Kang Uking, pangalaman akang teh ku aheng-aheng teuing nya? Cig kumaha atuh carana supaya tiasa siga Kang Uking. Naon babacaanana sareng wiridna teh. Sapangemut kuringmah emang aya jalmi anu tiasa nepungan jalma anu tos maot. Tapi mung aya di impenan. Siga Aa Gym anu ngaku pernah patepung sareng Nabi Muhammad SAW dugi ka tilu kali. Ari jalmi anu tiasa pindah alam mah (ti alam dunya ka alam lelembut) mung karek ningali di film wungkul sapertos film-film mandarin. Da di film mandarin mah atuh alam lelembut teh mani eces pisan siga alam urang (dunya), aya imah jeung nu sanesna. Malah aya oge malaikat-malaikatna sapertos malaikat nu ngajaga naraka, malaikat nu purah nyabut nyawa, jrrd. Sok atuh Kang japrikeun wiwiridna ka kuring.
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >Upami anu tos teu aya dikieuna masih k�n�h tiasa diajak ngobrol mah, atuh >sajak pribados t�h lepat panginten nya? Upami leres tiasa tepang mah, seueur >anu tiasa ditaroskeun panginten (tiasa komunikasi langsung atanapi henteu?), >kalebet patarosan kumaha rasana sakarat, usum naon diditu sjbn. Punten, ah. >Wilujeung enjing Ayi Asep ieu Akng nembe gugah, teras weh ibak, >sarapan jeung ngacir angkat ka kantor........biasa keur ngajar "penca >tea" sakantenan diajar "hirup" dinagara deungeun. > >Pangalamannana tiasa ngobrol jeung nu tos maot teraskeun wae, di NYC >abdi gaduh rerencangan malahmah ditembongan "nabi-nabi" sateuacan >nabi Muhammad SAW, Di Bandung oge aya rerencangan sepertos Kang Asep. >Sok atuh Japrikeun wae ayat-ayat kanggo dzikirna. >Upami tiasa obrolanana naon wae atuh................ > >Baktos >Yan NYC > >On Wednesday, February 23, 2005, at 03:55 AM, dudi wrote: > >> >> Haturan Kang Uking di Florida..., >> Sok sanaos si kuring mah teu acan ngudag anu eta, tapi kuring ge >> percanten (haqqul yakin) yen Kang Uking nyarios kitu teh sanes carios >> fiktif komo deui bohong mah. Hapunten si kuring sanes teu resep kana >> dongeng aheng sapertos anu kaalaman ku Akang tapi si kuring mah keur >> dibebas tugaskeun sugan? malah hayangna ngabetem baelah. >> Sakali deui hapunten baraya...! >> >> Mangga lajeng dongeng ahengna anu kaalam ku salira teh Kang, ku margi >> si kuring mah yakin pisan ayana jeung deuih pan aya pamundut ti Kang >> Nasir perkawis metafik sunda. Kang Nasir, naon-naon anu kaalam ku Kang >> Uking aya oge urang sunda sanesna anu ngalaman mung rada jarang sareng >> henteu terexpose, seueur faktor kunaon hal ieu henteu dipublis, duka >> ka payun mah. Anu ka alaman ku Kang Uking pangemut sim kuring mah >> kalebet inti spritual/metafisik kasundaan, benten pisan sareng >> kakuatan magis sapertos anu sering dipidang dina hiburan, sulap, debus >> jrrd. >> >> Mangga lajengkeun cariosna Kang Uking, si kuring ngiring >> ngaregepkeun...... >> >> Wassalam, >> dudi_ss >> >> >> ----- Original Message ----- >> From: Asep Dedi Suhendra >> To: [email protected] >> Sent: Wednesday, February 23, 2005 1:48 PM >> Subject: [kisunda] Naha Enya, lamun Paeh Masih bisa pakait jeung >> Kahirupan. Di dunya...... >>> >>> Sampurasuuuun Baraya..., >> >> Ngobrolkeun perkawis Paeh atanapi Maot tea, Sim kuring janten emut >> kana pangalaman sim kuring anu tiasa disebutkeun aheng, mahiwal >> atanapi naon bae ..., >> >> Jajauheun Sim kuring tingawitan sakola SD dugi Ka Kuliah, pernah >> neuleuman kahirupan alam anu geus maraot tug nepi ka ngalaman >> papanggih jeung anu tos Tilar. >> >> I. Dina hiji waktu pun Biang katalatahan ngaliwatan ngimpi dina >> hiji peuting, yen anu namina Eyang Jayaperkosa dongkap kana ngimpi >> anu maksudnamah ngalayad ka incu putuna cenah, bari jeung hayang >> ngajak ngobrol bae cenah.., eta obrolan teh di tungtungan ku >> pamenta, hayang dilongokan sarakannana...ku incu putu, naha ari >> batur juljol pada manggihan ari turunan sorangan tara aya anu >> datang, sakitu obrolan pamungkas teh ti anjeuna...., >> >> ti poe kapoe, minggu kaminggu, bulan ka bulan, eta obrolan pamenta >> teh nyangsang dina pikiran anu nangtang lengkah pikeun ngudag >> jawaban. Anu antukna Sim kuring teh nekadkeun hate rek manggihan >> kasarakan Eyang Prabu Jaya Perkosa di Dayeuh Luhur Sumedang. >> >> Kira-kira pasosore kuring teh nepi ka nu dimaksud, malihanmah >> tatanya da rea jalma anu maksudna teuing bade naraon, haritateh >> tatanya naha dimana ari sarakan Eyang Jayaperkosa, atuh gening teu >> bireuk deui gening da tos pada terang, nya aya anu nuduhkeun bari >> nganteur pisan katempatna, duka sabaraha puluh cece anu dilengkahan >> da meni ngahegak haritateh, barang dugi teh parantos waktuna Magrib >> nya kuring nyubanan Magrib heula di tajug leutik, ti Magrib liwat >> isya, ti isya liwat tengah peuting, gening loba jalma anu keur >> tahlilan, aya oge anu maca yasin, rupa2 tingkah jalma haritateh,ari >> kuring mah ngalakukeun zikir bae bari ngagereneng jeroning ati menta >> pangampura ti Mantena bisi kuring kasasar jalan, teu aya niat anu >> lian, lamun enyamah kuring teh aya turunan ti dieu, nya hayang teh >> dipanggihkeun bae, hayang bisa ningali sabeuleugeunjeurna boh >> dedeganana atanapi rupana anu kasebat Eyang Jayaperkosa teh, tah anu >> kadua nya hayang ngobrol bae silaturahmi lamun benermah kuring aya >> turunan ti dieu. >> >> Kira-kira jam satengah dua leuwih saeutik, kuring teh masih >> ngalakukeun zikir, duka bakateuing kuhusu atawa kasibat atawa naon >> kasebutna rarasaan teh asa pindah ka alam sakulit bawang, nya dina >> danget harita pisan kuring teh bisa ningali dedeg adeg, kalawan >> rupana anu ngakukeun Jaya Perkosa tea, nya tidinya Anjeuna ngajak >> ngobrol jeung mamatahan ka Kuring,( nya Obrolanana mah moal di buka >> didieu bilih teu aya widi ti anjeuna)ngan anu pastimah kabeh >> kapanasaran kuring/paniatan kuring geus kajawab kabeh. >> >> II). Kuring dibejaan ku nu jadi Bapa, yen kuring teh aya reh rehan >> ti Garut oge, dugi ka ku kuring di udag naha bener henteuna. Nya aya >> hiji sepuh kabeneran rayina pun uyut KI Asmita(ayeuna tos almarhum) >> anu ngabukakeun lawang runtuyan ti sepuh-sepuh pun aki, nya dugi ka >> ngobrol perkawis maot tea...,anu antukna kuring nepi kana obrolan >> menta bukti lamun memang anu maot tiasa di ajak ngobrol, nya harita >> pisan di buktikeun, malihanmah Anjeuna miwarang tirakat supados >> tiasa nganjang ka alam kadua anu dadasarna tina Syahadat,tug dugi ka >> ayeuna si kuring mun aya karerepet sok ngangkir ngajak ngobrol pun >> aki sabada sholat tahajud sanaos di Florida, da kitu ikrarna gening >> saur rayina pu uyut oge yen luluhur karuhun si kuring bakal datang >> ngajaga ngajaring turunanana upama aya dina karerepet, duka dugi >> kasabara turunan tah.....cag sakieu bae heula dongeng >> pangalamanana..........Nyuhunkeun di hapunten bilih aya luhur bahe >> carekna, sanes bade ujug riya atanapi maksad anu teu uni, estuning >> hoyong ngabagi obrolan luang sareng pangalaman sabisa-bisa Ka Baraya >> kubasa kuring sorangan, etamah teu langkung bade percanten mangga, >> bade henteu oge mangga..., atuh sakirang-kirangna nya aya bahan >> pikeun obroleun sanajan ngaler ngidul.... he...he.. >> >> Kum Baraya.... >> >> >> Baktos >> >> >> Asep Oeking-FL >> >> >> >> >> [Non-text portions of this message have been removed] >> >> >> >> PENTING..! >> >> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. >> >> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi >> berupa pencabutan membership. >> >> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk >> selalu mengupdate antivirusnya. >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> >> >> >Please visit >http://www.silatbooks.com/ >http://www.silatpdusa.com/ >Please write >[EMAIL PROTECTED] >[EMAIL PROTECTED] > > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa >pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
