Kadang wargi,
Kahatur dasar pamikiran pribados anu aya pakuat pakaitna sareng eusi anu aya
dina power point. Upami kedah dipedar mah tangtos panjang. Ieu mah id� dasarna
wa�.
PANGANTEUR KA NU REK GUNEM CATUR
(Ku naon bet kudu ngayakeun keurseus)
Ku: Ganjar Kurnia
Kakuatan gaib naon anu ngumpulkeun urang-urang di ieu patempatan?. Kakuatan
gaib naon anu nganteurkeun urang-urang sok padungdengan ngeunaan Kasundaan di
lebak caw�n�?. Ku naon ngan urang-urang, padahal aya mangpuluh yuta jalma anu
dina dirina ngagolontor getih Sunda, sabab janggawar�ng, bao, uyut, nini, aki,
ema, bapana katitisan getih Sunda. Tapi ku naon, batur-batur, dulur � dulur
anu mang puluh-puluh yuta anu og� getihna Sunda, naha siga anu teu engeuh siga
urang-urang ka s�k�s�l�r anu disebut Sunda?; kana sarakan anu disebut Sunda?;
kana kahariwang y�n dina hiji mangsa dina buku sajarah aya tulisan anu
nyebutkeun: �kacaturkeun di wewengkon anu kiwari disebut Jawa Barat, kungsi
aya hiji s�k�s�l�r anu ngarana Sunda anu kiwari tos teu aya dikieuna, sabab
anggota s�k�s�l�rna sorangan teu ngarop�a warisan karuhuna ...........�
Kanyaah, kahariwang ka Ki Sunda nyangkarukna dina hat�, horeng datangna t�h
acak. Teu kab�h anu mibanda getih Sunda ngarasa kagero ku kasundaan. Bisa jadi
datangna t�h kusabab ema jeung bapa kungsi ngajiadkeun roh kasundaan kana
embun-embunan urang; tapi naha sakab�h ema jeung bapa ngajiad kitu ka para
putrana?. Rada hariwang, utamana ke ema jeung bapa entragan anyar (utamana og�)
anu hirup di pakotaan, bakal og� ngaheboskeun �ta roh ka anak-anakna, da dalah
maran�hanana og� biheung kungsi dih�bos Kasundaan ku ema �bapana baheula,
atawa maran�hna mah mibanda pamikiran s�j�n ngeunaan hirupna.
Lamun teu kungsi aya anu ngajiadkeun �ta roh, tong nganaha-naha lamun loba
urang Sunda teu ngarasa mibanda Ki Sunda, teu mikanyaah ka rahayatna, teu
ngamumul� paku sarakanana. Maran�hna m�mang hapa rasa Sunda. Sunda anu aya dina
dirina ngan saukur binih anu teu kungsi digemuk, teu kungsi dipiara.
Sakapeung sok pikaseurieun atawa bisa jadi pika�raeun, meh unggal r�k
pamilihan umum atawa r�k milih menteri, urang Sunda sok kawas budak anu ceurik
roro�san hayang boga calon getih Sunda. Naha lamun getihna Sunda geus pasti
nyaaheun ka Ki Sunda?. Sakali deui, tong loba ngaharep, iwal ti lamun urang
kungsi ngajiad rasa kasundaan kana diri-diri maran�hna; Malahan dina kungsina
og� dijariad, can tangtu aya hasilna � sabab � bakal gumantung og� ka
pribadi-pribadina. Tapi urang teu dosa teuing, ngaharepkeun budak bisa gelut
bari jeung geus kungsi diajar jurus.
Kukituna l�ngkah praktis anu ku urang kudu dilakukeun ayeuna, nya�ta ngajiad
saloba-lobana urang Sunda (mak� wangunan keurseus), utamana urang Sunda anu
mibanda posisi penting dina nangtukeun kaputusan sangkan teu harapa budaya.
Lamun hal ieu ku urang geus dilaksanakeun, paling henteu urang bisa neundeun
harepan, y�n maran�hna anu kungsi meunang bekel ngeunaan kasundaan saeutikna
bakal wanoh anu tungtungna nyaah ka Ki Sunda. Kapan ayeuna mah, urang t�h
ngan loba ngaharep bari jeung teu kungsi m�r� bekel nanaon.
Cindekna, aj�n-inaj�n kasundaan geus teu bisa ditepikeun kalawan ngandelkeun
lembaga ema-bapa, anu sipatna acak t�a. Sagalana kudu dilakukeun kalawan
struktur jeung m�toda anu jelas.
Lamun hal �ta bisa dilaksanakeun, bad� ngimpi boga kahayang ayana urang Sunda
anu mibanda tanggung jawab ka Ki Sunda sacara gembleng, mangga!
Ganjar Kurnia
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/