Haturan kang Asep........
Sumuhun leres eta seratan teh, mung teu sadaya anggota 
milis kisunda atanapi urang sunda di eusian ku baraya 
angkatan kapungkur, malihan angkatan kapungkur mah tiasa 
dietang ku jari. da seuseueurna anggota milis ku yuswa anu 
produktif, rata-rata yuswa tilupuluhan, aya kang irfa, aya 
kang yudi, aya kang Ikmal, akang-akang anu sanesna yuswana 
aranom keneh dualimaan...PUguh kuayana lembur kusnet tiasa 
ngabukakeun kasempetan kanggo milari pangaweruh, khususna 
kasundaan....
Mangga kang Asep geura kaluarkeun pangaweruh/ jurus supaya 
barudak ngarora/ABG, tiasa bangga ku budaya sunda, utamina 
ngarangge basa sunda. ulah ngarasa kampungan...kitu kang 
Asep  !, punten ah..si teteh oge nuju diajar kasundaan.... 
tangtos seueur lepatna...

Baktos
teh tienka
(bangga janten urang sunda)




On Sun, 20 Feb 2005 07:34:16 -0000
  "Asep Dedi Suhendra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Haturan Baraya....,
> 
> Upami si Kuring ngabandungan kahirupan tujuh taun 
>katukang,salaku  
> urang sunda di lembur kalawan jujur, ebreh katingal, yen 
>kisunda teh 
> jiga anu "ragrag martabat", seueur kulawarga anu teu 
>mibanda rasa 
> agul kana kasundaan, tong boro hayang nuluy keun jeung 
>ngarojong 
> kana tapak lacak kasundaan  supaya ajeg nanjeur bisa 
>salaras 
> ngimbangan kana kahirupan modern, dalah keur ngajarkeun 
>basa sunda 
> ka barudakna bae geus ngabogaan rasa rada gengsi di 
>banding jeung 
> ngajarkeun make basa nasional, majarkeun basa sundateh 
>disebutna 
> kampungan....,upami ayeuna masih keneh, kitu..???
> 
> Kukituna si Kuring diajar neuleuman hate adi2 anu aya di 
>sakolaan,  
> rata-rata ngabogaan imajinasi anu di pangaruhan 
>kupikiran2 modern 
> ngaliwatan musik, film2 Holywood, jeung tokoh-tokoh 
>kaliber 
> internasional anu jadi anutan maranehna, tug nepi kana 
>hiji obrolan 
> kieu; "Kang kuringmah bingung ieu teh naon anu bisa di 
>agulkeun/di 
> banggakeun ku kuring salaku urang sunda,kabogoh kuring 
>bae gengsi 
> lamun keur apel diajak ngomong sunda, keun bae da basa 
>nasional oge 
> nu urang keneh..... jst".
> 
> Tah ieu oge tiasa di buktoskeun ku ayana pakumpulan 
>milis sunda anu 
> seuseueurnamah di lebetan ku angkatan2 kapungkur, kirang 
>di minati 
> kugolongan barudak ayeuna, malah maranehna ngumpulna teh 
>di Rohangan-
> rohangan kusus kaluaran yahoo messengger anu  ngabogaan 
>kalaluasaan 
> anu leuwih, cenah.
> 
> Janten pamungkas.., naon atuh anu bisa di agulkeun ku 
>urang sunda 
> anu bisa ditepikeun ka barudak ayeuna anu bisa ngeusian 
>kabutuhan 
> tokoh, atanapi pigure anu salaras jeung daya imajinasi 
>kamajuan 
> jaman keur maranehna...???( atanapi wartoskeun bae kitu 
>ayeuna aya 
> urang sunda anu tos nyepeng di unggal parapatan di 
>NYC... Abah Joe 
> tea...he...he..hampura bah...
> 
> 
> Punten ngacapruk....bilih atos aya obrolan anu sapertos 
>kieu, nya di 
> langkung sajah ....
> 
> 
> 
> Baktos
> 
> 
> Asep Oeking-Fl
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada 
>seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan 
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, 
>dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke