sawalerna, teh tienka, kumaha damang ?
muhun ukur patepung lawung pamprok jonghok teh di alam maya nya, keun teh tien 
etang-etang ngalalanyahan tepang di alam nyata.
 
muhun aya anu hoyong beuleum peuteuy, ngan peuteuy di dieumah tos dipesekan, 
ari bauna sami tah, atuh jengkol apan di stoplesan dikeleran, sami bau..... 
malahan upami masak teh kedah wae sa kuriling urang aya anu protes.
 
muhun eta abon lauk sisi curug di papantesnya teh, sambel tarasi lalab daun 
sampeu 
tah panutup colenak, urang bibita yu teh guru, kang- guru yan, ke lamun libur 
barudak insyaaalloh, hayu urang ka panaruban, urang prak keun kasono sareng 
prak eun neda colenak, ulah hilap pribumina oge kang endut ajakan,  tah kang 
panganten oge hayu,sugan kang-guru Yan kapelet nuturkeun.oge teh sri balaka 
dimana usa na.
 
hatur nuhun ach
asa sanggup prak-prakan popolah colenakmah ayeuna oge. aya gula kawung kintunan 
kang wira, aya peuyeum nembe asak. tah.....
 
baktos
teh nenny
 
tienka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Haturan teh Nenny....kumaha damang..? asa tos lami nya 
urang teu patepang, muhun tepang di alam maya wae...duka 
urang tiasa tepang di alam nyata..??, kapayun sugan upami 
ongkos kapal besi sami sareng saongkoseun..merser 
kurupuk...he he, iraha boa..???
Kumaha wartosna ayeuna...? si teteh mani sono....Eta 
geuning aya anu hoyong beuleun peuteuy....dalah didieu 
oge, tos aralimeun kana peutey teh cenah mah bau....
Jengkol anu di cocolkeun kana sambel tarasi...duh 
nikmatna....sangu pulen...ah, di purulukan abon anu tina 
lauk...duh raos.., di wawaas.....he he

TEh tienka
( teh nenny si teteh mah hoyong colenak, tos lami teu 
mendakan....)






On Sat, 19 Feb 2005 05:47:37 -0800 (PST)
nenny yunus wrote:
> 
> Aya kang yan, pantar peuteuy beuleum mah ngadapang di 
>saung, sanajan ti thailan, moal eleh baunamah ,
> sambel tarasi aya, sambel koboy ala teh nety martin 
>dallas, karedok kalandep juragan oman oge sayagi, alim 
>jengkolmah masakna oge sok karunya tatangga polusi cenah 
>engke wae dilembur etamah, colenakmah atuh menu 
>sadidinten us houston sarapan gegentos martabak teu 
>bumbuan tea ning.
> 
> mangga kang yan ups ameh pas jol kadinya pas buruk/ aduy
> aya rujak hiris hayoh, kalandep juragan yogi sm, sareng 
>goreng jambal roti.
> melak di sakuliling patio, binihna ti urang lembur anu 
>nekad nyandak. sok mangga cikur oge nepi ka houstonmah.
> 
> siapa takut peuteuy beuleum mah. jaminan aduy saja 
>sampai ka dinya kumargi pang kilatna oge saweungi 
>sadinten tah.
> bade ? tungguan nya upsna .
> 
> 
> sastranegara 
wrote:
> 
> Teh Nenny punten wae abdi palay beuleum peutey aya 
>henteu?
> Sakantenan sambel tarasi, caredok, etong jengkol bisi 
>jengkoleun.
> Upami ayamah colenak di cocol-cocol becek..........
> 
> Di UPS keun wae...........(=)
> 
> Nuhun Teh
> 
> Yan
> 
> On Friday, February 18, 2005, at 10:54 PM, nenny yunus 
>wrote:
> 
>>
>> sok atuh jalu, sale heula, eta hui bubuy tah
>> ari peuyeummah tuh ti abah NYC aya tah kantun nuang, da 
>>abhmah sieun 
>> naek tensina saurnamah kang....
>>
>> mangga neng akang tah hiyap linggih
>>
>>
>> Paku SARAKAN 
> wrote:
>>
>> kade hilap cau jeng kulub hui teh
>> heheheh
>> suguhkeun katamu teh
>>
>>
>> --- nenny yunus wrote:
>>
>>> waalaikumusalam,
>>>
>>> mangga neng mbak sri , linggih dimana neng usa na sugan
>>> tatanggi sareng teteh, sareng akang, sareng abah, sareng
>>> emang, bibi jeung urang sunda ( US di USA )
>>>
>>> mangga neng kalebet, anggo sendalna tong asa2.
>>>
>>>
>>> baktos
>>> teh nenny
>>>
>>> Sri Muliani
>> wrote:
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Assalammualaikum wr. wbr.
>>>
>>> Sampurasun, nepangkeun sim kuring
>>>
>>> Wasta: Sri Muliani
>>> Kawit: ti Bandung
>>> Linggih: ayeuna nuju ngumbara di USA.
>>>
>>> Hoyong ngiringan tiasa ngobrol dina basa Sunda,
>>> mugi-mugi bae janten
>>> nambihan baraya, bari manjangkeun silaturahmi.
>>>
>>> HAtur nuhun.
>>> Wassalam.
>>>

                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Meet the all-new My Yahoo! � Try it today! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke