Nuhun pisan ka Kang Oman anu salaku moderator, geuning mane jentre pisan. Sakantenan nepangkeun ka Kang Kumincir (Iskandar Adnan), Kang Eko sareng Kang Hasan Kang Doddi. Puenteun wae tumaros sareng ngarepotkeun, ayeuna janten terang saha-saha anu bakalan nyensor dieu seseratan. Da milist teh mani domokratis pisan, eta koncina geuning "musyawarah car US" tos aya dimimiti sareng dicontoan anu "ngararuat". Tangtos wae etika kedah diturutkeun ku baraya US da tos aya elmu musyawarah tea. Upami urang ngahartoskeun nu dimaksad "musyawarah / demokratis" Hiji conto anu dilereskeun ku para Abah tempo katukang US seleresna tos maju disagala etika kahirupan.
Da milismah sanes kanggo mantau para anggota sareng teu kedah sasalingkuhan dina ucap-gerak 10 jari di mesin tik, bro wae qulbu urang sunda keur sagala rupa nu tiasa ngabeakeun US. Ari masalah mojokeun, silih poyok, debat silat, anu pro sareng kontra, pundungan sareng sajabana da atos lumrah atuh diieu milist. Da memang abdimah upami teu ngartos tetep teu ngartos, kadang-kadang kumargi nembe dieu milis rada kaget oge seueur perbendaharaan kosa -kota nu sulit dicerna dina seseratan. Naon sababna tongtos kumargi ayana tingkatan bahasa anu lemes-mengah-handap tea; teras deui aya dua kelompok sosial pamerentah anu sok mantau sareng nu non pamarentah eta anu dipantau. baktos Yan nyc > > Inget jangji ka kang Sastranegara anu nataroskeun sual moderator di > milist kisunda, jangji seja posting khusus ngeunaan hal eta. Pamugi > janten mafhum ka sadayana, mangga seja ngaguar sual moderator, > khususna di milist kisunda. > > Rupina, babasan moderator teh di milist ieu pikeun lebah urusan teknis > bae Kang. Nya diantara tugas moderator teh ngahulag posting anu eusina > perkara-perkara anu geus umum pantangan di satiap milist, kayaning > soal SARA, pornografi, papaseaan jsb. Dina raraga eta teh kaasup oge > nga-"pending" alamat e-mail anu ngintukeunana. Pikeun hal eta, anu > dipaparin akses ka rohangan moderator kisunda teh aya opatan, kalima > anu maneuh salaku moderator teknisna pisan. Anu tiluan teh nyaeta si > kuring, Kang Kumincir (Iskandar Adnan), Kang Eko sareng Kang Hasan > Eta anu opatan teh aktif oge posting di ieu milist. Anapon anu kapeto > salaku juru teknis-na pisan nyaeta Kang Doddi anu heunteu aktif > posting ka ieu milist. > > Anapon moderator dina harti leres-leres ngamoderatoran hiji milist mah > rupina teu acan karingkelkeun kalawan rinci. Nya keur dilalanyahan ieu > oge, da nyakitu, heunteu gampil geuningan ngurus milist teh. Di > sagigireun ti eta, milist (jembarna: internet) di urang teh teu acan > dipateakeun pisan salaku hiji alat anu kacida ageung manfaatna pikeun > ngawangun masyarakat. Kukituna, organisasi anu ngokolakeun milist oge > sifatna masih seueur anu "voluntir" atawa sukarela tea. > > Paralun, lain seja balitungan ieu mah, ngan keuna ka diri sorangan mah > ieu teh hiji hal anu heunteu suwung tina kabimbang. Upamana, si kuring > ditawisan janten moderator, mangga teh teuing, ngan heunteu jaminan > dugi ka iraha-irahana mah sabab apan akses internet si kuring teh > kawatesan oge. Hiji waktu, upama geus heunteu tugas deui di kantor di > widang anu gampang akses ka internet, nya baris ngurangan kasempetan > mangku pancen salaku moderator teh. Aya untungna, untung papada surti, > anu nugaskeun oge da ningali hal eta, atuh anu narima oge nya ningali > kaayaan milist. Kukituna, kalawan papada maklum, nya urang lakonana > bae naon pancen anu disanghareupan dina kaayaan anu sami-sami papada > maklum. Kaayaan milist dina alam ka-Indonesiaan sarupi kieu. > > Satemenna, aya alesan sejen anu leuwih merenah, kunaon pancen > moderator anu disebut pangkahirna heunteu karingkelkeun teh. Anu > kahiji, sabab ari dunya internet mah kacida demokratisna. Aya > pangalaman miluan hiji milist migunakeun basa nasional, ngeunaan > kabudayaan atawa "peradaban". Eh, da nyakitu, sanajan geus diumumkeun > ku moderatorna ngeunaan papagon jejer posting keur ka eta milist, da > demokratis tea internet mah, nya tetep bae jejer anu aya teh kumaha > anu posting jeung kumaha anu mairan kana posting-posting anu > mucunghul. Sigana, tepi ka iraha bae, moal bisa aya hiji "kurikulum" > keur di milist mah. Kajaba, upama moderatorna parigel midamel > jejer-jejer posting anu komunikatif tur nimbulkeun rangsangan dugi ka > para anggotana ngaguluyur mairan satiap posting ti eta moderator. > > Anu kadua, ngamalir tina alesan anu kahiji anu bieu ditataan, da ari > anu ngiringan milist mah parantos kauninga ieuh, sakurang-kurangna > sadayana oge tos mikawanoh alam tutulisan katut etikana (kajabi > sagolongan jalmi anu ngahaja migunakeun internet pikeun nyieun > pasualan atawa provokator tea). Lebah dieu, sakumaha kasaksuan, anu > jadi moderator (jejer) teh heunteu sasaha deui, anging para anggota > milist ku anjeun. Contona parantos kasaksian ku sadayana di ieu > milist, dina mangsana anu merenah, para anggota oge tiasa ngajalankeun > pancen salaku moderator (lebah ngusulkeun pikeun ngeureunkeun atawa > neruskeun hiji jejer, upamana). Eta teh memang kitu anu dipiharep, > patali sareng sifat asli milist anu demokratis tea. > > Kukituna, prung ah, mugi heunteu janten pamengan atanapi kaseunggah > ayana pribadi-pribadi anu kapeto jadi moderator. Anu disebut moderator > mah salaku pancen pasualan teknis bae utamana mah. Anapon jejer mah > mangga, ngaguluyur bae salila aya dina etika jeung watesan aturan umum > milist anu sadayana oge parantos uninga atanapi gampil mikawanohna. > Der posting jejer naon bae, anu kumaha bae, asal pikeun kamajuan > kisunda, nurutan kasauran Kang Ilen tea mah. > > Cag heula bilih panjang teuing........kapayun upami pareng, numbu > catur ieu jejer, mangga urang sambung ku guaran ngeunaan kajugalaan > internet dina alam kakiwarian. > > Baktosna, > manAR > > > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
