--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Jaka, Kang Yudi, oge nu sanesna, Muga urang ulah kapapanjangan nya dina hal ieu. Mangga sim kuring bade ishlah atanapi klarifikasi. Anu kahiji, naon anu didugikeun ku Ibu Hj. Irene Handono tiasa janten leres sadayana. Dina leresan ieu, teu pisan-pisan si kuring nuduh anjeunna salaku ngajejeleh agama anu sanes (agama kristen anu tadina dianut ku anjeunna). Dina leresan jejer ieu oge, maksad sim kuring anu utami, anu mungkin heunteu katangkes tina kandungan posting kuring ti heula, nyaeta yen mugi ummat Islam heunteu kabengbat teuing ku warta-warta saperti kitu. Jelasna, anu dipiharep teh sangkan urang sadaya salaku ummat Islam fokus kana dimensi anu pang pentingna dina Islam, nyaeta nyambungkeun tali kaasih. Tina posting si kuring ti heula, aya sari anu (mungkin) kapahamna ku anu maraos teh salaku ngajejeleh ummat anu sejen teh, teu aya sanes dina raraga peryogina klarifikasi, sok bilih eta warta teh heunteu leres. Anapon upami nyata-nyata parantos leres mah nya tangtu si kuring oge sakuduna ngabela Islam. Kukituna, hapunten sok bilih posting sim kuring anu tiheula nimbulkeun salah paham. Ngeunaan kumaha sikep Rosululloh saw kana hinaan ummat non-muslim salaku tuladaneun, aya dua katangtuan anu kailo tina as-Sunnah. Anu kahiji, upama eta hinaan teh larapna kana diri anjeunna salaku manusa (basariyah-na Rosululloh saw), anjeunna sok ngahapunten. Contonam riwayat nalika anjeunna nuju da'wah ka masyarakat Thaif. Nalika Rosululloh saw ditawisan ku malaikat ngabantosan nyiksa eta urang Thaif, anjeunna heunteu kersaeun. Anjeuna malah ngahapunten ka urang Thaif. Atanapi, riwayat mashur anu nyarioskeun aya saurang ti golongan yahudi anu bade nelasan anjeunna ku pedang, seug eta pedang teh karebut ku Roslulloh saw, namung Rosululloh saw malah teras ngahampura eta jelama. Tapi, aya kajantenan anu nuduhkeun hiji Sunnah, nyaeta nalika di Madinah Rosululloh ka laporan ku ummatna yen aya Yahudi anu ngahina Islam, Rosululloh miwarang eta si Yahudi teh dihukum teukteuk beuheung (tangtos bae saba'da klarifikasi). Kukituna, mangga si kuring oge ngiringan kana sikep perluna nanjeurkeun hukum Islam dina raraga amar ma'ruf nahyi munkar sarupi conto Sunnah Rosul anu nembe dicarioskeun. Namung, tina Sunnah Rosul saw oge urang kenging conto, yen pikeun nanjeurkeun amar ma'ruf nahyi munkar sarupi kitu teh urang peryogi kakuatan sareng kakawasaan. Mangga, yen Rosululloh saw heunteu ngahukuman pisan-malahan ngahapunten ka jalmi anu ngahina "diri ajeunnna" salaku manusa (Basariyah anjeunna), namung ngahukuman kalawan sanget pikeun manusa anu ngahina Islam, ieu turutaneun sareng emutaneun urang. Anu kadua, aya sababaraha hal anu kedah ditimbangtaraju dina mayunan warta-warta sapertos "kasus" Ibu Hj. Irene tea. Anu kahiji (tina anu kadua ieu), satemenna, dina agama naon bae oge laku nyeleweng teh aya. Namung, tangtu urang sadayana mafhum, yen upama aya anu lepat teh, sanes agama (dugi ka wates-wates tinangtu)-na anu lepat, namung anu nganutna anu gaduh laku nyeleweng atawa lepat. Upama bae, dina Islam, upama ayeuna ummat Islam Indonesia kasebat pangseueurna, tapi korupsi kaasup pang maceuhna di Indonesia (anu tos kabuktian yen diantara anu ngalakukeun korupsi teh seueur jalmi anu ngaku muslim), tangtu sanes agama Islam-na anu lepat, namung anu nganutna anu ngalakukeun eta kajahatan anu lepat. Dina leresan agama Kristen, memang kayakinan ummat Islam sadaya, kalebet abdi oge, yen agama Kristen (anu ayeuna saba'da sampurnana agama ku sumpingna agama Islam anu dicandak ku Kangjeng Nabi Muhammad sawe) teh lepat. Namung, ulah hilap, Al-Qur'an dina Surah Al-Maidah ayat 82, netelakeun yen diantara ummat anu sanes ummat Islam anu pangcaketna sosobatanana sareng jalmi-jalmi anu ariman taya lian ti urang Nasrani. Mangga geura urang cutat tarjamahan eta ayat: "Satemenna anjeun baris manggihan yen golongan jelema anu pangkuatna ngamusuhan ka anu ariman teh (taya lian) ti golongan Yahudi sareng golongan Musyrik. Jeung satemenna anjeun baris manggihan yen golongan jalmi-jalmi anu pangcaketna sosobatan ka anu ariman teh eta jalmi-jalmi anu nyarita:"Satemenna ieu kami golongan Nasrani". Anu kitu teh kulantaran diantara maranehanana (golongan Nasrani) aya pendeta-pendeta jeung rahib-rahib, jeung oge satemenna (kulantaran) maranehanana heunteu sarombong" (tarjamahan Al-Qur'an, Surah Al- Maidah, ayat 82). Ayat anu dicutat di luhur SANES ngajelaskeun yen naon anu didugikeun ku Ibu Hj. Irene teh bohong, atawa ngajejeleh agama Kristen. Ayat di luhur dicutat pikeun nguatkeun pamadegan yen satemenna anu salah (baca: kacida salahna) teh dina agama, mindengna mah nya pemelukna (atawa anu ngaku-ngaku nganut hiji agama). Aya harepan (dumasar Al- Qur'an) yen ummat Nasrani leuwih deukeut sosobatanana jeung anu ariman, upama maranehana tumut ka Pendeta-pendeta jeung rahib- rahibna anu sakabehna heunteu sarombong. Anu kadua, kedah dibedakeun antara muslim (asup Islam) sareng mumin (geus ariman). Urang dipaparin ugeran ku Pangeran ngalangkungan Rosul-Na saw, yen iman teh heunteu gampil, tapi lebet atawa ngaku Islam-mah gampang. Dina surah Al-Hujurot (Surah ka 49) ditetelakeun riwayat urang Arab Badui (badwi, penduduk asli Arab harita) anu ngaku geus ariman, tapi dicawad. Mangga bae ilo ieu cutatan ayat 14 Surah Al-Hujurot (Al-Qur'an): "Urang Arab Badui teh nyarios:"Kami geus iman". Ucapkeun (ku anjeun) ka eta urang Arab Badui"Aranjeun encan ariman, tapi ucapkeun (ku aranjeun):abdi sadaya parantos tunduk', karana iman teh can asup ka jero hate aranjeun, jeung lamun aranjeun ta'at ka Alloh jeung Rosul- Na, Anjeun-Na moal ngurangan saeutik oge (kana balesan) amal-amal aranjeun; satemenna Gusti Alloh eta anu Maha Ngahampura jeung Maha Mikawelas". Emut, yen eta ayat di luhur teh saruntuyan sareng parentah perluna urang tabayyun atawa klarifikasi kana hiji warta anu dicandak ku jelema-jelema anu fasik (sacara umum, parentah kudu ati-ati dina nyaring informasi). Kukituna, hampura upama posting anu ti heula eusina matak nimbulkeun salah komunikasi. Teu aya sanes, mataholangna posting si kuring ti heula jeung anu ayeuna, upama diringkeskeun, sarupi kieu: 1. Salamina urang kedah tabayyun atawa klarifikasi kana hiji warta, komo upama warta teh datangna ti jalmi anu fasik atawa jalmi anu teu acan leres-leres iman; 2. Ngangken Islam atawa jadi muslim (tunduk) eta gampil, namung janten jalmi-jalmi anu leres-leres iman eta meryogikeun proses. 3. Mugi heunteu ngagegedekeun teuing urusan saperti naon rupi warta anu didugikeun ku Ibu Hj. Irene Handono. Sanes heunteu percanten kana eusining eta warta, namung masih seueur keneh dimensi pang pentingna dina agama Islam anu ku urang tiasa digegedekeun wartana kalawan prak perjuanganana. Anapon fakta yen aya ummat Kristen atawa ummat sejenna anu ngagogoreng Islam/muslim, leres sim kuring nyakseni, eta teh aya. 4. Ummat anu non-muslim kalawan khusus kaum Nasrani sakumaha dina Al- Qur'an, langkung tiasa dipiharep sosobatanana jeung ummat anu ariman upama maranehanana masih tunduk ka pamimpin-pamimpinna, pendeta- pendeta jeung rahib-rahibna anu sadayana heunteu sarombong; 5. Yen laku anu ngajejeleh Islam eta sami sareng ngajejeleh Alloh (anu nurunkeun eta agama), Rosul-Na (anu diutus pikeun nepikeun eta agama),sadaya ummat Islam anu parantos tunduk, tur anu ariman, perlu dihukum, leres kitu. Namung, pikeun ngahukumanana, atawa pikeun ngajalankeun eta aturan, merlukeun syarat-syarat tinangtu. Sakitu rupina anu tiasa kapihatur. Hapunten bilih panjang teuing, sakaligus posting ieu minangka panutup dina ngawarungbandung jejer Ibu Hj. Irene Handono (ka Kang Yudi, hapunten sim kuring nutup diskusi ti payun dina jejer ieu bae). Pamungkasna, hapunten si kuring tangtos na oge nimbulkeun salah paham atanapi masih keneh seueur kakirangan, boh dina ngadadarkeunana atawa oge dina sikep. Pamugi urang sadaya dihapunten sareng salamina ditangtayungan ku Gusti Alloh swt tina laku mengpar tina jalan milarian bebeneran. Billahi fi sabiili al-haq. Allohumma sholli 'ala Muhammad wa aalii Muhammad. Amin. Baktosna, manAR --- In urangsunda@yahoogroups.com, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten rada telat. > Upami anu dimaksad ku Kang Dani + Kang Manar yen > cariosan Ibu Hj. Irene Handono ngagogoreng agama > batur, kuring teu sapagodos. Benten antawis nu > ngagogoreng + anu nyebatkeun fakta. Kuring yakin ibu > Hj. Irene nyarios kitu dina buku + VCD-na didasarkeun > kana fakta. Kuring percanten pisan kana cariosan ibu > Hj. Irene Hanodo, hiji jalmi anu parantos hijrah ka > jalan anu diridhoi Alloh swt (upami teu lepat aya nu > nulis/nyebatkeun neng Irene, ieu teh ceuk abdi aya > maksud pelecehan). Seueur buktina gencarna penyebaran > kristen, sanes bae anu disebatkeun ku ibu Hj. Irene. > Dina hal ngajaga supaya ulah keuna imbas kristenisasi, > kuring sapagodos + cariosan Kang Manar, yen urang teh > kudu bisa nanjeurkeun silaturahmi. Tapi punten, kumaha > urang bisa silaturahmi lamun di antara urang keneh > henteu saling percaya kana ucapan dulur-dulur urang > Islam urang (diantawisna teu percaya kana cariosan Ibu > Hj. Irene). > Kuring sapagodos oge dina nampi informasi kudu > selektif, hartosna henteu langsung diteuruey, tapi > pilah-pilah, diregepkeun ku akal nu sehat, larapkeun > jeung ajaran agama naha sajalan atawa nyimpang, lamun > sajalan jeung ditarima ku akal tangtuna urang satuju, > tapi lamun teu sajalan urang teu kudu langsung mere > vonis goreng, saha terang aya salah ucap nu teu kahaja > atawa aya beja nu teu sampurna. > Ka Kang Dani + Kang Manar, punten pisan bilih aya > kecap kuring anu kirang merenah, sanes maksad rek > ngamusuhan atawa rek papaseaan, estuning ieu mah mung > kedal ku rasa nyaah ka sadayana. Lamun aya ucapan > kuring anu bener, pinasti datangna ti Alloh Swt, lamun > aya nu salah nya nuhunkeun ditawakup + jembar > hampurana, margi ieu mah datangna ti kuring sorangan, > jalma loba kakurangannana. > > Wassalam > Jaka > > --- Dani Ibrahim <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > "Upama urang arek resep kana model informasi > > ngagogoreng agama batur, > > lain sakuduna urang oge samemehna ngabalitungkeun > > yen hiji mangsa > > tangtu aya batur anu ngogoreng agama urang. Naha > > urang arek resep > > oge upama kitu? apan heunteu, lain?. Upama > > diteruskeun, antukna > > baris ngalahirkeun perang ngagogoreng antara > > panganut agama jeung > > agama anu dianutna. Apan heunteu produktif lain peta > > kitu teh?" > > > > Sim kuring sapagodos sareng pendapat kang oman, > > muhun urang mah ulah > > ngagogoreung agama lain, tapi upami ngajeulaskan > > pandangan anu miring mah > > eta oge diperyogikeun. Ari carana mah keudah > > ngangge jalan anu sae, tah > > kitu saur teori mah. praktekna mah da jalmi teh > > kaduh emosi nya ari rada > > seneu sakeudik mah hampura wae. > > > > > > > > Dani Ibrahim > > > > > > > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor > > --------------------~--> > > DonorsChoose. A simple way to provide > > underprivileged children resources > > often lacking in public schools. Fund a student > > project in NYC/NC today! > > > http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM > > > ------------------------------------------------------------------- -~-> > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > All your favorites on one personal page – Try My Yahoo! > http://my.yahoo.com --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/