Bubuka
Ari kahayang mah teu jero teuing kawas leuwi nu rek diteuleuman, oge teu
luhur-luhur teuing kawas kartika nu rek diapungan. Ieu mah kur baroga niat
hayang panggih jeung baraya nu sapopoe ngalobrol di alam maya.
Nu Poe Kamari
Nu poe kamari mah nyeta nyieun tutunggul keur amparan ngaraketkeun duduluran di
babakan internet. Harita di bale pang nyungcungna di Depok, di Rektorat UI
sababaraha urang sunda ngarumpul. Ti wawanohan teh nya dikedalkeun yen sasih
Pebruari urang ngarumpul deui. Nya der we atuh urang dihanca
babarengan.
Nu Poe Ayeuna
Nya geuning poe ayeuna teh geus wanci, ninggang kana mangsa nu geus
dipatokeun di Depok poe kamari. Teu make acara panitia-panitian, ieu mah modal
ting harewos we bari digawe jeung dipigawe. Nu tiheula atuh teu agul ngarasa
jaradi pupuhu, nu ditarukang atuh ulah pundung asa ditinggalkeun. Bral urang
babarengan, urang dipigawe babarengan.
Nu Poe Isuk
Nya geuning dihanca babarengan mah boga wawanen keur ngayakeun ririungan. Insya
Allah urang karempel deui dinten Saptu ping 26 Pebruari 05 di Hotel Santika -
Slipi Jakarta. Urang panggih, urang ngobrol, urang raketkeun duduluran. Enya ge
ti tabuh 9 enjing dugi ka 5 sonten teh heureut. Tapi nya hayu we urang
mangpaatkeun, urang ngarobrol..ngobrol nu keur jadi cecekelan pikeun nyieun
amparan. Amparan keur kahareup..da geuning waktu mah ngarayap, teu karasa urang
geus nincak taun ka 5 dina ABAD 21.
Geuning kamari aya kolot nu ngagorowok bari mangmang: "naha aya keneh urang
sunda teh?". Kumaha 5 taun kahareup...10 taun kahareup? Boa-boa euweuh nu
ngagorowok...atawa geus euweuh nu rek digorowokan!!
Jig geura narindak, tapi ulah ngalieuk ka tukang!
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/