Kang Hasan,
Janten emut ka kasepuhan WANADRI nyatana Kang Iwan
Abdurahman.(nu ngadamel lagu Hymne Unpad),
anjeuna dipasihan pancen kanggo ngadamel lagu Hymne ku
salah sahiji rektor paguron luhur di Kalimantan.
Sabaraha wae hargana bade di tedunan.
Walon anjeuna nya abdi mah "teu tiasa" ngarang lagu 
komo anu dipesen sepertos kitumah.

Eta rektor teh janten ngahuleng nampi kasauran kitu
teh, mung si rektor teh teu eleh "gele", nya anjeuna
di candak kukurilingan dina perahu sampan di sungai
sungai kalimantan nu hutan-hutanna masih geledegan.
Ku jalaran kitu eta pesenan lagu hymne teh jol-jol 
mucunghul we "kaluar" tina ati sanubari anjeuna.

Janten "point" na , urang-urang sadayana di milis ieu,
urang rempug jeung urang "keleketek" si Abah  
sangkan bisa "ngadongeng" kumaha "sepak terjang"na
hirup jeung huripna si abah di pangumbaraan USA.

Perkawis "komersil" atanapi heunteunamah keun wae
urang
emutan deui.

Sim kuring salaku wawakil ti nu anom tur kampungan
(cenah), anu aheng jeung kabita ku nu disebut "modern"
nyatana budaya barat teh ku ningali eta dongeng Abah
janten heunteu kabita-kabita acan.
Teu nanaon upamana dongeng eta nganggo bahasa
indonesia oge (campur), jajaka sunda seueur nu hilap
ka bhs ibu.

Tambihan upami teu lepat, sekretaris daerah jawabarat
parantos ngadamel buku "manajemen" anu
dihubung-hubungkeun sareng "nilai-nilai" luhur urang
sunda.(sim kuring teu acan nyempetkeun motokopi)

Wassalam
MZ

 
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> --- Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Tah jigana buku  si Abah, nya jiga nu diluhur.
> > Pondok, boa moal aya nu ngaos, komo deui nu
> > ngagaleuh.  Rugi jadina. (tah, ku magtaun-taun
> > didieu jadi pikiran oge kababawa, nu dipikir teh
> > laku henteuna !).
> 
> haturan abah joe. 
> 
> bawiraos sim kuring, ide kang maman kalintang saena.
> upama tea mah, kuring tiasa usul, eta pangalaman
> abah
> mang taun-taun kalintang peryogina kanggo
> pieunteungeun baraya sunda sanesna. rupina, upama
> bade
> diserat janten buku, sae diniatan kanggo mangpaat
> nonoman sunda. janten jurusna, jiga sepuh kapungkur
> melak tatangkalan sareng bubuahan. sok sanaos tos
> cetuk huis, tokroh-toktoh tos kundang iteuk, geuning
> melak tangkal buah mah teras wae dipilampah, tanpa
> ngemutkeun naha eta tangkal buah teh baris kaala
> mangpaatna ku anjeuna nyalira. cenah palsapahna teh:
> upama teu kaala ku abah, sugan kaala ku anak abah;
> upama teu kaala ku anak abah, sugan kaala ku incu
> abah; upama teu kaala ku incu abah, sugan kaala ku
> buyut abah, ku masayarakat sakumna.
> 
> wallahu'alam,
> 
> salam,
> mh
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke