**********************************
Mugia nu sumejana diguarkeuning sim kuring , saestona samudaya
kalepatan tur kalaliannana taya lian ti jisim kuring nu bodo.
(mundut panangtayungan ku elmu-elmu  lan pangampura alloh tina
samudaya kabodoan lan kalalian jisim).

Bismillah, 

..... Kang Asep.... ulah salempang!.....ieu mah saukur neraskeun nu
parantos aya ti ditu mulana (da kuring mah teu boga)..... rehna,
mahluk alloh nu satemenna dijabarankeun di  al-quran sareng hadits teh
tayalian ti manusa, malaikat, jin, sato sareng tutuwuhan..... dupi
langkung dititenan mah, panginten  ... arasy, lauhul mahfuz, kursi,
kalam  teh mahluk alloh ningan! (sumangga panglereskeun kanu parantos
nungkulan kana perkawis ieu)

Bawiraos ti eta.... numutkeun hadist sareng sababarah pedaran ti ahli
hikam (nu moal kapanggih tungtungna keur piudageun jeung pitampananeun
si kuring iwal ti ngarasa cukup jeung sukur), kacarioskeun yen henteu
sakedik makluk alloh nu (masih) dihijiban ku mantena pikeun manusa.
Boroning manusa!, jin bae pikeun manusa mah mahluk nu halus (goib),
ningan kungsi teu nyaho dina waktu pamustungan hirupna kanjeng nabi
sulaeman!........ walhasil... urang mah salaku manusa henteu dicaram
pikeun ngalalanyahan  pasualan kagoiban/ mahluk alloh nu lianna, tapi
montong salah!.... urang teh kapan saukur diidinan sakeclak bae ti
sagara elmu alloh nu sumebar di sagala alam (dimensi).

Sim Kuring mah!.... teu acan mibanda kawantunan pikeun
ngabejerbeaskeun ngalangkung surah-surah tina alquran sumawona hadist
(can wani kuring mah!, da can bisa ngalaksanakeun prak-prakan dina
kahirupan, insya alloh ke isuk pageto sugan/ kudu bisa dina lumakuna),
nu kapihatur ieu mah saukur nyoko tina pamahaman nu sempet sim kuring
maos tina al-qur'an sinareng hadist.
Saenyana, sadayana teh kapan parantos aya pinangtuna ti gusti alloh!,
( ......  pikeun contoh keur sim kuring ieu mah, siga kieu :
".....ajengan nu ieu ahli al-qur'an jeung hadist, ajengan nu eta ahli
al-qur'an jeung fiqh.... duanana sarua ahli al-qur'an tapi
sewang-sewang geus dibere kaleuwihan ku/ti  alloh. Sarua urang ge
kitu!,...... cenah na teh kembar budakna si bapak anu teh, tapi naha
nu hiji mah pangabisana teh nembang nu hiji deui dagang....saenyana
mun di hijikeun pangabisa nu duaan teh bakal bisa ngaronjatkeun
kahirupan maranehna, malahan sabudeureunana.")

Panginten satemenna sami nu parantos karandapan ku Kang Asep ..... 
(Ieu mah panggeuing keur kuring : .... "....mun andika satemena
dititipan elmu alloh pikeun ngabuka hijab jeung mahluk alloh nu
lianna... boh eta jin atawa nu kamaklumman...... mudu ditarimakeun
kalayan sukur jeung  umawana dina jalan alloh. Eta teh pangasih alloh
nu teu/ moal diberekeun ka unggal jelema.....omat lain jelema pilihan,
tapi geus kudu kitu, da aya kurang aya leuwih kabehna oge.... )

(sabener na mah ti babaraha taun kasangtukangeun, mun papanggih jeung
jelema nu boga pangabisa ningali bangsa jin (mahluk goib).... si
kuring mah sok ditannya... ari maneh boga naon??? .... aya deui kieu
... saha eta aki-aki teh??..... atawa.... maneh mah teu kudu dibere
elmu da geus aya nu ngaping!! (har!!... siga manehna nu boga elmu,
padahalmah alloh nu boga elmu mah, urang mah saukur manggihan,
hihhh!). Kuring mah teu pati malire ka maranehanana teh, da salian
nganiley manehna teh masih ngarora keneh (tapi geus bisa ngabuka hijab
jeung nu goib-....cenah na mah!! da kuring mah teu bisa), kuringna oge
teu pati boga rasa hayang nyaho.)
Pangalaman cuti sim kuring kapengker .... .. salah sawios sepuh
ngauningakeun ka sim kuring yen ... " maneh mah Adi (da sok di
Adi-keun di kulawarga mah) aya nu maturan nyaeta ....(-bippp--
disensor ah.. hehehe).... , ieu teh salah saurang karuhun didinya nu
dibere kakuasaan ku alloh pikeun ngageuingkeun/ memener jelema-jelema
pikeun aya dina jalan alloh, beja na ka kuring (sesepuh-red) mah, dari
pada ka batur ngangeuingkeun teh mendingan ka katurunan
sorangan!....".... teras bae Kang Asep, ku sim kuring teh ditaros:
"Eta teh jin atanapi mahluk naon Uwa (da nga-uwa keun sim kuring)?".
Walonna : "Lain, lain jin ...  eta mah manusa, tapi teu dikurungan
(awak kasar)  siga urang!, memang .... aya oge nu sok mimilu teh siga
Korin, tapi eta mah lain".  Deug teh, aya ku hemeng sim kuring harita,
tapi teras inyana teh nyarios deui : ,"Tong pati dipalire ayeuna mah,
keun bae kumaha jalan kahareupna ... da ke oge mun geus diijinamah
bakal bisa papada wawuh jeung narimakeun!, .... ayeuna mah jung
lumpatkeun hate teh ka alloh kaanjeuna urang mah mundut sagalana oge,
da kabeh ge mahluk alloh, kudu yakin eta teh."

Tina panglawungan kuring sareng sepuh teh, ras bae kuring teh
netegkeun dina hate, panginten siga urang percanten pun biang/ rama,
aranjeuna oge mahluk alloh, dupi tea panggeuingna sae, sajalan sareng
ajaran tina al-qur'an lan hadist... nya prung bae urang teh atuh kedah
nedunan.Tapi upami awon, wayahna bae panginten urang teh kedah gumaduh
pamadegan sewang-sewangan nu nyoko kana al-qur'an sareng hadist, sanes
urang teh bakal "sosoranganan" di poe balitungan ke jaga.

Kang Asep...  nu karandapan akang teh ku simkuring oge kitu, tapi sim
kuring mah bae eta aya nu ngaping oge, tetep bae upami aya masalah nu
nuju ngagulung teras eta mahluk teh sok masihan jalan/ panggeuing sim
kuring mah tara tog mol, tapi sok tumaros kapayuna heulaanan kanu
langkung luhung dina elmuna nu sumawonan kana al-qur'an sareng hadist
mah nu utami.... (eta mah mahluk alloh oge... boh dina enyana jin
atanapi mahluk nu urang teu acan maklum...... ku kituna nya papada
ngahargian ka maranehannana, muhun ngahargaan sabage mahluk alloh)

...prug.. ah Kang....sumangga lajengkeun.. !!!!!

".... pun.. tabe ..... tiluhur sausap rambut, tihandap sausap dampal
neda sihapunten, iwal ti alloh samudaya kaleresan"


Tansah, 

-pun  adi-
***********************

On Thu, 24 Feb 2005 06:15:53 -0000, Asep Dedi Suhendra
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> 
> Bawarasa simkuring, aya hiji patarosan nu jadi konci ngeunaan hal
> ieu.
> > Naon nu tiasa ngayakinkeun urang atanapi nu ngalamanana yen nu
> > nepungan teh sabener-benerna jenat? Kumaha mun sabangsaning mahluk
> > goib/lelembut sejenna?
> >nu loba pangabutuhna.
> > Kumaha atuh?
> >
> >
> >Haturan Kang Kumincir...,Damang Kang..,
> 
> Tah eta pisan kang anu paling di pika sieun teh kanggo ka sababaraha
> jalma, sok bilih anu datang teh syetan atanapi jin.
> 
> Tah dina ieu perkara kuring kantos naroskeun langsung ka pun Aki
> (jenat) sareng KyaiOmo(Sesepuh gaduh kaluhungan ti Wali)  , Saurna
> lamun anjeun tacan boga wadah anu bener2 kuat pikeun perkara ieu
> moal samata-mata hate maneh bisa ngabedakeun anu mana eta
> owah/setan, Jin jeung sajabana, estuning jalma hirupmah masih keneh
> diancikan rasa panon bathin sareng masih deuheus jeung Mantena,
> sirah jeung beuhung masih keneh aya jarakna, Manusa hirup Jeung
> Mantena geus teu bisa diukur ku deuheusna, beda deui jeung anu tos
> maot. Tah Kukituna upami hoyong bisa ngabedakeun saha anu datang
> kudu tiasa heula neuleuman ieu kalungguhan.....,tah mangga Kang
> kumincir urang sami2 milari kalungguhan ieu ...seueur pisan rahasia
> kahirupan anu teu acan tiasa kahontal ku jalma sapertos kuring.
> 
> Hampura Kang..., bilih aya cariosan anu teu sapagodos
> 
> Baktos
> 
> Asep Oeking-FL
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
> pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke