>Nuhun pisan pangaweruhna, waas -- etang-etang ngaderes deui. Baheula jaman
>keur sok ngadepong di kobong asa belet pisan kana nahwu jeung shorof teh.
>Ngirob ge asa papuket. Duka ku naon? metodana kitu? atawa pamahaman ngeunaan
>gramatika anu patula-patali jeung kata ganti, pungsi waktu anu can kan hontal
>keur jaman budak. Sakali deui nuhun.
>Bismillaahirahmaanirrohiim,
>
>Aeh, hampura mh, rumasa tacan diimeutan sadayana eusi website TQBS teh, tapi
>geus miheulaan usul. Nuhun atuh ari kitu mah. Sakantenan bae bade usul deui
>bae minangka "persenan anu mudah-mudahan mawa manfaat" (tips), khususna ka anu
>bade prung didaramel dina proyek TQBS, oge ka sadayana bae. Ieu usulan teh
>ngarongheap saba'da jeung salila si kuring ngalalanyahan migawe pancen
>hancengan.
>
>Sumangga, ieu tips teh manawi bahan katampi, pikeun arurang ngalalanyahan
>narjamahkeun Al-Qur'an kalayan pangdu'a, mugia TQBS urang teh nyaketan ku anu
>dimaksud ku Al-Qur'an. Saleresna, heunteu ukur pikeun TQBS bae ieu teh tips
>teh, balikta pikeun narjamahkeun Al-Qur'an kana basa naon bae oge:
>
>1. Ieu pangeling-ngeling umum: Ari basa anu digunakeun ku Al-Qur'an teh eta
>basa Arab anu puguh aturan tata basana. Sedengkeun basa arab teh rada beda
>aturanana dibanding basa Sunda atawa basa Indonesia, oge Basa Inggris.
>Kukituna, sabisa-bisa narjamahkeun Al-Qur'an teh, sok sanajan aya rujukan basa
>Indonesia-na, dibaturan ku kamus Arab-Indonesia jeung ku buku gramatika basa
>Arab (anu ringkes bae heula). Diantarana, pikeun kabeungharan basa dina lebah
>kudu milih harti hiji kecap anu karasana leuwih pas pikeun tarjamahan.
>
>2. Pakait jeung papagon umum di luhur, tina gramatika basa Arab
>(Nahu-Shorof), aturan anu sederhana tapi penting salawasna diinget nalika
>narjamahkeun teh nyaeta aturan "isim" bae heula. Ari 'isim' teh "kata benda"
>tea anu di lebetna aya aturan ngeunaan barang/benda anu geus dipkanyaho atawa
>tacan dipkanyahona, jumlah (wilangan), jeung idhofat (ka mana pangbalikan
>ngarujukna eta kecap barang anu diasongkeun ku hiji kalimah.
>
>Isim dina basa Arab aya 2 jenis: :"isim nakiroh" jeung jeung "isim ma'rifat".
>Anu dimaksud "isim nakiroh" nyaeta kecap barang anu teu acan tangtu
>(indefinite article dina B. Ingris mah), sedengkeun "isim ma'rifat" eta
>sabalikna, alias kecap barang anu tinangtu (definite articel tea). Isim
>"nakiroh" ditandaan ku tanwin, isim ma'rifat tandana aya "alif lam" di
>payunna. Babandingan dina B. Inggris mah antara "kata benda" anu di payunna
>aya kecap "a" atawa "an" sareng anu dipayunna aya kecap "the". Upama,
>"kitabun" = a book (isim nakiroh); ari "al-kitab" eta = the book (hiji kitab
>anu tinangtu atawa anu samemehna geus disebutkeun).
>
>Anu kadua, ngeunaan jumlah. Basa Arab (jeung dulur-dulurna anu sarungkun),
>sigana hiji-hiji basa di dunya ieu rada unik dina ngatur kecap keur jumlah
>wilangan barang/jelema dina jejer aturan "kata benda". Upama dina basa Sunda
>wilangan teh ditunjukkeun ku angka (sanajan ditulikskeun, upamana hiji, dua,
>tilu buku), bahasa Ingris ngan ngabogaan dua jenis: tunggal jeung jamak (a
>book jeung books), bahasa Arab mah aya tilu rupa. Aya hiji (kitabun), aya dua
>(kitabaani) sareng tilu atawa leuwih (kutuubun).
>
>Ieu aturan anu rada seueur, tapi taliti teh, pagaliwota jeung kakuduan urang
>nengetan jenisna (naha awewe/muannast/feminin atawa lalaki/mudzakkar/maskulin)
>jeung kaayaanana (naha anu dituju ku hiji kalimah teh aya dipayuneun/hadir
>atawa teu aya dipayuneun/ghoib; urang mikawanohna salaku "kata ganti"). Kuang
>kumaha, da kitu aturan basana.
>
>Dina kecap pangganti (dhomir) keur jumlah ieu oge beda. Upama hiji, pameget,
>dhomirna teh "hu" (atawa hi, gumantung kecap panganteurna/khobarna). Upama
>dua, "huma", upama tilu 'hum", eta teh lamun lalaki anu ghoib (keur
>diobrolkeun alias teu hadir). Keur awewe anu teu hadir, patutur-tutur hiji,
>dua, tilu atawa leuwih: haa, huma, hunna (sadaya na ku "h" ageung siga dina
>"haadzaa"). Pon kitu deui nu sanesna, mangga uningaan bae aturan ngeunaan
>"kata ganti" ieu pikeun lalaki jeung awawe anu hadir atawa teu hadir, kalawan
>jumlah hiji, dua, tilu atawa leuwih.
>
>Kukituna, dina narjamahkeun Al-Qur'an teh peupeujeuh kudu ditengetan, naha
>kecap barang atawa jumlah (upama salian ti barang) teh make kata ganti
>(dhomir) anu nuduhkeun hiji, dua atawa tilu jeung saterusna; oge dhomirna teh
>naha pikeun awewe atawa pikeun lalaki? naha anu diobrolkeun/dimaksud ku ayat
>anu keur ditarjamahkeun teh kaasup hadir atawa teu hadir?
>
>3. Ngeunaan waktu pagawean (kata kerja)/ tense oge kudu dibalitungkeun.
>Sederhanana, dina basa Arab waktu teh aya anu kamari /past tense (fiil madhi)
>jeung ayeuna atawa arek datang/ fiil mudere (ditandaan ku "iyya" atawa "ta"
>dipayuneun "kata kerja-na). Tapi kedah diemut oge, kadang-kadang wangun "fiil
>madhi" sok dipake oge dina ngagambarkeun kajadian anu baris datang. Tah lebah
>dieu mah ieu "fiil madhi" teh nuduhkeun yen eta (kajadian anu diwakilan ku
>kata kerja) PASTI baris kajadian/dilakukeun.
>
>4. Variasi "kata kerja". Basa Arab dilengkepan ku "perubahan kata" atawa
>"derivat" atawa turunan "kata kerja" anu masing-masing aturan derivat ieu
>ngandung maksud tinangtu. Upamana bae: kecap "ghofaro" anu jadi "astaghfiru"
>tina asal kecap "ghofaro" anu ditambahan ku "alif, sin, ta" di payun, robah
>hartina tina "ngahampura" jadi "(salwasna) nyuhunkeun dihapunten".
>
>Pon kitu deui, kecap "tanazzala" (double "z") tina kecap "tanazala" ("z"
>tunggal) robah hartina jadi "eukeur atawa arek mindeng turun" (malah mah
>"eukeur atawa arek pulang anting turun") tina harti anu dirobahna "eukeur
>atawa arek turun"). Kukituna, dina surah Lailatul Qodr, tiasa dibandingkeun,
>upama Al-Qur'an mah geus turun sagemblengna (jeung moal turun deui da make
>fiil madhi, "anzalna tea). Tapi, ari malaikat jeung maleman al-qadr mah (anu
>ditunggu-tunggu ku anu saraum) eukeur jeung baris terus turun (pulang anting
>dina eta maleman an anu mulya unggal taun) sabab migunakeun kecap "tanazzala"
>(dina ayat "tanazzala al-malaaikatu fiihaa...jst").
>
>5. Seueur pisan ayat Al-Qur'an, sok sanajan satiap kalimah, sadayana lengkep
>subyek-predikat-obyekna, namung heunteu tiasa dipisahkeun sareng kalimah
>(ayat) samemehna atawa saba'dana. Dina lebah dieu, aturat idhofat atawa
>pangrujukan, penting pisan. Anu narjamahkeun, dina lebah bingung ku patarosan
>nyalira kudu kamana ngarujukna anu dimaksud dina hiji ayat, kedah atos-atos
>pisan dina narjamahkeunana teh. Hal ieu teh salian pikeun katalitian oge
>sangkan tarjamahan Al-Qur'an anu dipidamel teh langkung komunikatif tur
>nyaketan bebeneran sakumaha anu dimaksud ku eta kalam ilahi.
>
>Sakitu bae heula, ayeuna mah urang contoan bae sangkan urang sadaya langkung
>paham ku anu dimaksud ku tips di luhur. Upamana, dina Surah An-Nabaa' (surah
>ka 30) anu keur dihanca, urang coba larapkeun:
>
>Ayat ka hiji: "Amma yatasaaaluun" (anu ditulis double nunjukkeun panjang,
>kagigirkeun heula soal harkat/wirahma panjangna mah). Dina ayat ieu, isimna
>isim jamak, nakiroh; dhomirna dhomir ghaib kalawan jenis kalimah aktif.
>Hartina, anu keur diobrolkeun teh teu hadir. Jadi kira-kira tarjamahanana teh:
>"Ngeunaan naon maranehanana tatanya (bae) teh?". Tarjamahan "tatanya' bae teh
>tina "yatasaaluun" ("saala" ditambahan "kecap "alif" jeung "ta", "alif'-na
>geus lebur ku "ya" dipayuneunana anu nuduhkeun waktu ayeuna jeung ka hareup/
>"present tense" jeung "future tense")
>
>Ayat kadua: "An (in) an-Naba al-'adzhim". Ieu ayat nerangkeun/garujuk/ngajawab
>ayat kahiji di luhur. Isimna isim ma'rifat (lantaran aya "alif lam"). Jadi,
>upama ditarjamahkeun "ngeunaan beja anu gede" rada kurang merenah, sabab dina
>eta tarjamahan tacan kaciri (katarjamahkeun jenis isimna anu ma'rifat tea).
>Ma'rifat nu kahiji (An-Nabaa), rupina, yen beja teh lain sabeja-bejana;
>sedengkeun ma'rifat anu kadua mah (Al-'Adzhim) heunteu pati hese teuing, sabab
>bisa nuduhkeun gedena teh gede pikeun beja anu tadi, anu lain sebeja-bejana
>tea. Kamana atuh neangan "ma'rifat"-na pikeun eta kecap "beja"? Lebah dieu
>perluna ngarujuk ayat-ayat samemehna atawa ayat-ayat sejenna anu pakait tina
>sakabeh eusi Al-Qur'an. Tapi, anu ieu mah geus lain tarjamahan deui namina,
>balikta anu disebut tafsir tea.
>
>Mangga, sakitu heula anu tiasa kapihatur. Kirang langkungna neda tawakuf. Oge
>mugi ieu tips teh heunteu ngirangan sumanget sareng matak ngarengkog ka anu
>bade ngiringan pancen TQBS. Balikta anu dipiharep, sadayana janten sumanget
>tur salamina milarian lengkah anu sae dina hiji padamelan. Sangkan "pakena
>gawe rahayu, pakeun heubeul jaya di bhuana" tea. Mung Alloh anu paling uninga
>kana anu pangbenerna tina sadaya perkara.
>
>Baktosna,
>manAR
>Sun Rawayan Raksaning Gusti
>
>mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>sami-sami kang, mudah-mudahan papada sehat.
>
>saleresna perkara nu ditaroskeun ku salira, tos aya di
>websitena, mangga pilari di bagian BABAGI TUGAS. tos
>dibagi-bagi kanggo tiap panarjamah sewang-sewangan.
>
>====
>bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
>hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/
>
>__________________________________________________
>Do You Yahoo!?
>Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
>http://mail.yahoo.com
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
>pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
>mengupdate antivirusnya.
>
>
>
>Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>document.write('');
>
>---------------------------------
>Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
>http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
>[EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
>__________________________________________________
>Do You Yahoo!?
>Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
>http://mail.yahoo.com
>
>[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
>pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
>mengupdate antivirusnya.
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Ganjar Kurnia
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/