Haturan Kang Satja....,nuhun ditepangkeun sareng si kuring Asep...

Abdi ge moal eleh bade ngacung kang..., tuh katinggal....? he..he.
Tina jenengan bae tos katinggal si kuring mah terah sunda sanajan 
teu janten  menak oge...nya ari menak jinggo mah duka..

Malihmah sanajan pun anak lahir di USA oge ngahaja dititipkeun di 
mertua di Bandung,da kitu kang, teu satuju ku didikan kahirupan 
moralna di didieumah..

Sok Atuh Abah urang buktikeun urang teh boga anu di agulkeun keur 
harewoskeuneun ka turunan... cag... ah..



Baktos


Asep Oeking-FL


 
[email protected], "tienka                                     
                " <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Abdi ngacung bah ..!!, Damang abah ? katinggalna jag-jag 
> waringkas, nuhun damang mah......Sumuhun ngacung pangheula 
> na yen si teteh sakulawargi nganggo basa sunda, wios 
> barudak nembe diajar ge.....da, pinter keneh basa jawa, 
> tapi ayeuna mah sakedik2 tos tariasa....he he
> Di bumi teh dipaksa nganggo basa sunda , malihmah rencang 
> anu ti Jawa oge tos paham upami diajak nyarios basa 
> sunda., kitu supados tariasa.
> Bah Joe, pamendak abah teh leres tur sae sapuklah si 
> teteh. Sumuhun urang uihkeun deui wae ka urang 
> sadaya.....Tah Dupi kang Asep kumaha..? duka.....he he
> 
> Salam baktos
> 
> teh Tien
> (ari nuju dibdg, sok kusunda wae, padahal anu diajak 
> nyarios teh indonesia, mani bangga....eta jelema, padahal 
> bisa sunda...janten hoyong seuri )
> 
> 
> 
> 
> 
> On Sun, 20 Feb 2005 07:27:10 -0800 (PST)
>   Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > majarkeun basa sundateh disebutna 
> > kampungan....,upami ayeuna masih keneh, kitu..???
> > =============
> > 
> > Tah patarosan nu diluhur ku Abah dijawab ku patarosan 
> >deui:
> > 
> > Tina anggota milis ieu anu jumlahna 380,  cobi ngacung 
> >anu nganggo basa Sunda sadidinten di bumi.  Boh sareng 
> >batur hirup atanapi sareng para putra ?
> > 
> > Tah upami sahandapeun 50%, patarosan Ncep Asep...nya 
> >ayeuna masih keneh kitu, boa engke kapayun oge.
> > 
> > Tah upami langkung 50%, .. tah ABG teh bakal ngarasa 
> >henteu kampungan mun nganggo basa Sunda teh.
> > 
> > Sagala rupi oge dimimitian di bumi salira.  Apan budak 
> >mah ti umur 2 tahun dugi ka 10-12 tahun,  nyonto ka Ibu 
> >Ramana.
> > 
> > Upami urang sarera ngaraos yen hirup didunya teh aya 
> >"misi", tah salah sahiji misi urang teh, ngadidik para 
> >putra dimimitian ku diajar basa Sunda nu sae. Ngarah eta 
> >budak ulah epes meer,pundungan. jeung rea rea deui 
> >ka-negatipan US. Diajar wani mun dina jalan kabeneran. 
> >Diajar wani ngaluarkeun eusi pikiran. Urangna kedah tiasa 
> >ngajelaskeun kana hiji parsoalan. Sing arang ngaggo kecap 
> >"pamali". Urangna kudu diajar daek narima kaayaan, mun 
> >teu terang nya terus terang wae urangna.....diplomasi.. " 
> >Ke Bapa/Ema hilap deui kana eta parsoalan, arek 
> >ngaemut-emut heula jawabanna. Pan Bapa/Ema geus sakieu 
> >taun kaluar ti SMA teh ".
> > 
> > Nya geuning urang urang keneh wae nu jadi Bapa atawa Ema 
> >nu ngajadikeun  "persoalan" naon wae jang barudak urang 
> >teh, boh sae atanapi awon. Teu tebih- tebih , nya.
> > Ulah getol ngan  "nyitak-na" wungkul. Mun tos brol kedah 
> >"dicetak" oge supados jadi manusa nu boga "misi"  jang 
> >naon hirup didunya teh.(Eta we pedah ceuk Teh Tien, 
> >anggota milis ieu seuseurna dihandapeun 30-han, keur 
> >meujeuhna getol-getolna!).
> > 
> > Abah Joe.
> > Nu hiji-hijib=na anggota milis sahandapeun......... 70- 
> >( Sahandapeun 70 ..tiasa 40 ,nya heh..he. seuri bari 
> >nembongkeun waos ompong. acan ari  pipi kariput mah ).
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> >             
> > ---------------------------------
> > Do you Yahoo!?
> > Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
> > 
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> > 
> > 
> > 
> > PENTING..!
> > 
> > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada 
> >seluruh member.
> > 
> > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan 
> >dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> > 
> > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, 
> >dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> > 
> > Yahoo! Groups Links
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> 
> 
=====================================================================
===================
> Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk 
wilayah Jawa Timur.
> Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-
INSTAN (467826)
> 
=====================================================================
===================





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke