Sampurasun gan  Oman,

Hatur nuhun kana pangangken sareng ajakan salira . Sok arateul sim kuring mah 
ari ngabandungan pasualan lingkungan hidup di padungdengkeun, bari jeung di 
dinya di dinya keneh. Mulek sabudeureun konsep jeung wacana, atawa murak 
pasualan jeung kasus karusakan. Padahal apan karusakan lingkungan mah tumiba 
jauh leuwih kerep tinimbang ikhtiar ngubaranana, jigana kawas babandingan deret 
ukur jeung deret hitung.

Kukituna, ceuk pamendak sim kuring nu lain pakar, dina urusan lingkungan mah 
urang langkung perlu ikhtiar nyata tinimbang madungdengkeun konsep. Sanes 
hartosna konsep heunteu penting.

Dua hal sederhana nu sok kabandungan ku sim kuring nu deukeut patali jeung 
nyirorotna kualitas lingkungan sabudeureun urang : tabiat alias perilaku jeung 
aturan. Kabiasaan miceun runtah dimana wae contona, jigana geus ngajadi tabiat 
masal. Komo keur baraya atawa dulur sim kuring nu padumukanana sisi wahangan 
atawa walungan, mun usum hujan mah komo aratohna da bisa miceun runtah langsung 
kana wahangan atawa walungan> Da kapalidkeun ieuh, pajar teh. Teu aneh mun 
disawatara tempat di walungan citarum, leuwih loba tumpukan runtahna tinimbang 
aliran caina. (Bejana sabagean gede wahangan di kota Bandung geus pada sakarat 
alias teu ngalir deui, bisa jadi diantarana alatan tadi tea... kapendet ku 
runtah jsb). Geus puguh ari limbah rumahtangga kayaning sesa/pamiceunan mah. 
Eta hiji conto nu gampil jeung kasakseni ku sim kuring< da geuning ari geus 
jadi kabiasaan anu masal mah, sanajan eta teh salah tur ngaruksak, dianggap 
galib. Dina hal sejen ngeunaan aturan, jigana urang mah geus palinter
 ari nyieun jeung nyusun aturan mah; raraosan sim kuring dina segi aturan mah 
tos kirang kumaha. Nu sok malah ngajadikeun masalah, nyakitu tea dina 
penegakanana tea alias nanjeurkeunana. Loba pisan conto sapopoe kumaha hal-hal 
nu saenyana ngalanggar aturan diapilainkeun, teu dinanaon alias dibiarkan saja!

Dua hal nu basajan tadi, saenyana oge pakuat-pakait. Ikhtiar memeres nu kahiji 
(kabiasaan) leuwih nyoko kana peran masyarakat, sedengkeun nu kadua (penegakan 
aturan) aya di pihak pangawasa atawa petugas. Dua hal ieu weh urang beresan, 
ceuk sim kuring nu saenyana teu apal-apal teuing kana pasualan lingkungan � 
jigana bakal mere pangaruh kana pasualan-pasualan lingkungan sejena.

Ah sakitu we heula gan Oman. Hapunten rada leuir ma�lum PC sim kuring geus 
tawehwoh, sering gering na tibatan warasna...he..he.

 

Ki Eurih.

 

 

 


Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk Ki, 

Mangga atuh urang agendakeun, padungdengan ngeunaan lingkungan tea. 
Bade timana ngawitanana? Keur timbang taraju bae, pamiangan teh 
tiasa nyoko kana visi & misi jabar, jalaran dina misi jabar oge 
lingkungan teh jadi salah sahiji misi utama. Atawa bade tina 
ringkelan Agenda 21 hasil padungdengan KTT Bumi di Rio de Janairo, 
Brazil, Taun 1992, jalaran  lajuninglaku eta agenda oge keur 
Indonesia, kaasup jabar, karek tepi ka ringkelan dina buku bae 
(kaleresan eta buku teh diantaran aya di pabetekan si kuring). Atawa 
urang bade midamel agenda padungdengan anu anyar dumasar masalah 
nyata anu dipayunan ku Jabar, bil khusus kota Bandung jeung 
sabudeureunana? mangga teu langkung. Geura kawitan bae Ki, da 
katawisna anu barade majemuhan teh tos rempeg.

Baktos,
manAR

--- In [email protected], sunardhie yogantara <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Haturan, oge kasadayana wargi us,
> sim kuring kataji aya gegeden lingkungan hidup tatar sunda 
rurumpaheun aub bari jeung handap asor muka lawang pikeun nyawalakeun
> pasualan lingkungan hidup - nu ceuk pamendak sim kuring, 
kaayaanana di tatar sunda tos kacida parna na. Jigana, langkung 
payus mah mun seug urang nyawalakeun jalan kaluar alias solusi 
kongkrit tibatan murak pasualan wungkul nu tangtos bakal mo aya 
tungtungna. Ketang, eta oge sakadar pamendak sim kuring anu laip.
> Aya hiliwirna, cenah salira nembe mulang ti nagri sakura ? cik 
atuh geura purak oleh-olehna,... pangpangna pikeun muka gunem catur 
lingkungan di tatar sunda anu samestina jadi kaprihatinan urang 
balarea.
>  
> hatur salam
> ki eurih
> 
> kepala bplhd <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Kahatur ka Wargi Wargi Kisunda
> 
> Assalamualaikum Wr. Wb.
> 
> Bade nepangkeun pribados ayeuna nuju dipercanten ku Pupuhu 
Propinsi Jawa 
> Barat janten Pimpinan Badan Pengendalian Lingkungan Hidup Daerah 
(BPLHD).
> Kalintang peryogina patepung lawung paampok jonghok pikeun 
nyawalakeun rupa 
> rupa pasoalan di Jawa Barat utamina lingkungan.
> Manawi ditampi pribados hoyong pisan diangken ku wargi wargi 
sadayana.
> 
> Hatur nuhun sateuacana.
> 
> Waalaikumsalam Wr. Wb.
> 
> Ade Suhanda (AS)
> ----- Original Message ----- 
> From: "kisunda Moderator" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Thursday, January 27, 2005 2:48 PM
> Subject: Welcome to kisunda
> 
> 
> >
> >
> > selamat bergabung di mailing list Ki Sunda
> >
> > untuk mengirimkan pesan kepada seluruh anggota mailing list Ki 
Sunda, 
> > kirimkan email anda ke: [email protected]
> >
> > untuk membatalkan keanggotaan anda dari mailing list Ki Sunda, 
kirimkan 
> > email kosong ke: [EMAIL PROTECTED]
> >
> > peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan 
ini akan 
> > dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> >
> > terimakasih...
> >
> >
> > [jagoan], moderator...
> > icq#: 15405210
> >
> > Complete your Yahoo! Groups account:
> > -----------------------------------------------------------------
-----
> > Your email address has been added to the email list of a Yahoo! 
Group.
> > To gain access to all of your group's web features (previous 
messages,
> > photos, files, calendar, etc.) and easier control of your message
> > delivery options, we highly recommend that you complete your 
account
> > by connecting your email address to Yahoo account. It is easy 
and free.
> > Please visit:
> > http://groups.yahoo.com/convacct?email=kepala_bplhd%
40bplhdjabar.go.id&list=kisunda
> >
> > Your use of Yahoo! Groups is subject to 
http://docs.yahoo.com/info/terms/
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
>             
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  The all-new My Yahoo! � What will yours do?
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
document.write('');

---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 



                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke