Waalaikumusalam, wr wb
tuh geuningan, abah, akang, eteh..... ti urang nyalira sihungna mah, rek
ngamumule sareng miara basa karuhun teh.
wios akang di kantor bahasa sunda, keun wae lalanyahan ameh der basa sunda jadi
basa loma
di kantor, atanapi basa ka dua setelah basa indonesia , istilah abdimah ibarat
tuangeun, basa sunda tuangen mimiti sareng panungtung di acara naon wae di
kantor.
basa republiknamah, makanan pembuka dan penutup. dinu acara naon wae. tah kitu
contona kang, kuring upami pancen janten ' pembawa acara/ mc ', bada bubuka
uluk salam sok iseng- iseng berhadiah, nyebat kieu ; "... Hatur nuhun anu
kasuhun kasaderek miwah tatamu anu kersa ngalungguhan ieu acara...." atuh
der... sing harewos, anu terangeun atoh mairan, anu teu terangeun sing kecewis,
tah... palebah acara rengse atanapi pas ramah tamah sok seueur anu naroskeun
basa naon tadi anu dibewarakeun, der dialajar, sok istilah abdimah " iseng -
iseng berhadiah lah". (kado katineung, hatur lumayan )
lamun orang jawa ngajak basa manehna urang ngartos mairan wae nganggo basa
sunda, dijamin aranjeunna oge mairan nganggo basa urang, sanajan kasar, loma
atanapi lemes sawios
tampi wae etang- etang kado katineung kanggo urang ngamumule basa sunda.
tapi upami teurah lian mah muhun sok hararese eta pedal letahna kagog atanapi
sifat " kesuku-
anna " kiat. komo ayeuna aya acara menyambut basa keibuan internasional /
nasional tah.
hayu rancage, hayu sabilulungan urang ngamumule basa sunda sasarengan.......
basa mah teu meuli ieuh saur sepuh oge sanes ?
Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
*************************************************
Assalamu'alaikum wr. wb.
Haturan Abah, teh tien lan teh nenny!
Nalikana kana uga kanjeng prabu..... panginten parantos waktosna urang
teh makalangan kalayan nembrakeun kamonesan Sunda sapuratina.......
Si kuring sataun kasangtukangeun asanateh meuni inggis susundaan teh
... tapi sigana karuhun kuring mere nyaho yen sakumaha maneh
makalangan, mun seug maneh neangan kami (kasundaan) taya lian kabeh
teh geus aya dina hidep.
Nu kalaman mah makin beh dieukeuneun... si kuring, boga rasa sok aya
nu daratang dina uteuk jeung manah dina perkara kasundaan teh, conto
gampilna dina basa sunda.... satemenna si kuring sering manggih basa
sunda nu teu kaharti atawa can pernah pisan panggih jeung eta basa
teh, tapi teuing kumaha jeung timana datangna etamah sok langsung
ngarti jeung siga nu geus biasa make eta basa teh.
Hemeng! sakapeung mah, naha bisa kitu?, tapi ras peureum kuring nenjo
ka jero hate..... deg teh siga aya nu nembal,....... moal bireuk hidep
ka kami, sabab geus waktuna kami wawangi....."....mun gunung Gede
anggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang
Sunda disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana.
Banguna ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya deui; ......" (uga kanjeng
prabu)
Ah duka teh teui, abah!.. nu penting mah si kuring teh asa nimu deui
diri nu geus leungiteun. Baheula mah mun aya jalma ngomong jawa sok
mimiluan jajawaan, ngomong padang sok milu papadangan,...... ayeunamah
sok ditembal ku basa sunda!... jadi saperti di kantor ayeuna mah, bae
lolobana urang jawa mun papanggih jeung kuring mah sok ngabasa sunda
keun ... bae manehna salah dina omongan oge, tapi lila-lila mah jadi
harayangeun nyaho basa sunda jeung kasundaan.
cag heula,
-pun adi-
***************************************
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/