis topik "agama sunda"; atanapi >"best of the best" topik nu kantos mucunghul di ieu >milist, ti saha bae. > > > >--- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> >> Assalamu�alaikum Wr.Wb. >> Salah sawios pangajaran penting tina ayana diskusi >> dina rohangan milist ieu, tetela komunikasi teh >> sesah. Sering aya distorsi antawis naon anu >> didugikeun sareng naon ku anu katampi ku ana macana. >> Contona, dina mangsa pribados nyerat teu kedah >> nyebat profesor, amanat anu hoyong didugikeun teh : >> urang kudu bisa nempatkeun diri antara status jeung >> peran. Kusabab pribados ayeuna keur teu nyangking >> status jadi guru besar (hartosna nuju henteu >> ditugaskeun ngajar di paguron luhur) janten >> sapribadoseun mah asa teu kedah disebat profesor. >> Tapi kesan anu katampi ti anu maca eta seratan tiasa >> wae janten benten, diantawisna : handap asor, >> malihan pujieun ssjb. atanapi anu ditinggali teh >> kecap ambek jeung pundungna -- padahal dua kecap anu >> panungtung mah estuning heureuy anu ceuk pribados >> mah gaya Sunda (pribados kalebet anu teu resep kana >> panyakit urang Sunda anu sok pundungan lamun beda >> pamadegan). >> Nya kitu deui dina waktos pribados naroskeun >> sababaraha patarosan ngeunaan agama Sunda. Patarosan >> teh estuning clak putih clak herang, estuning ku >> hoyong terang � margi seueur dibahas dina rohang >> publik sapertos ieu, tapi naon anu janten intina teu >> terang. Tiasa janten ayana kacurigaan-kacurigaan >> atanapi dianggap �aneh� teh kumargi eta. Kukituna >> dina waktos aya waleran : �araringgis ari ditaros >> ku anu laluhung elmu kasundaanana�, pasualan janten >> teu kontekstual. Anu ditaroskeun �substansina� ari >> anu diwaler �anu naroskeunana� atanapi hal-hal sejen >> anu teu aya pakuat-pakait sareng naon anu >> ditaroskeun. >> Palebah dieu, pribados oge mafhum. Dina maca hiji >> tulisan teh tiasa dimaknaan benten-benten. Mantak >> naroskeun oge estuning teu ngartos, hoyong terang, >> tetebiheun tina ngarasa luhung. Upami naroskeun anu >> tos terang eta mah disebatna nguji. Sakali deui dina >> hal ieu mah, pribados tataros teh pedah teu terang. >> Sabalikna dina waktos pribados ngaos hiji tulisan, >> sok sanaos basa sundana lemes, lantip tapi karaosna >> ngabubat babet nembongkeun geregel emosi anu >> nyeratna. Palebah dieu, ngan anu nyerat ku anjeun >> anu uninga kana eusi hatena., saleresna naon anu >> janten tujuan tina eta seratan. >> Waktos sdrk. Ade nyebatkeun yen hal anu >> dipadungdengkeun teh widang anu �tertutup� anu mung >> tiasa ditaroskeun kalawan langsung ka tempatna, >> pribados tiasa nampi � margi tianangtos moal tiasa >> maksa. Atuh ngeunaan soal kayakinan mah �privacy�, >> pribados oge sapagodos � urang kedah silih hormat >> kana kayakinan sewang-sewangan. >> Balik deui kana inti pasualan, tetela komunikasi teh >> sesah. Pribados kudu leuwih loba diajar deui dina >> nepikeun pamadegan jeung leuwih jembar dina beda >> pamadegan. Milist ieu janten salah sawios mediana. >> Hatur nuhun. >> >> Ganjar Kurnia >> >> > > > > > >__________________________________ >Do you Yahoo!? >Yahoo! Mail - You care about security. So do we. >http://promotions.yahoo.com/new_mail > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa >pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
