Salam,
 
Pribados seja bade ngiring belasungkawa oge prihatin ka dulur-dulur urang nu 
kalangkungan musibah nu tumiba ka aranjeunna, leres pisan nu di carioskeun ku 
Kang Oman sadaya kajantenan teh tiasa salah sawios tina rusiah Nu Maha Kawasa, 
namung eta oge sapertosna sanes salah sahiji alesan eta kajantenan kumargi 
sapertos dina salah sahiji dalil atanapi hadits " Allah moal ngarobah Nasibna 
hiji Kaom Lamun eta hiji Kaom teu ngarobah nasibna sorangan"  tah dina eta 
jelas tur jentre pisan sareng saluyu pisan sareng naon nu di serat ku Kang Oman 
rehna TPA nu parantos di tutup kupamarentah geuning masih keneh dioperasikeun 
ku pihak nu teu tanggelwaler.Padahal pamarentah ngaluarkeun surat Larangan teh 
dumeh uninga saupama eta TPA dianggo teras bakal ngadatangkeun hiji mamala 
atanapi musibah pikeun urang srerea khususna masyarakat dilingkungan eta TPA.
Dina ieu hal kumaha saupamina hal ieu oge kalebet tina salah sawios nu bakal di 
bahas dina acara riungan di Jakarta ping 26 engke.
Hapunteun saupamina aya basa nu kirang merenah kawargi sadaya mugi ngama'lum 
pribados masih budak kamari sore nu peryogi sareng nu hoyong ngarojong kana 
bahasa sunda.
 
 
Baktos,
 
sulkanmu
 
-----Original Message-----
From: oman abdurrahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, February 22, 2005 11:52 AM
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Wartos sedih
 
Wa'alaikum Wr. Wb.,

Ngiring belasungkawa anu kalintang ageungna ka dulur-dulur urang, boh anu tilar 
dunya atanapi katalangsara alatan musibah taneuh (tumpukan runtah) urug di TPA 
Cireundeu (kawentar salaku TPA Leuwih Gajah) di wewengkon Cimahi. Ka nu 
ngantunkeun, pamugi ditampi Iman-Islamna; ka kulawargi anu dikantunkeun/kenging 
musibah, pamugi aya dina katawekalan; atuh ka sugri anu nandangan musibah 
sanesna, pamugi masing enggal damang sareng walagri deui sakumaha bihara-bihari.

Nyaeta atuh Kang, jaman "gagak ngelak dina luhur tutunggul" tea kitu ieu teh? 
Musibah patungturun, ngadatangan urang teras-terasan. Sabagean memang papasten 
anu rusiahna aya di Pangeran, sabagean deui meureun kulantaran laku arurang 
keneh kawitna. Kungsi aya posting ngeunaan mangsa "panen musibah" anu keur 
disanghareupan ku bangsa urang ayeuna. Paralun, sanes  miharep tambah-tambah 
musibah, namung  seueur pisan kakirangan-kakirangan urang salami 32 taun 
langkung katukang anu balukarna karandapan ayeuna.

Soal TPA bae contona. Antara tahun 1980-1990 teh aya panalungtikan aspek 
geologi lingkungan ngeunaan lahan anu tiasa dianggo TPA kalayan aman pikeun 
wewengkon anu disebut "Cekungan Bandung Raya" ("The Greater Bandung Region"), 
anu ngawengku kacamatan-kacamatan di Kota Bandung, Kabupaten Bandung jeung Kota 
Cimahi. TPA Dago, Leuwigajah, Cicabe, Pasir Impun, eta kalebet TPA-TPA anu 
diusulkeun sangkan HEUNTEU diteruskeun salaku tempat miceun sampah (TPA). Pon 
kitu deui, panalungtikan teh maparinan usul lokasi TPA anu sae (sacara geologis 
rada kirang ngandung resiko bencana). Namung nyakitu, sok sanaos eta oge aya 
TPA anu ditutup (TPA Dago, upamana),. rupina aya sabagean tina anu TPA diwagel 
anu masih terus dianggo (beroperasi). 

Sanesna ti eta, unsur jeung panalungtikan ngeunaan kaamanan TPA-TPA di urang 
kalintang kirangna. Atuh sababaraha kali sim kuring nyakseni usulan pikeun 
ngamanfaatkeun runtah kanggo gemuk NPK lengkep (kandungan organik sareng hormon 
cekap) anu bahanna diantarana ngamanfaatkeun runtah, heunteu aya 
lajuninglakuna. Padahal, upamana bae eta runtah teh unggal dinten langsung 
kaserep ku industri gemuk (anu bahan bakuna tina runtah), sigana urang teh moal 
pusing atawa moal seueur teuing masalah pakait jeung/alatan tempat miceun 
sampah (TPA).

Baktosna,
manAR  



  

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. Wr. Wb.

Ngabandungan kaayaan di lembur beuki pikasediheun wae. Banjir, longsor 
dimana-mana. Nembe pisan kenging wartos (di CNN oge aya), longsor di TPA di 
Cireundeu 136 jalmi kaurugan runtah dugi ka teu aya dikieuna. Dugi ka danget 
ieu nembe kapendak 7 an. Innalillahi wa inna ilaihi rooji'un.

Ganjar Kurnia



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups Sponsor 
Get unlimited calls to

U.S./Canada


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


            
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




  _____  

Yahoo! Groups Links
*         To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
*         To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> 
  
*         Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
<http://docs.yahoo.com/info/terms/>  Service. 


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke