Abah Joe... baraya dimana wae Tiung anu dianggo mojang geulis sareng kelom geulisna tangtos mangrupa tradisi Sunda. Geura ku abdi dijentrekeun filsafatna eta tiung same sareng mahkota nu ngalenkapkeun nutupan rambut nu ngagebray. Tehnik salembar kirang langkung ukuran sa deupa ka lebar kali tilu deupa ( sa deupa tilu jeungkal ramo) tiung tos langkung praktis dibanding jilbab niron ti Afganistan. Tiung mah praktis upami kapanasan tiasa dibuka teras disalendangkeun di pundak, geura mani anggun eta mojang prianganmah. Tiung serba guna cara ngarekayasa anu disebat estetika tiung, Ieu contona tiasa dibeulitkeun , dilifat-lifat, dipuntir,diikat ( tali-tumali) atanapi dirames-rames. Tiung direnda gaya Ciamis, Tasik sareng kota sa tatar Sunda gaduh motif niron alam tea nyaeta tatangkalan, sasatoan atanapi geometri kaligrafi. Tiung teh upami bahan sutra benten sareng nylon, katun janten sifat-sifat bahan kedah diperhatoskeun bisi wae alergi kana kulit anu gareulis. Tiung anu warna hideung maksadna bade angkat kanu teu damang dirumah sakit, ngalongok anu maot pokonamah keur balasungkawa. Tiung tiasa knggo pesta kawinan warna leuwih cerah, gumbira , nya ulah cemberut dongkap ka tempat pesta. Tiung kanggo seni Sunda tari-tarian leuwih atrative nonjolkeun sifat-sifat kasundaan nerangkeun putri-putri / dewi-dewi prahyangan. Upami tiung dirancang ku ADIBUSANA sapertos abdi hargina AWIS, daabdimah tos katelah ku urang masyarakat Bandung Utara mah namina POLA 116 hak paten kanggo urang Bandung Utara mah, Teu percanten taros ka sakaluwargi Bupati Ateng Wahyudi sareng ..... POLA teh nu saha, eh geuning nugaduhna aya di New York City.
Sok bade naros naon deui Abah Joe seluk-beluk acuk-acukan alias rancang mode-arsitek-interior-taman-ngelas beusi -silat tah eta widang abdi da lulus disakolakeun atuh sanes otodidak, kuabdi dilayanan sakantenan ngabako dieu milis. Yan NYC On Friday, February 18, 2005, at 07:33 PM, Joe Ragan wrote: > > > > Ncep Yan, > > Kumaha eta tiung nu diaranggo ku istri Sunda baheula, tiasa > disamikeun sareng adat Sunda dina hal panganggo ? > > Apan khas dangdosan istri Sunda, Kabaya anu dibordel. Teras > kelomgeulis komplit sareng payungna. Tara dikantun tiungna. > > Tapi geuning ayeuna mah, tiung wae tos meh teu aya anu nganggo. Da > ayeuna mah geuning langkung merenah nganggo jilbab. Ceuk sayah mah, > jilbab teh jiga mukena mini, da ngan dugi kana taktak. > > Saleresna mah ceuk sim kuring, ieu mah sakali deui ceuk sim kuring > mah, asa kararagok eta jilbab teh. Malahan rada aya negatipna kana > sastra Sunda. > > Geura kieu: > > Mun aya mojang ditiung, baheula mah sok resep ngaheureuyana. > > Nyi kunaon ditiung > > Isin ku Alloh > > Nyi kumah amun dicium > > Insyaalloh > > Tah mun dijilbab, asa rada hararese: > > Nyi ku naon di jilbab > > Isin ku Alloh > > Nyi kumaha mun di..................tah,tah..didieu yeuh hesena. > naonnya kecap nu romantis nu tungtungna "bab". Teu aya jigana mah, > tah didieu rada ngarusak sastra Sunda teh. Leungit tah sisindiran anu > kitu. > > ============= > > Entong sararius teuing ah. Sakali-sakali urang seuseurian. Cenah mah > seuseurian teh landong ngaleungitkeun "stress". > > Aya deui landong ngaleungitkeun "stress", sholat tahajud unggal > wengi. Stess ngaleungit, awak sehat. Tuur jadi kuat. Teu percanten? > Mangga dicobian. > > Abah Joe > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Please visit http://www.silatbooks.com/ http://www.silatpdusa.com/ Please write [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
