-Kahatur Baraya...,Kang Oman...,
Janten anu dimaksad ku ieu topik nyaeta " Fisafat hirup urang sunda" sanes fisafat Orang sunda...panginten... soalna upami nilik kana hartian anu sabenerna dua hartian ieu teh kalintang pisan bentena, anu kahiji nyaeta filsafat hirup ngandung hartian kana pedoman/cecekelan hirup,pandangan/dadasar hirup, atawa papagon hirup. Sedengkeun Filsafat sorangan ngarujuk kana hartian anu pasti pisan mah tacan aya, soalna gagabah pisan lamun aya anu bisa mastikeun artian tina Filsafat atawa falsafah tea, ngan keur ngalempengkeun arah jeung ngasajajarkeun maksud para ahli /filosofi nyutat tina artian dasar tilu para inohong filsafat (Plato, Aristiteles,socrates )di Yunanai( mangga bae etamah da parantos pada terang... lah acuan bukuna..), anu harti kasimpulananamah anu tiasa dicandak;nyaeta Pola pikir anu dipake keur maluruh hakekat kabeneran anu mutlak ceuk ruang lingkup akal, anu dugi ka aeyuna nembe aya tilu filsafat buhun; FilsafatBarat, Filsafat urang Tiong hoa, sareng filsafat India. Sareng aya tilu patali sumber kadang matak nagbingungkeun ; Filsafat, Agama, sareng ILmu pengetahuan, anu tilu- tiluna beda tapi tiasa hidup harmonis silih sangkeh dina prak2an nana. Dumasar kana padungdeungan anu ceuk kuring mah ngeunaan cecekelan hirup urang sunda, tah kusabab kasebutna cecekelan hirup, asa teu payus lamun pupuhu atawa seke seler sunda nyieun pedoman anu teu nunjang kana kamaslahatan jeung kahadean demi nanjeurna kahirupan urang sunda, "saperti Pundungan", jadi sipat pundungan ngan saukur terminologi dagelan saur urang jawamah, salah sahiji sipat goreng anu di pibanda ku sabagian masyarakat sunda, kitu oge masyarakat sejena ngabogaan sifat2 anu teu hadena. Atuh naon nya ari falsafah hirup urang sunda, eta gening seueur wacana kahadean anu di galindengkeun, ngan urang sundana seueur anu teu ngaropea saur kang Ganjar mah... Janten nilik kana pertanyaan Kang Hendrismah anu dimaksud teh , saur si kuringmah lian ti pasipatan2 anu dipiboga ku sabagian golongan masyarakat, ngan hanjakal kang Hendris mah ninggal pasipatan urang sunda teh dicandakna anu gorengna, padahal sapertos Padang terkenal ku meditna, Batak terkenal ku Borongongongna, Jawa dikenal ku kowekna, jrrd.(tabepun ulah ngambek ...lah..) Sakitu pamendak simkuringmah...sumangga atuh Ki kuncen gera candak kasimpulan tina sadaya padungdengan ieu teh, da parantos seueur gening ari bahannana mah... Baktos Asep Oeking-FL . -- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Der ah, geura padungdung pamikiran. Hampura, lain mere jawaban anu > atra ieu posting teh, balikta nambahan patarosan. Bener ceuk Kang > Hendris, wilujeng sumping ka dunya anu pikasieuneun. Tapi, teu aya > jalan sejen, upama hayang kenging buahna anu sakitu matak uruyna, > wayahna eta anu pikasieuneun teh kudu disorang. Katambah deui, di TS > anu cenah agama Islam jeung kasundaan teh padalit lir gula jeung > amisna, ayeuna Islam (sacara pemikiran) geus sakitu di ubrak- abrikna > --- In [email protected], herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Filsafat Sunda, filsafat pundungan, hehheheh!!!!! > > Ha..ha.., hatur nuhun akh, kana terminologi pundungan > > nana. > Wilujeung milari arti kedirian, dulur!!! > > > > Cing naon falasafah urang sunda teh? ( lamun Jawa > > terkenal halus, Batak terkenal berani, Bugis terkenal > > ulet, Padang terkenal pinter, ari sunda��?, can you > > tell me?). selamat datang di dunia yang menakutkan > > Aller Anfang Ist Schewer!!!! > > > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > > http://mail.yahoo.com > --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
