Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-Haturan Bah..., Kamana wungkul....,
Muhun kitu .. eta teh Bah...., ulah lepat ngagunakeunana, papinter-
pinter bae urang mah...,
===============
Alhamdulliah sim kuring aya dina kasehatan, nuhun.
Matakna aya kecap diurang nya eta "merenah"= sakecap tapi ageung hartosna. Boa
ceuk si bule mah " the right time , the right place"-tea.
Aya pangalaman Abah dina beus. Nya pedah Abah geus kolot tea mun naek beus teh
sok aya tempat diuk. Da disayagikeun jang panumpang aki-aki, nini-nini atawa
nu cacad ragana.
Tah keur korsi jelema "istimewa" teh, mun calik teh henteu ningali ka payun.
Jadi pa pelong-pelong ti sisi sabeulah kenca ka sisi sebeulah katuhu. Nya
diantarana para panumpang arajeg, bari nyepengan kana talang metal diluhureun
mastaka.
Ari pek teh, bus ujug-ujug mengkol terus lempeng deui. Jigana aya mobil di
parapatan rek mengkol ka kenca. Nya bus dipengkolkeun ka katuhu supaya teu
nabrak eta mobil. Jigana mah supir beus-na ngalamun boa. Nya atuh eta
panumpang anu arajeg teh nu teu nyepengan tarik aya nu labuh. Ari pek teh bet
labuhna teh kana lahunan Abah. Mojang bule, geulis oge. Si Enon ngucap
"sorry,sorry-na" sababarah kali. Teu sadar si Abah ngawaleran, boa ku reuwas
meureun...."right spot, wrong place, wrong time" Atuh ger wae panumpang sa
beus sareuri. Si Enon karunya, mani beureum rarayna, eraeun.
Tah untungna jadi US, mun seler laen mah boa nyarekan, ari Abah mah nya tenang
wae..da resep deuih, aya nu geulis dina lahunan.
Tah eta "merenah", ngaranna dina kayaan waktu harita.. Enon geulis , ngora
deuih diuk dina lahunan Aki-aki.
Jadi mun beugeut cabokeun, terus dicabok nya merenah we, jang kayaan waktu
harita. Bongan saha, poporongos teu puguh. Nya sajurus we, jurus Cimande-na
Acep Yan.
Abah Joe
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/