Rubuh-robahna kecap "ngaran" jeung "kuring" (kata pangganti pikeun pihak
kahiji/ anu keur ngobrol) jadi "nami", "wasta", "nami", "jengenan" atawa
"kakasih" (pikeun "ngaran") jeung "abdi", "pribados", "sim kuring", dewek",
"kula" atawa "urang (keur kecap "kuring " memang kapendak dina larapan basa
Sunda. Perkara ieu teh tiasa bae kalebet tina bab undak-usuk basa (Sunda) atawa
kaperluan pikeun ngahormat ka anu diajak ngobrol atawa ka anu keur diobrolkeun.
Sok sanajan kitu, sigana lain pedah undak-usuk basa atawa kapentingan keur
ngahormat anu diajak nyarita, aya oge kasangtukangna kulantaran memang tina
salah sahiji kecap eta anu pang pasna keur kaperluan komunikasi.
"Nami", "jenengan", jeung "kakasih" ieu basa lemes atawa keur ngahornat. Kecap
"nami" sigana kurang merenah sabab aya unsur kapangaruhan ku Basa Indonesia,
tegesna eufeimisme tina "nama" dina basa Indonesia. Ari "jenengan" atawa
"kakasih" biasa dilarapkeunna teh upama urang mayunan anu kalintang
dipihormatna. Upamina, kakasih jungjungan urang, Nabi anu akhir dina agama
Islam, teh nyaeta Muhammad saw. Sedengkeun anu lomana tina kecap eta nyaeta
"wasta", "ngaran" atawa "lalandian", kitu sugan.
Anapon kecap "urang", eta larapan pikeun "kata ganti jalmi kahiji" (anu keur
nyarita tea) anu jamak. Ieu, ceuk kami mah, bisa kaasup loma atawa oge bisa
disebut lemes. Upama tunggal, bisa digunakeun "abdi" atawa "sim kuring". Ieu
dina tataran undak-usuk basa kaasup anu lemes. "Kami", dina hiji dialek basa
Sunda, dilarapkeun boh keur "kata ganti jalmi kahiji" tunggal atawa jamak.
Kadang-kadang digunakeun "kaula", atawa "kuring". Ieu dua kecap kaasup loma.
"Kaula" asal kecap (tina basa Sansekerta?)-na mah sigana sarua jeung "abdi"
(tina Bhs Arab) an u hartina "hamba" tea (dina basa Indonesia mah).
Aya anu khas dina kecap "kuring", sigana upama dibandingkeun jeung basa Arab,
"kuring" dina hiji larapan mah nyoko kana kaayaan jiwa ("insaniah" atawa
"person". Upamana bae, upama, pikeun ngebrehkeun kaayaan jiwa (sorangan),
pantesna teh make kecap "kuring". jadi, leuwih pas kalimah "jiwa/diri kuring"
tinimbang "jiwa/diri abdi"; atawa "pipikiran kuring" tinimbang "pipikiran
abdi". Anu loma pisan, upamana larapan dina wangkongan jeung babaturan anu geus
dalit pisan, pikeun "kata ganti orang kahiji" teh biasa digunakeun kecap
"dewek" atawa "aing". "Aing mah, teu resep euy ka nu kararitu teh", upamana.
Soal naha bade diteraskeun migunakeun undak-usuk basa atawa basa loma, mangga
teu langkung bae. Anu jadi catetan (anu tetep "patojaiyyah" tapi teu ngurangan
pentingna atawa tetep bisa dilajuninglakukeun), basa loma ayeuna langkung
dipisuka jeung dirojong; di sagigireun ti eta, basa anu lemes oge tetep jadi
pilihan kanggo anu tos nyangking larapanana sareng waktuna memang merlukeun eta
larapan.
Hapunten bilih seueur lepatna.
Baktos,
manAR
Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Ncepshadur
Teras sim kuring teh nuju rada bingung yeuh aya
hubungannana jeung soal Nami...
1. Naha dina wayang upami naros nami teh sok nyebat
kieu:" Dupi kakasih teh saha? "
Naha nami janten kakasih ?
2. Naon bedana "urang", "kuring", "jisim", "pribados",
"aing","dewek"
Salam Baktos
MZ
-- cepshadur <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> eeeh,,,ehh,,,ari akang nya , jaman kiwari mah hese
> pisan milarian
> jalmi ngacapruk teh, jiga urang-urang mah komo ,
> rada langka
> aya oge jalmi ngacapruk kang maman saren kang ramdan
> tapi teu acan
> kadangu sowantenna ,,,,
>
> jaman kiwari mah seuseueurna jalmi kablinger
> ,,ceunah eta oge ,,
> teu nanaon ngacapruk mah asal ulah jadi gelo weh,,,,
>
> sok mangga ahh,,,dilajengkeun ,,,,herrrrrrrr,,hes,,
>
>
> wassalam
>
>
> --- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra"
> wrote
> >........................
> > Tah mudah2an ku ayana lamunan ieu hak paten Asep
> masih tiasa di
> > pertahankeun ku Urang Sunda... Cag.... sakali deui
> hampura..
> > ngacapruk.
> >
> > tah sakitu baraya
> >
> > Baktos
> >
> >
> >
> > Asep Oeking-FL
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/