Haturnuhun kang ganjar, ke pami abi ka lembur di Brebes diwartosan ka pagawe 
lingkung senina.  Sapertosna mah geningan masalah komunikasi. di Jabar aya 
program kasundaan, sementawis di daerah abi ngabutuhkeun mung kedah ka mana teu 
acan terang.
pami teu lepat mah di lembur abi oge parantos aya gamelan mah malihan ti tahun 
70-an, nanging perkawis sumber daya tah teu aya guruna anu calakan.
sakali deui haturnuhun


Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Ngeunaan gamelan, cobi nyuhunkeun bantosan ka Dinas Pariwisata sareng 
>Kabudayaan Jawa Barat; langsung wae ka Kasubdin Kasenian, nyaeta Pak Drs. Idin 
>Baidillah Mpd. Malihan mah pelatihna oge tiasa nyuhunkeun. SMKI ayeuna tos 
>ngalih ka Cijawura, namina janten SMK X. Ngeunaan beasiswa kangge anu ngajar 
>kasenian tiasa oge ngontak Direktur STSI Bandung (kangge level mahasiswa), 
>Sdrk. Arthur S. Nalan, susuganan tiasa ngusahakeun.
Wilujeng.

>
>di Lampung pami teu leupat aya kampung Bali, Pemda Bali merhatoskeun pisan, 
>dipasihan we tah parangkat gamelan Bali lengkep.
>Di Suriname seueur rahayatna anu kawitna ti Jawa, atuh di Jawa teh dipasihan 
>oge saparangkat gamelan jawa, ditambih beasiswa kanggo  anu bade ningkatkeun 
>seni kajawaan. 
> 
>Tah di daerah anu sanes salain ti Jabar aya oge wargi sunda, anu tangtuna 
>minat oge kana ngamumule budaya kasundaan, kumaha organisasi kasundaan ? 
>diantep we kitu. Pami teu lepat aya SMKI di Buah Batu ( kapungkur mah ) aya 
>teu misalnya program Beasiswa kanggo siswa suku sunda  anu  minat lan hoyong 
>kana ngaronjatkeun budaya sunda. 
> 
>Hapunten yeh baraya, sanes pedah abi asal ti Brebes ( sanes Jabar ) teras usul 
>samodel qtu. 
>Cek bawiraos abi mah pami aya program samodel qtu ti Pemda Jabar (Sunda), 
>atanapi organisasi kasundaan lumayan oge kanggo ngaronjatkeun lan ngamumule 
>budaya kasundaan. 
> 
>Hayu urang mumule budaya sunda

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke