Ngajak Padungdeng dina jejer Kang Oman

Kumargi aya hubungana sareng jejer ngeunaan sunda-islam..ageman 
sareng kayakinan�pangapunten ngiring ngalokan�pamugi teu rengat galih:







--- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> --- In [email protected], "Oman Abdurahman" 
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Eusi posting ieu moal kapapanjangan. Ukur seja negeskeun yen pangna 
> agama Islam gampang ditarima ku US ti kawit sumpingna eta agama, 
> paralun, lain sakumaha anu kungsi dihipotesakeun ku hiji posting di 
> milist ieu, karana nyandung tea anu dimeunangkeun ku Islam. Lain, 
> lain karana nyandung ceuk kami mah. 
> 
===
Leres sanes soal nyandung na sanajan kantos abdi ngalokan justru kudu 
nyandung�..ngan teu aya terasna�sigana eta the kumargi Kisunda the 
kapangaruhan sisi negatif isme ngawarung bandung�nu seseringna 
dianggo ngabuntut bangkongkeun hiji topik penting kanggo dina 
mekarkeun wacana di kisunda lamun tos ngawitan `fokus' .
===
> Balikta, pangna Islam gancang ditarima ku masyarakat US teh taya 
> lian karana raket dalit kasajajaran atawa sasaruan antara dimensi 
> pang pentingna dina agama Islam jeung dina budaya atawa (sebut bae 
> heula anan ) agama Sunda (wiwitan)tea. Pikeun ngandelan argumentasi 
> hal ieu, mangga bae aos diantarana seratan Kang Saleh Danasasmita 
> (alm) saparakanca dina bukuna "Rintisan Penulusuran Masa Silam 
> Sejarah Jawa Barat", jilid kaopat. Atawa, sabagean kungsi 
> dipostingkeun ku si kuring, mangga pilarian bae dina arsip file ieu 
> milist.  
> 
> Urang sebutkeun deui bae kalawan ringkes 3 dimensi anu di luhur 
> disebut sajajar atawa silih kuatkeun antara Islam jeung kasundaan. 
> Anu kahiji: nyambungkeun kanyaah (silaturahim). Dina Islam (al-
> Qur'an), Silaturahim teh parentah kadua saparantos taqwa. Dina 
> kasundaan hal ieu sapagodos jeung SILAS tea. Anu kadua, kaadilan 
> jeung urusan sosial. Dina kasundaan hal ieu sapagodos jeung 
> ngertakeun bumi lamba oge perilaku raja-raja Sunda anu jadi panutan 
> teh nya anu adil tea. Anu katilu, mibanda tempat atawa hal-hal anu 
> disakralkeun karana fungsina pikeun kamaslahatan ummat (diantarana 
> baetulloh, waktu-waktu jeung upacara tinangtu, jst). Dina kasundaan 
> hal ieu dikuatkeun ku konsep atawa cecekelan ngeunaan Kabuyutan tea.
> 
> Ngeunaan cara-cara ibadah atawa ritual Islam anu sederhana, yen 
> satiap tempat bisa dijadikeun masjid alias tempat ibadah asal 
> nyukupan syaratna (beresih, singkur, jst), nya ieu pisan anu oge 
> sapagodos jeung kasundaan. Hal ieu kabuktian yen di TS mah teu aya/ 
> loba titinggal mangrupa candi.

====
Lamun kitu mungkul� ditampi na ieu ageman anyar di mayoritas urang 
sunda harita (ratusan taunan kapengker) pedah sajajar atawa silih 
kuatkeun� naha bet kedah robah atuh ajaranna atos we agama nu heubeul�
naon gawe bet kudu hese cape� Dugikeun ka sunda nguyang ka arab.

Dimana mana oge Kang Oman upami gentos kedahna kedah ka nu langkung 
sae. Tah dimana saena? Ari sajajar silih kuatkeun mah�

Saabdieun mah lamun alesan ditampina islam pedah sami/sajajar/silih 
kuatkeun�ngan saukur kirata dina hartos ayeuna sunda tos islam (ti 
arab)� tah sabab teu apal ageman sunda the kapungkurna kumaha �.nu 
aya ge ayeuna duka sunda henteuna da teu apal `parameter'na�supaya 
kahartoseun ku batur batur urang sunda� tos we disarungsum (kirata).. 
kieu yeuh alesanana..ameh seuweu sunda ngarasa oge reueus kana 
budayana. Tapi sigana nu kitu mungkul mah masihan informasi semu, 
lamun henteu kasebat bohong, atanapi panginten kirang lengkep.
        
Lamun sunda na goreng kanggo naon urang reueus ka sunda? Kanggo naon 
ngaraos nyaah  reueus janten urang sunda ?


> Cag, sakitu heula. Intina, lain nyandung hal anu jadi sabab gampang 
> ditarimana ajaran Islam ku masyarakat Sunda teh. Jejer utamana, 
> Islam geus sapagodos pisan jeung falsafah hirup (atawa sabagean aya 
> anu nyebutkeun agama wiwitan) urang Sunda.
> 
> Baktosna,
> manAR

Sok ah teraskeun�.dina jejer nu kieu mah abdi bade ngadekeman daria 
pisan. Sugan aya lolongkrang nanjeurkeun deui dangiang sunda paling 
sakedikna di langit Kisunda. Meungpeung seueur kawargian anyar 
sumping di Kisunda sugan tareras heman. Sing ulah sapertos nu 
sateuacanna mung saukur `datang dan pergi' da eusi kisundana  nu dina 
istilah pun anak mah `tidak main'.

Timpah Baktos
Eddy Nugraha

> --- End forwarded message ---





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke