Baraya........ Anu namina falsafah dimimitian ayana anu ditaroskeun, nyaeta kedah aya anu ngajawab. Aya anu nanya tangtos aya anu ngajawab. Tah ieu anu kedah diperhatoskeun ku US. Janten teu kedah janten baku teras eta panarosan teh teu kedah paeh dina hiji jawaban. Eta jawaban kedah berkembang anu euisina tiasa pikahartieun urang sararea.
Lamun urang berfalsafah contona: kunaon aya "batu"? Timana asalna eta batu?Naon namina eta batu? eta anu nafsirkeun seueur pisan. Lamun falsafah panarosan jawabanana teu umum sareng teu kaharti ku umum tah ieu janten jawaban anu to kahartos. Ngajentrekeun falsafah US kedah ditaroskeun saacan pangaruh Hindu, Budha, Islam, Kristen, Kong Hucu , aliran kapercayaan asing sareng sajabina urang luar nu ngapangaruhan US. Sok geura diboleklakeun Karuhun Sunda naon artina? Buhun naon hartosna. Janten ulah campur aduk jiga NASI UDUK eh sangu uduk. Conto-conto anu seueur dipintonkeun dina seni budaya US nepi kana anu namimna kapercayaan US sok disumputkeun aya istilah "FAMALI", kunaon sababna eta ayana pangaruh asing anu tos janten panguasa atanapi nunguasaan budaya US. Padahal eta-eta keneh nu dianggo budaya US oge. Kieu geura urang sunda emang tos ngenal falsafah Islam sateuacan Islam dongkap, Jadi urang sanes diajar budaya Arab, tapi urang kedah diajar miara Huruf US misalna KA GA NGA CA JA NYA TA DA NA PA BA MA YA RA LA WA SA HA SYA KHA FA QA VA XA ZA. Hiji conto silat Cimande tos ngapangaruhan kasagala rupi perguruan bela-diri didunya, urang kedah bangga sareng muka wawasan , geuning urang bule teh / urang asing oge diajar eta seni silat cimande teu eureun - eureun conto-conto tos buktos direset ku akang di USA, da akang oge moal eureun upami nu ngawariskeunana teu susulumputan iklas dina hate. Aya hiji deui urang urang sunda ulah "ngabohongan sajarah" ti sagala rupa teras direkayasa, tah ieu anu disebat budaya sunda sareng kayakinanana teu "asri" Upami ieu senibudaya sareng kapercayaan US anu kacida gaduh "NILAI" jatidiri US anu seueur falsafahna sareng goib-goibna, Tantos US bakal hirup deui. Nyaeta GEMAH RIPAH tea, SUBUR MAKMUR, janten teu aya PANGANGGURAN anu katerasan , hartosna US produktive disagala rupi padamelan. Tangtos kamakmuran US timimiti tipadesaan nepi ka kota amin wae.... baktos Yan NYC On Wednesday, February 16, 2005, at 04:29 AM, Ganjar Kurnia wrote: > >> Ki dulur, > > Aya sababaraha pamendak ngeunaan palasipah urang Sunda. > > 1. Palasipah teh, intina kaunggel dina basa, tiasa dina wangunan > carios (contona dina wayang), dangding, tetembangan, paribasa atanapi > babasan. Conto anu dihaleuangkeun ku barudak SR jaman baheula: > > > Babakuna jalma kudu rea batur > Keur silih tulungan > Silih titipkeun nya diri > Budi akal lantaran ti pada jalma > > Conto dina wangunan paribasa : > • Sareundeuk saigel sabobot sapihanean, sabata sarimbagan > • Nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah > • Ati putih, badan bodas > • Leuleus jeujeur liat tali > • Landung kandungan, laer aisan > > Sagigireun palasipah anu ngajarkeun kahadean (baca: kudu), aya oge anu > ngajarkeun “ulah”, sapertos : > > • Sadom araning baraja, sakunang araning geni > • Sakirincing duit, sakocopoking awak > • Adam lali tapel > • Pagirang-girang tampian > > 2. Kusabab palasipah teh ayana dina basa, kumaha urang rek uninga kana > palasipah urang Sunda, saupami basana oge tos teu tarerang/teu > digunakeun atanapi lalaguan anu sapertos diluhur tos teu diajarkeun > deui di sakola. > 3. Kanyataan oge nembongkeun, yen sok sanaos dipikawanoh – tapi eta > palasipah teh diantawisna sok tara dilaksanakeun. Janten aya jurang > antawis palasipah/ajen sareng lalampahan (prilaku). Contona : Sok > sanaos aya ungkara anu nyebatkeun ”imah pageuh, duit weuteuh, beuteung > seubeuh, pamajikan arang reuneuh .......................” dina > kanyatanana, salah sawios suku bangsa anu anakna paling reuay teh > kapan urang Sunda. Samemeh ayana program KB, rata-rata jumlah anak anu > dipimilik ku urang Sunda (Total Fertility Rate) nyaeta 5.7. > 4. Aya kumandang rehna teu sadaya palasipah cocog sareng kaayaan > kiwari. Conto dina basa Jawa :”alon-alon waton kelakon”. Dina basa > Sunda paribasa “bengkung ngariung – bongkok ngaronyok”, kanyataanana > bengkung ngariung teh sok kalah jadi patunjuk-tunjuk irung, bongkok > ngaronyok jadi silih poyok, malahan silih cabok. > 5. Aya anu kagungan pamadegan yen urang Sunda teh geus meujeuhna > “patonggong-tonggong” (palasipah anyar), asal indit tina titincakan > anu sami, nyaeta kasundaan tea. Hartosna, bral teh teuing rek kamana > wae oge, rek digawe dimana wae, asal pamianganana angger rasa > kasundaan. Bahasa gayana mah “gerak formasi”. > 6. Conto anu indit tina pamiangan anu sami teh diantawisna katinggal > dina gamelan Sunda. Dina gamelan Sunda, masing-masing waditra teh > kadanguna/ditabeuhna siga anu aing-aingan (cenah nembongkeun sikep > individualis urang sunda), tapi kumargi indit tina titincakan anu sami > (wiletan) sareng ditutup ku goong anu sami (tujuan), kadanguna teh > kacida harmonisna. > 7. Kiwari, babasan atanapi paribasa anu dijadikeun palasipah teh > diantawisna aya anu nganggap kedah ditinggal deui, atanapi paling > henteu dilengkepan. Contona, kecap kudu “someah hade ka semah” teh teu > kenging eureun dugi kadinya (semah), tapi kedah ditambihan “lamun > semahna bageur atawa sopan .............., lamun henteu mah > ...........” jsb. > 8. Salaku kabeungharan budaya, sadaya ungkara, babasan, paribasa boh > sae boh awon kedah diarsipkeun. Tapi pikeun anu bade dipraktekeun mah, > kedah dipilih-pilih heula: persis siga bangsat sendal anu lepat > ngahartoskeun ajakan khotib di masjid “candak anu saena, kantunkeun > anu awonna .....................” > > Pun Ganjar > > >> Meureun HANDAP ASOR mah sasaruaanana dina basa Indonesia RENDAH HATI >> >> sikandar >> >> On Wed, 16 Feb 2005 05:55:27 -0000, Asep Dedi Suhendra >> <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >>> >>> >>> Sampurasuuun Baraya...., >>> >>> Ngilikan padungdengan maslah Filsafat Urang Sunda, Si Kuring teh >>> emut kana papatah nujadi nini jeung Aki; >>> >>> "Ujang.., Omat sanajan geus luhung ku panemu, loba pangabisa oge >>> ulah rek adigung adiguna, urang mah da urang sunda Kudu "Handap >>> Asor" Ka sasama, lain hartina urang teh elehan, da urang mah ulah >>> rek nyieun masalah da embung loba masalah, urang mah moal rek >>> ngaggangu da embung di ganggu, tapi lamun aya anu ngungkit2 >>> rajawisuna, ngahudangkeun macan turu ulah rek mangke, nya inyana >>> dina ieu waktu turunan abahmah ulah rek ngejat ti pakalangan..... >>> Urang moal meuli lamun eweuh anu ngajual, tapi lamun aya anu maksa >>> ngajual ku kami di beuli...," >>> >>> Janten Handap Asor teh naon atuh basa malayu na nya Ki Kuncen...?? >>> >>> tapi punten tabepun lain hartina urang rek sombong, da kumaha >>> kahirupan teh liar..., da dugi ka kiwari ku sim kuring papatah ieu >>> teh di amalkeun pisan nya Alhamdulillah seueur baraya... tapi >>> sakedik padukdek sareng urang batak mah wajar bae da ... >>> maranehnamah heuras..he....he.... >>> >>> Sakitu nu kapihatur, muga sing cukup lumur jemar hampurana anu >>> kateda, bilih aya cariosan anu teu sapagodos.... >>> >>> Baktos >>> >>> Asep-Oeking-ti ngtung pangumbaraan >> >> >> PENTING..! >> >> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. >> >> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi >> berupa pencabutan membership. >> >> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk >> selalu mengupdate antivirusnya. >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> >> >> > Ganjar Kurnia > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
