Hatur nuhun kana pang bagea ti Kang manAR. Kitu deui ka Kang Nana. Muhun, 
bingah pisan tiasa tepang di dieu, sanaos dina milis, dina dunya maya tea. Atuh 
ayeuna mah sim kuring nuju resep ngabandungan heula anu nuju padungdengan. Kang 
manAR, novel sim kuring ngeunaan TS (episodeu Perang Bubat) tos rengse, tapi 
atah keneh, seueur ropeaeun keneh. Utamina ngalengkepan data sajarah atanapi 
supados teu mahiwal teuing tina data. Pon kitu deui suasana tempat, asa teu 
acan pas. Atuh kaleresan pisan upami Kang Nana seueur elmuna dina widang 
sajarah mah. Engke tangtos sim kuring seueur patarosan. 
 

oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bagea,

Wilujeng sumping di milist kisunda ka Kang Nana (ti Brebes), Kang Ai Junaedi 
(ti cCihideung, Tasikmalaya),  Kang Aliyudin (timana nya kaulanun? mangga 
ngawanohkeun deui upami teu kaabotan mah), sareng Kang Hermawan (sami sareng 
Kang Nana, kawit ti Brebes. Kalintang bingahna, kasumpingan akang-akang sadaya 
ka ieu milist ngeuyeuban anggota, boh jumlah atanapi kasangtukang sagala rupina.

Sumangga, mugi heunteu janten rempan atanapi rengat galih, bade migunakeun 
"dialek" mana bae, asal satiasa-tiasa nyerat posting teh ku basa Sunda, diantos 
postingna ka ieu milist. Teu aya sanes, pikeun ngamumule salah sahiji tetengger 
budaya urang, nyaeta basa Sunda. Atuh nu sanesna, tangtos namina oge 
pamadegan/pngalaman atanapi pangaweruh, baris ageung manfaatna.

Kang Nana, prak atuh geura medar sajarah, apan salira mah manukna dina 
ngawulang sajarah. Hanjakal kamari waktu tepung di kantor teh samporet pisan 
waktos salira. Sok sanaos kitu, hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun sumping 
ka pagawean si kuring.

Kang Ai Junaedi, hatur nuhun uleman lebet ka Gmail-na. Kungsi eta oge si kuring 
nyobian gaduh account di Gmail, namung sigana betah keneh di yahoo. Eta deui, 
rada pagedrug migunakeun dua account teh di kompi si kuring, sigana kakurangan 
RAM-na.

Kang Aliyudin A (atanapi Kang Sofyan nyebat nenehna?, hapunten), sumangga ulah 
asa-asa, ieu milist leres sakumaha kasauran salira, tiasa digunakeun kanggo 
nambihan sosobatan sareng wawasan.

Kang Hermawan, Alhamdulillah nya, tepanmg oge di milist. Rada benten sareng nu 
sanes, si kuring tepang heula di darat sareng anjeunna teh, samemeh tepang di 
milist. Kumaha buku sajarah TS-na? tos dugi kamana? Mangga geura Kang, seueur 
balad di dieu anu tiasa diajak padungdengan perkawis sejarah TS. Atuh kanggo 
ngeuyeuban bahan emutaneun keur seratan di koran Metro, sumangga kalintang 
ngabadegna bahan-bahan imeutaneun di arsip file ieu milist.

Wilujeng ka sadayana.

Baktosna,
manAR




            
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

[Non-text portions of this message have been removed]






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke